---------- Forwarded message ---------- From: Suarsa, Roni <[email protected]> Date: 2011/11/14 Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad? To: "[email protected]" <[email protected]>
Panuju pisan Ki Hasan, da enya atuh konsep jihad sacara globalmah nya kitu pisan pipetaeunana, ngan ceuk kuring nu taya elmu panimu mah nyaeta jihad ngarupakeun makna furu’iyyah anu dina prak na nya kumaha ceuk nu deuk ngagawean jeung nyanghareupanana. Lir ibarat hiji merek produk nu dijerona ceuyah ku nu ngurus sasuai bagean-bagean masing2 eta tapi tetep sanajan beda urusanana maranehna ulukutek ngamuara dina hiji merek produk eta.**** Perkara jihad, sok aneh deuih mun kuring ngolongan translation dina basa inggris, dina sababaraha rumpaka siga nu sapuk ngartikeun jihad eta sebage “holy war” nu mun sagawayah mah nya kitu tea, perang (dina harti perang fisik) suci nu konsekuensina melaan nanaon nu ngabalukarkeun meunang jeung eleh sa igel jeung paeh jeung hidup.**** ** ** Padahal pan sidik, jihad sorangan datangna ti basa Arab (ngawakilan Islamna), nya nu ngarti makna na nya maranehna nu ngarti arab jeung tafsiranana. Holy war, aya terusna naha war against nanahaon heula, timimiti merangan nafsu, merangan kamaksiyyatan, gawe ngipayahan dunya nu soson-soson dugika bumela kana agamana ku pati, eta sakabeh karangkum ku kecap jihad . **** Lamun enya aya perang melaan agama, ulah waka di cap barbar, lenyepan heula naon pasalna, ieumah conto, misalna merangan jalma nu ngahina rasul cara nu kajadian kamari2 di Denmark, nga-konter celeweungna si Greet Wilders ti Walanda tea, tah pamisalan nu kararieu mah kheseus, asa ku tega we ngaku2 urang islam tapi dijejeleh dipepehek ditincak make jeung ngadon ungut-ungutan siga ki Ardasim, merangan didieu kudu nincak hambalan, lain make sniper atawa langsung ngabeledug gelap ngampar, aya tahap-tahapna.**** Dina perkara lian, jihad nu can puguh alang ujur na, nepika dor dar ngaboman daerah nu aman, nya palebah dieu mah teu apal, sanajan motip nu dicerewelekeun jeung dalil tapi ari teu asup akal mah nya keur sakuringeun lain picontoeun nu kitumah.**** ** ** Metakeun jihad dina harti global tea, Islam nya lain kahirupan nu tinggaleun, justeru (lain dina harti neang ‘pembenaran’ kusabab kuring muslim), numutkeun rukun jeung fiqih na mah siga patojaiyah na antara UUD’45 jeung kanyataan sapopoe kaayeunakeun di urang.**** Kitu deui Islam, salian ti jamanna rasulullah dugika khulafaurrasyidin apan sakitu nyongcolangna, kunaon bet ngadon pareum katompernakeun, ku tumpurna Turki Utsmani tea, ciciren aya nanaon dina satiap hulu hulu pamingpin Islam harita, balukarna nya sabatae wangunan beuki koropok nu teu lila deui pinasti (hukum alam) bakal salin jinis ku saha bae nu leuwih wedel dina wangunanana, teu paduli si bener atawa si salah nu penting kuat weh. **** ** ** Naha hulu-hulu pamingpin “Islam” bet jadi goreng? Nya sakali deui, eta lain kusabab Islamna, tapi jalma-jalma nu ngagemna, teu apal aplikasi linear antara ajaran jeung gawe na nepikeun ka (tah nu ieu ku kuring mun ngomongmah diceleweungkeun bari tutunjuk kana tangkal nangka hehehehe) maranehna nu kapangaruhan ku peta jeung budaya saluareun Islam alias karacunan mode jeung metode non Islam anu sacara aturan (syar’i) sok patojaiyah jeung aturan Islam sorangan. Misalna, kamari aya postingan ti Mang Kabayan ngeunaan naha urang Indonengsya ceuyah ku nu korup, ceunah apan budaya eta dimimitian ti mahabu na korupsi jaman VOC nu dilakukeun ku menir2 bule, nu antukna nurun ka urang-urang, wallahu a’lamu, beh dieu omat pisan ulah ngahukum jalma pasakitan korupsi tina konteks agama, nya? Hehehe… **** ** ** Saeutik deui Ki, ngeunaan Ahmadiyyah, eta ceuk kuring salah sakian tina jihad oge… sing saha melaan Ahmadiyyah dina sisi Ahmadiyyah na nya wayahna nepi kana jihad nu panungtung (nyaeta getih bahe tea sanajan tetep aya tahap-tahapna), tapi mun melaan Ahmadiyyah tina sisi jalma na (HAM ku jalma na) nya keun urang diskusikeun, kacuali mun Ahmadiyyah teu ngaku2 bagean tina Islam, nya mangga teh teuing, deuk dakwah nyebarkeun oge asal ulah ngaku bahagean tina Islam.**** ** ** Sakitu kapihatur, hapunten samudaya kalepatan. **** ** ** Baktos, **** ** ** ** ** ** ** ** ** ------------------------------ RONI RA SUARSA** OPERATOR, YEP PP WET END Saudi Yanbu Petrochemical Company A SABIC Affiliate Yanbu Industrial City 41912 Saudi Arabia T +966 (4) 321 4276-4276 F E [email protected] *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On Behalf Of *Ki Hasan *Sent:* Sunday, November 13, 2011 5:18 AM *To:* [email protected] *Cc:* Ki Sunda; Urang Sunda *Subject:* [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad?**** ** ** **** Lain Kang euy, dipikir-pikir, mun wae urang Islam nyurahan konsep jihad dina harti gawe soson-soson dina naon wae konteksna, kuduna urang Islam geus nyongcolang dina sagala widang kahirupan, jeung meureun teu kudu era peupeureudeuyan ngaku-ngaku khalifah di jagat raya ieu. Kitu deui teu kudu era ngaku-ngaku umat panghadena sakolong langit. Geura sok we pikir, apan unggal poe geus digiring dititah bisa ngatur waktu ku jalan parentah sholat lima waktu. Geus biasa sare telat, lilir peuting, hudang rebun-rebun keneh. Mun wae eta konsep ngatur waktu nu sakitu hadena teh, dipraktekeun keur ngulik pangaweruh, ngokolakeun usaha sangkan leuwih maju. Beu tada teuing pisakumahaeun edunna euy!**** ** ** 2011/11/12 Remi <[email protected]>**** > bahwa ada banyak jalan untuk menjadi Muslim. Syahadat itu ibarat sebuah > tali yang menyatukan > biji-biji tasbih. Semuanya tergabung menjadi satu dengan tali itu. Meskipun > warnanya berbeda > satu sama lain, biji-biji itu tetap merupakan satu kesatuan. >**** Nuhun postingan na Kang! Genah maca na. Komo maca kalimat anu di luhur mah. Mudah2an jadi obor keur urang KABEH. Nymbung jeung kalimah di luhur, makana asa TEU payus mun hiji kelompok anu ngaku muslim make kumawani NGANGGAP kelompok sejen na sesat. Komo make kumawani NGAHALALKEUN getih umat islam sejen na. Dina kasus A(du)hmadiyah, kuring konsisten rek MELAAN urang AHmadiyah, kuring konsisten rek nyebut jelema (muslim) nu barangasan ngajejeleh jeung ngagunasika kelompok Ahmadiyah (atawa kelompok mana wae oge!) sabage jelema anu TEU nyaho lilinggeran. Maca argumen di luhur perkara istilah jihad tea, bet nyeples jeung cara bapa kuring baheula ngahartikeun eta istilah!:))**** ** ** **** ------------------------------ * This e-mail and any attachments are for authorized use by the intended recipient(s) only. They may contain proprietary material or confidential information and/or be subject to legal privilege. They should not be copied, disclosed to, or used by any other party. If you have reason to believe that you are not one of the intended recipients of this e-mail, please notify the sender immediately by reply e-mail and immediately delete this e-mail and any of its attachments. Thank you. *
<<image002.jpg>>
<<image001.jpg>>
