Dulur, mun urang rajin maca jeung netelakeun kitab su al-Qur'an, pastina urang
baris manggih loba ayat anu patula patali jeung alam sakurilingna. Di jero al
Qur'an, ayat kahiji anu diturunkeun nyaeta masalah palajaran "maca". Ragem ahli
tafsir anu ngajentrekeun yen maca didieu saestuna lain sakadar maca buku. Baris
tikitu ngandung harti anu leuwih luas nyaeta maca "alam sakurilingna".
Pikeun maca alam urang merlukeun alat bantu nyaeta Elmu Panganyaho jeung
Teknologi. Elmu Panganyaho jeung Teknologi eta sorangan mangrupakeun hasil
usaha manusa dina raraga ngahareupan kahirupan di alam dunya. Salah sahiji
hasil jieunan manusa, tinangtu Elmu Panganyaho jeung Teknologi bisa mere
manfaat ka manusia jeung alam sakurilingna, oge bisa ngadatangkeun mudarotna.
Elmu Panganyaho jeung Teknologi ieu anu mangrupakeun olahan hasil organ manusia
anu gede gunana, nyaeta akal.
Allah Swt. geus mere alat anu mujarab (ampuh) ka manusia nyaeta akal, hal ieu
kudu dibarengan ku hate nurani. Mun ieu akal henteu baris diimbangan ku hate
nurani anu engkena dieunteungkeun tina etika kahirupan, kakuatan akal eta baris
ngadatangkeun kabinasaan di alam dunya. Sabab akal manusia sok neangan jeung
ningkatkeun anu disebut efektif jeung efisien tea. Hal ieu mun henteu
ngagunakeun hate nurani, henteu jarang manusia tina ngusahakeun sok neangan anu
efektif jeung efisien baris ngabinasakeun manusa sejen.
Contoh anu simpel tina ngarojong kahirupan anu efektif jeung efisieun tina
lingkungan katanagakerjaan, loba instansi boh instansi pamarentah atawa swasta
anu ngagunakeun pagawena make sistem outsourcing. Salain eta ngirimkeun tanaga
pagawe awewe (TKW) ka luar nagari, anu ceunah ngadatangkeun devisa milyaran
dollars anu mana kasajahteraan jeung kamanan TKW jarang pisan diperhatikeun.
Memang efektif jeung efisieun tina sagala resiko jeung urusan katanagakerjaan,
anu penting hasil anu bakal diraup gede jeung gede. Ieu anu henteu sacara
langsung pihak buruh geus diperlakukeun henteu adil. Ieu sarua ngagawekeun
jelema baris henteu dibarengan ku hate nurani.
Ruseb aing ningali kahirupan pamarentah kiwari!!!