---------- Forwarded message ----------
From: Suarsa, Roni <[email protected]>
Date: 2011/11/15
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad?
To: oman abdurahman <[email protected]>
>Lian ti eta, peran atikan oge kacida gedena. Geus sakuduna,
ajaran-ajaran agama teh ngegegedekeun akhlak tinimbang fikih, upamana.
Atawa, anu >disebut di luhur tea, ngebrehkeun yen dimensi sosial teh eta
leuwih gede - leuwih kudu diheulakeun - tinimbang dimensi-dimensi lainna.***
*
** **
** **
Punten pisan pa Oman ngarewong deui, surelek na heseus da teu kajangkow ku
sakadang yahoo..****
Simkuring mun teu lepat ngamaknakeun seratan pa Oman, sakuduna ajaran
akhlaq langkung ageung tinimang fiqih, enya da ieumah sami-sami
sabulangbentor susuganan mah. Ari ceuk Simkuring, dina inyana akhlaq
langkung pinunjul, ari perkawis ajaran-ajaran mah nya sakedahna sadedeg
sarimbag antara akhlaq sareng fiqih teh, ulah nu hiji ngunggulan nu sejen,
akhlaq ngunggulan fiqih panginten kalebet jalma nu someah tapi tuna elmu,
fiqih ngunggulan akhlaq nya panginten ieu tea nu nuju dibahas teh,
barangasan. ****
** **
Pami saimbangmah, dimensi sosial tos puguh karawel, oge dimensi spiritual
na nya jucung teu tulag tolog, teu siga meri nu digiring kaditu kadieu bari
teu apal alang ujurna bade dikumahakeun. ****
Nya ku alatan ieu, pangajaran2 oge panungtungan make falsapah nu sapertos
kieu, ngajar ku someah tur kebek ku elmu …****
** **
Kitu tah haturan,****
Wilujeng boboran haji…****
** **
------------------------------
RONI RA SUARSA**
OPERATOR, YEP PP WET END
Saudi Yanbu Petrochemical Company
A SABIC Affiliate
Yanbu Industrial City 41912
Saudi Arabia
T +966 (4) 321 4276-4276
F
E [email protected]
*From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
Behalf Of *oman abdurahman
*Sent:* Monday, November 14, 2011 1:50 AM
*To:* [email protected]
*Subject:* Re: [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad?****
** **
****
Sabenerna naon anu ditepikeun ku MH keur sababaraha golongan mah geus
dipraktekeun. Upamana wae, di kelompok-kelompok pangajian kampus, ti
sainget kuring ancrub harita, geus narjamahkeun "jihad" teh sakumaha anu ku
MH dituturkeun. Sababaraha kelompok mahasiswa - malah nepi ka lulus terus
ancrub di masyarakat - oge geus mraktekeun konsep "jihad" dina kahirupan
sapopoe dina harti bajoang pikeun ngaronjatkeun kualitas kahirupan dina
sagala widang, lain "jihad" dina hati anu heureut merangan batur "anu
salah" jeung ngagegedekeun golongan sorangan "anu bener". Ngan nyaeta, efek
tina nyalahgunakeun harti jihad aweuhanana leuwih bedas, leuwih minuhan
obrolan sapopoe.
Ti patengahan dasawarsa 80-an - harita oge dina raraga "counter talk" kana
istilah "komando jihad - geus diwacanakeun perluna umat Islam reorientasi
kana dimensi sosial salaku dimensi panggedena Islam ngelehkeun 4 dimensi
lainna dina kaberagamaan (dimensi ideologikal, dimensi ritual, dimensi
intelektual jeung dimensi mistikal). Harita oge di kampus-kampus oge di
pangajian-pangajian, geus mindeng ditepikeun yen "jihad" anu pangbadagna
teh nyaeta merangan hawa nafsu. Pon kitu deui, di padesaan atawa
pilmeburan, anu umumna NU, katangen ku si kuring mah masih tetep aya dina
kendali para kiai jeung ajenganana, anu ngajalankeun Islam berwawasan
sosial tea; Islam anu ngutamakeun karukunan hirup bermasyarakat. Ngan
nyakitu, dampak tina kajadian anu diakibatkeun ku pemahaman "jihad" anu
kacida heureutna (sempit: gampang ngahukuman anu lian) ngelehkeun
kanyataan-kanyataan di luhur.
Ieu pemahaman "jihad" anu jadi noda keur sakabeh umat Islam (inget paribasa
dina basa Indonesia: 'Karena setitik noda, rusak susu sebelanga", teh ceuk
si kuring mah ayana ukur di sakelompok leutik wae anu ngaku umat Islam.
