Duh kamari aya gagguan teknis euy; KEYBoard macet; jadi tulisan teu tuntas; 
keun we
ayeuna disambung deui.

Basa Sunda teh , keur urang Sunda diluar Priangan mah, model cara Basa Indonesia
wee; teu make lentong teu make naon, saujearna we. Conto obrolan anak jeung 
indung di Jagabaya, Bogor.

Anak :"Ma, ari kejo dimana? Uing rek kota neangan gawe; geus lapar ?"
Indung :" Biasa maneh mah ari rek iinditan teh sok sagala poho; nya biasa we 
atuh
di na meja makan; jung rek dahar mah; ema mah enggeus tadi."

Ayeuna obrolan di Priangan, contona di Cikeleng, Singaparna.
Sarua orolan indung jeung anak.

Anak :"Ma, ari sangu disimpen dimana; abdi bade ka kota milarian damel;
manawi aya milik."

Indung:" Ah, si Ujang mah, ari rek iinditan teh; sok limpeuran; nya atuh biasa 
we di meja makan ?"

Anak : Hehehehe.............. muhun ma, manawi we atuh dialihkeu ka na lomari 
makan ?"

Tah eta kecap2 nu rada make lentong teh disebut Basa lemesna cenah.

Jadi akhirna sok aya kuis Basa Sunda model kieu :

Lemesna dahar naon ? tuang
Lemesna sre naon ? kulem atawa ebog.

Padahal mah lain lemesna tapi undak usukna.

Nu matak Pamuda ayeuna mah ku sabab ngartina LEMES; ah hayang sopan
ya make ku basa lemes; model kieu :

Abdi tadi di bumi wengi kulem teh jam 9 ; ari gugh teras tuang.
Kapan ku sabab ngartina basa LEMES; nya cenah hebat sopan pisan,
mani lemes basana.
Padahal mah ningnang; da tuag mah pantesna keur batur; ari keur urang sorangan
mah mun teu nyebut dahar; nya neda.

Ari pata2 teh ku naon ayana bet di Priangan teu kum sa Jawa Barat ?
Sigana mah soal Sajarah, Kabudayaan; jeung kabiasaan satempat nu mangaruhan
Basa Sunda di tiap wewengkon teh.

Di Priangan lain pedah dijajah ku Panembahan Senapati, basana handap asor, 
lentong jeung salian ti eta th; tapi sigana geus jadi ciri sabumi, cara sadesa 
di Priangan kitu.
Da mun ukur pedah dijajah mah, meureun paling ge salelewek leutik we, nu make 
eta
cara nyarita Basa Sunda teh. Da ieu mah ampir kabeh urang Priangan kitu,
Katambah ku Pangaruh Mataram, jadi leuwih dijeroan basana.

Lamun urag embung make undak usuk; nya atuh kecap RAMA; damang; tuang; kulem;
ulah dipake; da lamun eta kecap dipake; nya atuh kudu ake lilinggeran; teu 
sagawayah.
Damang mah pikeun batur; ari keur urang mah cageur, sae, pangesto.

Kulem mah keur batur; ari keur urang mah sare.

Aya teh geus alus pisan teu kudu dilemesan deui ku NYODONG.


Lamun urang nyarita abdi tadi raos pisan tuang lauk.

Memang ari harti mah kaharti; naon sababna atuh teu nyebutkeun dahar lauk ?
Make lelemesan tuang LAUK bari SALAH !?
Keukeuh ari harti mah teu robah; tapi ngarti wungkul bari jeung u rek ngajawabna
ge mentegeg; lantaran manehna nyahoeun yen lain kitu kuduna.

Ki ahmad nempo bapana Udin naek beus; tah terus nanya Ahmad ka Udin .

Basa biasa :" Din, bapa maneh rek kamana ?
Udin : Ka Bandung

Ayeuna ku basa nu sopan :" Dupi tuang rama bade angkat ka mana Jang Udin ?"

Udin:" Pun bapa mah bade ka Bandug, kang ."

Jaman ayeuna mah ongkoh make basa nu kuduna make UUBS tapi teu dipake; jadi
we naringnang pisan; model Pun Raka tadi angkat ka Bandung.
Padahal mun make UUBS kuduna pun lanceuk mangkat ka Bandug.

Cenah teu KACI dibenerkeun. Cek salah sahiji anggota Urang Sunda; iraha atuh
dibebenerna Basa Sunda ari lain ayeuna mah. Da loba atuh kecap2 Basa Sunda
nu teu pantes dipake; ari teu make palenggeran mah.

NYa ku ayana ieu Milis urang bisa silih seblok pangarti teh.
Lain ieu mah, aya mu ,awa ka na jalan bener, malah disieuh sieuh; meureun
kasieunan bisi SOPHOR nya ?


HANCA

 

Kirim email ke