Sakantenan tumaros kang Dimyati,
Saupami sagemblengna eta tina pendanaan luar nagreg, ieu hartosna disagedengeun aya nu dianjing cai teh oge netelakeun aya nanaon dimasyarakat urang patali kahirupan sapopoena nu palebah dieu mah sanes oge ninggang ka jalma “muslim”, tapi oge ka singsaha nu kahirupananan nuju kateken. Pihak penyandang dana gaduh kawasa dina nyetir aranjeunna nu penting kabiruyungan sagala nudipimaksad, urusan pulitik, ekonomi, persaingan sagalarupi dugika urusan hereuy, oge nyatut urusan ageman. Janten aranjeunna nu leres2 digencet ku urusan katugenah utamana ekonomi biasana ibarat minyak bengsin nu gampil pisan ka sulut seneu, beh dieu sakali deui teu ninggang di ummat muslim bae pan, cobi paluruh laratan saupami aranjeunna memang muslim tapi kalebet jalma jegud bru di mercy bro di BMW ngalayah ditengah tumpukan duit sapertosna sangeuk make jeung kudu “turun gunung” ngangkat pedang pleus AK mah. Nagara mayoritas muslim nu jegud mah aranglangka nu jadi seba ‘jihad’, nu aya ngadon jadi pupuhu jihad perang tea. Nagara muslim nu malarat, sok geuning kaayeunakeun meni siga taya suda na nga rilis warta teh. Nya kitu deui nagara non muslim nu balangsak mah geuning tik tik brek, eutik eutik ributt … sanes kitu kang? Baktos, From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ahmad Dimyati2 Sent: Monday, November 14, 2011 2:09 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad? Ngiringan ah, Di antara musabab kana leuwih bedasna propaganda makna jihad nu galak teh nyaeta kuatna pendanaan ieu gerakan dakwah nu dibantu ku awuran dana ti luar nagri. Oge golongan nu rajin propaganda teh mawa karakter pribadi jeung kelompok nu unik nu kalah kumaha ge mawa daya tarik sorangan pikeun khalayak nu lumayan bosen jeung kesel ku karakter kelompok sejen nu kitu-kitu keneh. Kampanye jihad nu galak teh dibawa ku kelompok individu nu leuwih capetang nyaritana, loba apalan ayat Quran jeung hadisna, leuwih rajin ka masjid, leuwih soson-soson neangan elmu agamana, leuwih konsisten kana ajaranana nu umumna harfiah sakumaha ujratna ayat Quran jeung hadis, jeung sajabana. Jadi lamun bahasa jihad nu leuwih someah hayang leuwih bedas jeung ngoncrang aweuhanana, individu jeung kelompok nu mibanda ieu tafsiran kudu leuwih soson-soson dina nerekabkeun ieu tafsir di masyarakat, bari leuwih loba mere conto dina ngalarapkeunana. Hayu urang jihad leuwih segut dina nanjeurkeun harti jihad nu bener, nu leuwih someah, nu leuwih mawa berekah jeung rahmah keur balarea. AD Sent from my iPad On Nov 14, 2011, at 5:50 AM, oman abdurahman <[email protected]> wrote: Sabenerna naon anu ditepikeun ku MH keur sababaraha golongan mah geus dipraktekeun. Upamana wae, di kelompok-kelompok pangajian kampus, ti sainget kuring ancrub harita, geus narjamahkeun "jihad" teh sakumaha anu ku MH dituturkeun. Sababaraha kelompok mahasiswa - malah nepi ka lulus terus ancrub di masyarakat - oge geus mraktekeun konsep "jihad" dina kahirupan sapopoe dina harti bajoang pikeun ngaronjatkeun kualitas kahirupan dina sagala widang, lain "jihad" dina hati anu heureut merangan batur "anu salah" jeung ngagegedekeun golongan sorangan "anu bener". Ngan nyaeta, efek tina nyalahgunakeun harti jihad aweuhanana leuwih bedas, leuwih minuhan obrolan sapopoe. Ti patengahan dasawarsa 80-an - harita oge dina raraga "counter talk" kana istilah "komando jihad - geus diwacanakeun perluna umat Islam reorientasi kana dimensi sosial salaku dimensi panggedena Islam ngelehkeun 4 dimensi lainna dina kaberagamaan (dimensi ideologikal, dimensi ritual, dimensi intelektual jeung dimensi mistikal). Harita oge di kampus-kampus oge di pangajian-pangajian, geus mindeng ditepikeun yen "jihad" anu pangbadagna teh nyaeta merangan hawa nafsu. Pon kitu deui, di padesaan atawa pilmeburan, anu umumna NU, katangen ku si kuring mah masih tetep aya dina kendali para kiai jeung