Teu Banten teu Indonesia, sarua papada dikawasa ku Mafia.
ngiluan jadi penjahat wae kitu he..he..he..
Kadek siah ku aing !!!
On 10/24/2011 02:48 PM, Gunawan Yusuf wrote:
ulah ri, dalah mikir banten doang oge acak kadut
2011/10/24 Sp Saprudin <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Dulur, mun urang rajin maca jeung netelakeun kitab su al-Qur'an,
pastina urang baris manggih loba ayat anu patula patali jeung alam
sakurilingna. Di jero al Qur'an, ayat kahiji anu diturunkeun
nyaeta masalah palajaran "maca". Ragem ahli tafsir anu
ngajentrekeun yen maca didieu saestuna lain sakadar maca buku.
Baris tikitu ngandung harti anu leuwih luas nyaeta maca "alam
sakurilingna".
Pikeun maca alam urang merlukeun alat bantu nyaeta Elmu Panganyaho
jeung Teknologi. Elmu Panganyaho jeung Teknologi eta sorangan
mangrupakeun hasil usaha manusa dina raraga ngahareupan kahirupan
di alam dunya. Salah sahiji hasil jieunan manusa, tinangtu Elmu
Panganyaho jeung Teknologi bisa mere manfaat ka manusia jeung alam
sakurilingna, oge bisa ngadatangkeun mudarotna. Elmu Panganyaho
jeung Teknologi ieu anu mangrupakeun olahan hasil organ manusia
anu gede gunana, nyaeta akal.
Allah Swt. geus mere alat anu mujarab (ampuh) ka manusia nyaeta
akal, hal ieu kudu dibarengan ku hate nurani. Mun ieu akal henteu
baris diimbangan ku hate nurani anu engkena dieunteungkeun tina
etika kahirupan, kakuatan akal eta baris ngadatangkeun kabinasaan
di alam dunya. Sabab akal manusia sok neangan jeung ningkatkeun
anu disebut efektif jeung efisien tea. Hal ieu mun henteu
ngagunakeun hate nurani, henteu jarang manusia tina ngusahakeun
sok neangan anu efektif jeung efisien baris ngabinasakeun manusa
sejen.
Contoh anu simpel tina ngarojong kahirupan anu efektif jeung
efisieun tina lingkungan katanagakerjaan, loba instansi boh
instansi pamarentah atawa swasta anu ngagunakeun pagawena make
sistem outsourcing. Salain eta ngirimkeun tanaga pagawe awewe
(TKW) ka luar nagari, anu ceunah ngadatangkeun devisa milyaran
dollars anu mana kasajahteraan jeung kamanan TKW jarang pisan
diperhatikeun. Memang efektif jeung efisieun tina sagala resiko
jeung urusan katanagakerjaan, anu penting hasil anu bakal diraup
gede jeung gede. Ieu anu henteu sacara langsung pihak buruh geus
diperlakukeun henteu adil. Ieu sarua ngagawekeun jelema baris
henteu dibarengan ku hate nurani.
Ruseb aing ningali kahirupan pamarentah kiwari!!!