Ti kajauhan Jalma nempo jiga aya belasan jelema keur ngariung
di hareup; ah sugan we bisa menta cai keur nginum; cek di na pikirna.

Naha atuh barang amprok; nu tiluan begal tadi geus aya di na
eta belasan jelema; jigana panasaran ayeuna mawa balad2 nu leuwih loba.

Barang Jalma deukeut; song we Jelema jangkung gede bari
bosongot ngasongkeun leungeun bari kuda2; eta tandana hayang kekenalan tapi
bari sakalian nguji; ti nu tingkatna saluhureun ka sahandapeun. Jalma teu loba
carita nya nampa we eta sasalaman teh lantaran kahiji manehna teu sombong;
kadua ngarasa memang manehna kaasup budak keneh dibandingkeun  jeung si 
bosongot mah. Barang song, can ge
nepi geus didudut leungeun Jalma ku si bosongot bari direngkas; Jalma ngahaja
merean; terus manehna tigugulitik.

Si Bosongot nyakakak nempo Jalma tigugulitik, pok ngomong:”Ah
Kuya teh siah Ganda ! Cek maneh jago ieu budak teh ! Mana ?”

Nu disebut si Ganda teh si Kumis baplang; hareugeueun oge;
naha Jalma mani gampang pisan tigugulitik ? Enya si bosongot nu ngaran Ki Jara
teh leuwih luhur elmuna ti manehna; tapi nya paling satingkat lah bedana; matak
diangkat kapala begal di dinya ge. Tapi mani asa gampang pisan. Rada era
ongkoh. Terus we ngomong :”Sok atuh sakalian we perenkeun !”

“Wah si Ganda, si pendek jeung si Jangkung mah rahul ! Rahul
! cek begal sejenna. Naon budak leuleumeuyeu kieu disebut jago ? Maraneh we 
meureun
geus nginum tuak; jadi ngajongkeng ku ieu budak. Hahahaha ! ger we atuh nu
tiluan teh pada nyaleungseurikeun.

Si Ganda panasaran terus nyampeurkeun Jalma rada asa2 tapi ah
loba balad jeung era, bari sakalian ayeuna males; jelebot wae si Ganda nonjok
ka Jalma nu masih diuk di handap. Duka kumaha, teu kaciri Jalma gerak; eta
tonjokan teh DES! Kana pipina sorangan lain ka Jalma. Mangkaning sataker kebek;
atuh mani rada ngabangkieung  tah si
Ganda teh. ari nu sejen ger deui sareuri, mani rame pisan; si Ganda
disarurakan.

Ngarasa nyeri, era, jeung keuheul, Ganda mesat gobangna terus
we Jalma ditigas; gereleng Jalma gegerelengan bari tulung2an; tapi sakitu
ditigaskeun sababaraha kali oge Jalma teu keuna baju2na acan.

“Eureun!” Si Jara pamimpin begal nyentak; nya bari haruhah
harehoh si Ganda ngeureunan “AKSINA” ; sabalikna si Jara ayeuna mah rada awas
ka na gerak Jalma; yen enya ge aduh2an; tapi eta budak ngora teh boga elmu nu
samodel welut Putih.

Saterusna Ki Jara nyentak ka Jalma:”Eh budak leutik ! Ulah
calutak siah ! Si Ganda bisa diheureuyan; tapi Kula Ki Jara moal bisa ! Aing
rek nanya saha ngaran jeung ti paguron mana ? Bisi wae cilaka teu boga ngaran;
jeungna engke mayit maneh tinggal dipulangkeun we ka Paguron maneh !”

Jalma terus
nangtung, di na pikirna hayang nyaho naha ngaran Guruna aya pangaruhna teu ;
pok Jalma ngomong:”Kuring Jalma; murid ti Ki Nurustunjung !”HANCA


Kirim email ke