ajenganana, anu ngajalankeun Islam berwawasan sosial tea; Islam anu ngutamakeun karukunan hirup bermasyarakat. Ngan nyakitu, dampak tina kajadian anu diakibatkeun ku pemahaman "jihad" anu kacida heureutna (sempit: gampang ngahukuman anu lian) ngelehkeun kanyataan-kanyataan di luhur. Ieu pemahaman "jihad" anu jadi noda keur sakabeh umat Islam (inget paribasa dina basa Indonesia: 'Karena setitik noda, rusak susu sebelanga", teh ceuk si kuring mah ayana ukur di sakelompok leutik wae anu ngaku umat Islam. Marenahanana anu eksklusif teh berpandangan heureut dina kahirupan ieu, alias ningal hirup teh hideung jeung bodas wae; atawa "salah" jeung "bener" wae; atawa "surga" jeung "naraka" wae. Anu mana, lamun teu sarua jeung pamadegan kelompokna nya "salah" atawa "naraka" jeung wajib ditumpes di dunya keneh. Tugas urang anu bisa dilaksanakeun ku sarerea nya taya lian ti ngahirupkeun deui kawaspadaan lingkungan masing-masing ngaliwatan lingkungan rumah tangga, karang taruna, RT/RW, jst, nengetan lamun aya pendapat, gerakan, jeung upaya-upaya anu radikal, kudu buru-buru dilaporkeun, malah lamun bisa dicegah ku cara da'wah bil hasanah tea. Lian ti eta, peran atikan oge kacida gedena. Geus sakuduna, ajaran-ajaran agama teh ngegegedekeun akhlak tinimbang fikih, upamana. Atawa, anu disebut di luhur tea, ngebrehkeun yen dimensi sosial teh eta leuwih gede - leuwih kudu diheulakeun - tinimbang dimensi-dimensi lainna. Nya tangtu wae, anu sejenna, anu matak ngagedurkeun "nafsu jihad" ti eta kelompok ekslusif kudu dikurangan, nyaeta: beda sosial (B.Ind: kesenjangan sosial) anu lebar di masyarakat kudu terus dikurangan. manar 2011/11/13 <[email protected]> Reflektif pisan. Memang sakedahna urang Islam teh kedah janten "all the best" dina sagala widang. Akhlakna, prestasina, ide-idena, ibadah sosialna. Tah, dina perkara ieu sigana kecap JIHAD tiasa diterapkeun. Baktos, Mrachmatrawyani Powered by Telkomsel BlackBerry® _____ From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 13 Nov 2011 10:18:20 +0800 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Cc: Ki Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: Basa - Jihad? Lain Kang euy, dipikir-pikir, mun wae urang Islam nyurahan konsep jihad dina harti gawe soson-soson dina naon wae konteksna, kuduna urang Islam geus nyongcolang dina sagala widang kahirupan, jeung meureun teu kudu era peupeureudeuyan ngaku-ngaku khalifah di jagat raya ieu. Kitu deui teu kudu era ngaku-ngaku umat panghadena sakolong langit. Geura sok we pikir, apan unggal poe geus digiring dititah bisa ngatur waktu ku jalan parentah sholat lima waktu. Geus biasa sare telat, lilir peuting, hudang rebun-rebun keneh. Mun wae eta konsep ngatur waktu nu sakitu hadena teh, dipraktekeun keur ngulik pangaweruh, ngokolakeun usaha sangkan leuwih maju. Beu tada teuing pisakumahaeun edunna euy! 2011/11/12 Remi <[email protected]> > bahwa ada banyak jalan untuk menjadi Muslim. Syahadat itu ibarat sebuah > tali yang menyatukan > biji-biji tasbih. Semuanya tergabung menjadi satu dengan tali itu. Meskipun > warnanya berbeda > satu sama lain, biji-biji itu tetap merupakan satu kesatuan. > Nuhun postingan na Kang! Genah maca na. Komo maca kalimat anu di luhur mah. Mudah2an jadi obor keur urang KABEH. Nymbung jeung kalimah di luhur, makana asa TEU payus mun hiji kelompok anu ngaku muslim make kumawani NGANGGAP kelompok sejen na sesat. Komo make kumawani NGAHALALKEUN getih umat islam sejen na. Dina kasus A(du)hmadiyah, kuring konsisten rek MELAAN urang AHmadiyah, kuring konsisten rek nyebut jelema (muslim) nu barangasan ngajejeleh jeung ngagunasika kelompok Ahmadiyah (atawa kelompok mana wae oge!) sabage jelema anu TEU nyaho lilinggeran. Maca argumen di luhur perkara istilah jihad tea, bet nyeples jeung cara bapa kuring baheula ngahartikeun eta istilah!:))
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