Marenahanana anu eksklusif teh berpandangan heureut dina kahirupan ieu,
alias ningal hirup teh hideung jeung bodas wae; atawa "salah" jeung "bener"
wae; atawa "surga" jeung "naraka" wae. Anu mana, lamun teu sarua jeung
pamadegan kelompokna nya "salah" atawa "naraka" jeung wajib ditumpes di
dunya keneh. Tugas urang anu bisa dilaksanakeun ku sarerea nya taya lian ti
ngahirupkeun deui kawaspadaan lingkungan masing-masing ngaliwatan
lingkungan rumah tangga, karang taruna, RT/RW, jst, nengetan lamun aya
pendapat, gerakan, jeung upaya-upaya anu radikal, kudu buru-buru
dilaporkeun, malah lamun bisa dicegah ku cara da'wah bil hasanah tea.
Lian ti eta, peran atikan oge kacida gedena. Geus sakuduna, ajaran-ajaran
agama teh ngegegedekeun akhlak tinimbang fikih, upamana. Atawa, anu disebut
di luhur tea, ngebrehkeun yen dimensi sosial teh eta leuwih gede - leuwih
kudu diheulakeun - tinimbang dimensi-dimensi lainna. Nya tangtu wae, anu
sejenna, anu matak ngagedurkeun "nafsu jihad" ti eta kelompok ekslusif kudu
dikurangan, nyaeta: beda sosial (B.Ind: kesenjangan sosial) anu lebar di
masyarakat kudu terus dikurangan.
manar
****
2011/11/13 <[email protected]>****
****
Reflektif pisan. Memang sakedahna urang Islam teh kedah janten "all the
best" dina sagala widang. Akhlakna, prestasina, ide-idena, ibadah sosialna.
Tah, dina perkara ieu sigana kecap JIHAD tiasa diterapkeun.****
Baktos,
Mrachmatrawyani ****
Powered by Telkomsel BlackBerry®****
------------------------------
*From: *Ki Hasan <[email protected]> ****
*Sender: *[email protected] ****
*Date: *Sun, 13 Nov 2011 10:18:20 +0800****
*To: *<[email protected]>****
*ReplyTo: *[email protected] ****
*Cc: *Ki Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
[email protected]>****
*Subject: *[Urang Sunda] Re: Basa - Jihad?****
** **
****
Lain Kang euy, dipikir-pikir, mun wae urang Islam nyurahan konsep jihad
dina harti gawe soson-soson dina naon wae konteksna, kuduna urang Islam
geus nyongcolang dina sagala widang kahirupan, jeung meureun teu kudu era
peupeureudeuyan ngaku-ngaku khalifah di jagat raya ieu. Kitu deui teu kudu
era ngaku-ngaku umat panghadena sakolong langit. Geura sok we pikir, apan
unggal poe geus digiring dititah bisa ngatur waktu ku jalan parentah sholat
lima waktu. Geus biasa sare telat, lilir peuting, hudang rebun-rebun keneh.
Mun wae eta konsep ngatur waktu nu sakitu hadena teh, dipraktekeun keur
ngulik pangaweruh, ngokolakeun usaha sangkan leuwih maju. Beu tada teuing
pisakumahaeun edunna euy!****
** **
2011/11/12 Remi <[email protected]>****
> bahwa ada banyak jalan untuk menjadi Muslim. Syahadat itu ibarat sebuah
> tali yang menyatukan
> biji-biji tasbih. Semuanya tergabung menjadi satu dengan tali itu.
Meskipun
> warnanya berbeda
> satu sama lain, biji-biji itu tetap merupakan satu kesatuan.
>****
Nuhun postingan na Kang! Genah maca na. Komo maca kalimat anu di luhur mah.
Mudah2an jadi obor keur urang KABEH.
Nymbung jeung kalimah di luhur, makana asa TEU payus mun hiji kelompok anu
ngaku muslim make kumawani NGANGGAP kelompok sejen na sesat. Komo make
kumawani NGAHALALKEUN getih umat islam sejen na. Dina kasus A(du)hmadiyah,
kuring konsisten rek MELAAN urang AHmadiyah, kuring konsisten rek nyebut
jelema (muslim) nu barangasan ngajejeleh jeung ngagunasika kelompok
Ahmadiyah (atawa kelompok mana wae oge!) sabage jelema anu TEU nyaho
lilinggeran.
Maca argumen di luhur perkara istilah jihad tea, bet nyeples jeung cara
bapa kuring baheula ngahartikeun eta istilah!:))****
<<[email protected]>>