Cenah gancangna cahaya bisa diitung make ayat-ayat Al Qur'an, pangpangna mah
ayat [32:5] nu kira kira ditafsirkeun yen 1000 TAUN DI DUNYA sarua jeung SAPOE
DINA URUSAN LANGIT (AKHERAT?). Make ayat ieu, saaurang Mesir ngaku bisa ngitung
gancangna cahaya. Di Indonesia perkara ieu dipopulerkeun ku saurang Kyai dina
koran lokal di Makassar oge di internet
(http://waii-hmna.blogspot.com/2002/01/508-menghitung-laju-cosmic-affair.html).

Minggu kamari, uing debat bebeakan jeung Pak Kiai Makassar ieu dina hiji millis,
kulantaran sabenerna loba masalah dina itung-itungan ieu, boh ditempo tina
masalah Fisika, oge lamun ditempo konsistensi dina nafsirkeun Al Qur'an.

Uing moal nempo masalah fisikana, tapi masalah in-konsistensi dina nafsirkeun Al
Qur'an tepika miceun acuan kalender Hijriyah, supaya itung-itungan cocog jeung
nu dipikahayang. Rumus ngitungna gancangna cahaya cenah ceuk tafsir manehna:

U t = 12000L

U : urusan langit (diistlahkeun cosmic affair)
t : Waktu sapoe dina detik
L : Panjang orbit bulan dina ngurilingan dunya (=2PiR, R Jari-jari orbit bulan)

Tah nu dimasalahkeun ku uing teh angka 12000na, ieu timana holna? Ceuk Pak Kiai
teh sabab sataun 12 bulan, jadi lamun 1000 taun= 12000 bulan. Hartina 12000 kali
bulan ngurilingan Dunya. Jadi kalikeun weh kana kelling lingkaran orbit ( L=
2piR.)

Ke heula, ceuk kuring teh, 1000 taun = 12000 bulan memang bener, tapi lain
hartina bulan ngurilingan dunya pas 12000 kali tapi leuwih. Jumlah poe dina
sataun ceuk kalender Hijrah = 354 poe
Waktu nu diperlukeun bulan ngorbit sakuriling = 27.3 poe
Jadi lamun 1000 tahun = 1000 x (354/27.3) = 1297 kali!
Rumusna kudu ganti jadi : U t = 1297 L

Manehna "keukeuh", da ari rumusna diganti mah jadi teu cocog jeung gancangna 
cahaya. Manehna make alesan, make definsi sidereal month, waktu nu diperlukeun
bulan keur ngurilingan dunya (27.3 poe), lain waktu synodic month nyaeta waktu
nu diperlukeun antara "bulan mati" tepi ka "bulan mati" deui (29.5 poe). Ceuk
uing teh ieu hartina Pak Kiai ngan ngitung sataun = 327 poe, nu ngandung
harti:

1.Pak Kiai nyieun definisi taun sorangan supaya itung-itungan jadi cocog jeung
gancangna cahaya.

2. Pak Kiai dina nafsirkeun 1000 TAUN dina ayat [32:5] geus kaluar tina patokan
kalender Hijrah nu sabenerna mah pananggalan acuan keur nafsirkeun Al Qur'an.

Tutungna ku uing ditanya, lamun kitu carana, hartina dimeunangkeun teu make
kalender Hijriyah keur nafsirkeun ayat-ayat Al Qur'an. Tah batesanana tepi
kamana?

Tepika ayeuna teu ngajawab euy Pa Kiai teh, kalahka disalenggorkeun
kaditu-kadieu, bingungeun meureun. Ngan kuring ngabejaan ka Pa Kiai teh, lamun
carana kieu (sambarangan nyutat artikel nu sacara ilmiah acan diaku), batur
(pangpangna nu lain Islam) lain helok, tapi malah beuki nyeungseurikeun.

Naon sababna kuring nyaritakeun perkara ieu didieu? Artikel pa Kiai (basa
Indonesia) teh nyebar/ dicutat dimana-mana dina internet, jeung euweuh nu
ngritisi. Disangkana teh bener we. Ari kituna mah ngamaklum, rada males ningali
rumus jeung angka-angka.


Baktos,
WALUYA







------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke