Nya meureun kaci diinterpretasikeun jeung kondisi sosial nu aya di
lingkungan urang. Mun lembur keur usum perang, nya 'jihad' leuwih cocog
kana harti perang fisik. Ari lembur keur aman mah, nya 'jihad' dina rupa
ngawasa ekonomi, sosial, sains jeung teknologi tangtuna ge
nya. Dipikir-pikir diurang sok pabaliut wae nya. Baheula kungsi tangtara nu
tugasna perang hayoh milu campuh loba nguruskeun urusan sipil. Kiwari, jadi
tibalik, sipil harayang milu perang jiga tangtara. Da meureun samarukna
perang teh jiga tawuran di Batawi, silih tenggor ku batu. Hehehe

2011/11/14 Remi <[email protected]>

> Akur Kang. Sabenerna mah hiji konsep (naon bae oge!) kaci
> diinterpretasikeun diluyukeun jeung kapentingan sorangan. Kelompok
> fundamentalis... keur sakuringeun mah kaci oge nafsirkeun jihad jadi '
> perang fisik' maehan musuh na. Luar Islam, di jero Islam! Pek teh teuing!
> Ngan anu jadi masalahna... ieu kelompok penafsiran teh sok hayang
> NGADEDETKEUN tafsirna ka batur. Antukna... loba oge jelema anu satadina
> boga tafsiran nu beda jadi BOGA tafsir nu seragam. Gerakan Wahabismeu anu
> disokong ku Arab Saudi... katempo hasilna ngagiring opini dunya kana
> panafsiran samodel kieu. Kade... teu kabeh kitu ketah!
>
> Inget ajaran bapa kuring baheula. Anu paling penting teh anu disebut
> "Jihad gede" dina raraga merangan hawa nafsu. Mun urang boga nafsu
> pangedulan... tah eta teh salah sahiji medan laga jihad! Mun urang kedul
> maca, kedul diajartah eta teh jalur jihad. Malah ceuk bapa kuring harita...
> meresihan beling jeung cucuk dijajalaneun... eta teh kaasup jihad akbar!
>
> Pendek na: arena jihad teh lain ektern di luar kajiwaan manusa, tapi AYA
> na intern dina pipikiran manusa!
> Ngagunasika manusa sejen make alatan jihad? Nya contradictio in terminis,
> cenah.
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Lain Kang euy, dipikir-pikir, mun wae urang Islam nyurahan konsep jihad
> > dina harti gawe soson-soson dina naon wae konteksna, kuduna urang Islam
> > geus nyongcolang dina sagala widang kahirupan, jeung meureun teu kudu era
> > peupeureudeuyan ngaku-ngaku khalifah di jagat raya ieu. Kitu deui teu
> kudu
> > era ngaku-ngaku umat panghadena sakolong langit. Geura sok we pikir, apan
> > unggal poe geus digiring dititah bisa ngatur waktu ku jalan parentah
> sholat
> > lima waktu. Geus biasa sare telat, lilir peuting, hudang rebun-rebun
> keneh.
> > Mun wae eta konsep ngatur waktu nu sakitu hadena teh, dipraktekeun keur
> > ngulik pangaweruh, ngokolakeun usaha sangkan leuwih maju. Beu tada teuing
> > pisakumahaeun edunna euy!
>
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke