Mun nitenan kabiasaan batur, jiga kumaha perkembangan elmu pangaweruh
prosesna,  nya bisa dititenan dina publikasi jurnal ilmiah. Najan
papanggihan anyar ngan saeutik kontribusina ka nu geus aya, nya bisa
katoong ku balarea, ngaliwatan jalan publikasi tea. Jigana ka para tokoh
agama, aya hadena mun perkara jiga kieu diwanohkeun. Yen elmu pangaweruh
manusa mah geuning teu ngaliwatan "kun fayakun", tapi ngaliwatan proses
empirik nu bisa diuji ku balarea.

Asana kasus nu jiga kieu teh, kungsi aya oge nya, mun teu salah pakait
jeung Borobudur kitu?

2011/11/14 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> Cenah gancangna cahaya bisa diitung make ayat-ayat Al Qur'an, pangpangna
> mah
> ayat [32:5] nu kira kira ditafsirkeun yen 1000 TAUN DI DUNYA sarua jeung
> SAPOE
> DINA URUSAN LANGIT (AKHERAT?). Make ayat ieu, saaurang Mesir ngaku bisa
> ngitung
> gancangna cahaya. Di Indonesia perkara ieu dipopulerkeun ku saurang Kyai
> dina
> koran lokal di Makassar oge di internet
> (
> http://waii-hmna.blogspot.com/2002/01/508-menghitung-laju-cosmic-affair.html
> ).
>
> Minggu kamari, uing debat bebeakan jeung Pak Kiai Makassar ieu dina hiji
> millis,
> kulantaran sabenerna loba masalah dina itung-itungan ieu, boh ditempo tina
> masalah Fisika, oge lamun ditempo konsistensi dina nafsirkeun Al Qur'an.
>
> Uing moal nempo masalah fisikana, tapi masalah in-konsistensi dina
> nafsirkeun Al
> Qur'an tepika miceun acuan kalender Hijriyah, supaya itung-itungan cocog
> jeung
> nu dipikahayang. Rumus ngitungna gancangna cahaya cenah ceuk tafsir
> manehna:
>
> U t = 12000L
>
> U : urusan langit (diistlahkeun cosmic affair)
> t : Waktu sapoe dina detik
> L : Panjang orbit bulan dina ngurilingan dunya (=2PiR, R Jari-jari orbit
> bulan)
>
> Tah nu dimasalahkeun ku uing teh angka 12000na, ieu timana holna? Ceuk Pak
> Kiai
> teh sabab sataun 12 bulan, jadi lamun 1000 taun= 12000 bulan. Hartina
> 12000 kali
> bulan ngurilingan Dunya. Jadi kalikeun weh kana kelling lingkaran orbit (
> L=
> 2piR.)
>
> Ke heula, ceuk kuring teh, 1000 taun = 12000 bulan memang bener, tapi lain
> hartina bulan ngurilingan dunya pas 12000 kali tapi leuwih. Jumlah poe dina
> sataun ceuk kalender Hijrah = 354 poe
> Waktu nu diperlukeun bulan ngorbit sakuriling = 27.3 poe
> Jadi lamun 1000 tahun = 1000 x (354/27.3) = 1297 kali!
> Rumusna kudu ganti jadi : U t = 1297 L
>
> Manehna "keukeuh", da ari rumusna diganti mah jadi teu cocog jeung
> gancangna
> cahaya. Manehna make alesan, make definsi sidereal month, waktu nu
> diperlukeun
> bulan keur ngurilingan dunya (27.3 poe), lain waktu synodic month nyaeta
> waktu
> nu diperlukeun antara "bulan mati" tepi ka "bulan mati" deui (29.5 poe).
> Ceuk
> uing teh ieu hartina Pak Kiai ngan ngitung sataun = 327 poe, nu ngandung
> harti:
>
> 1.Pak Kiai nyieun definisi taun sorangan supaya itung-itungan jadi cocog
> jeung
> gancangna cahaya.
>
> 2. Pak Kiai dina nafsirkeun 1000 TAUN dina ayat [32:5] geus kaluar tina
> patokan
> kalender Hijrah nu sabenerna mah pananggalan acuan keur nafsirkeun Al
> Qur'an.
>
> Tutungna ku uing ditanya, lamun kitu carana, hartina dimeunangkeun teu make
> kalender Hijriyah keur nafsirkeun ayat-ayat Al Qur'an. Tah batesanana tepi
> kamana?
>
> Tepika ayeuna teu ngajawab euy Pa Kiai teh, kalahka disalenggorkeun
> kaditu-kadieu, bingungeun meureun. Ngan kuring ngabejaan ka Pa Kiai teh,
> lamun
> carana kieu (sambarangan nyutat artikel nu sacara ilmiah acan diaku), batur
> (pangpangna nu lain Islam) lain helok, tapi malah beuki nyeungseurikeun.
>
> Naon sababna kuring nyaritakeun perkara ieu didieu? Artikel pa Kiai (basa
> Indonesia) teh nyebar/ dicutat dimana-mana dina internet, jeung euweuh nu
> ngritisi. Disangkana teh bener we. Ari kituna mah ngamaklum, rada males
> ningali
> rumus jeung angka-angka.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>

Kirim email ke