Kasuhun2X pusan; tapi da sanes ngahaja; abdi mah ngebeleyer we keur sumanget ; tiasa tilu sakali ngintun; nuju mugen mah; kapan saminggu teu hiji2 acan. Hahahaha.
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > > halah... kumaha terasna yeuh! > Bener-bener si Ua Abbas jagoan dina ngolah Cersilna teh. > > Jilid ka-15 na diteraskeun minggu payun wae, tong enjing. > Pasti para wargi "ngoceak" jeung usaha "beak dengkak" sangkan geura terbit > jilid ka-15. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > > > ________________________________ > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > To: kisunda <[email protected]>; urangsunda > <[email protected]> > Cc: [email protected] > Sent: Tuesday, December 6, 2011 8:23 PM > Subject: [kisunda] Cersil Sunda - ka 14 > > >  > Ti kajauhan Jalma nempo jiga aya belasan jelema keur ngariung > di hareup; ah sugan we bisa menta cai keur nginum; cek di na pikirna. > Naha atuh barang amprok; nu tiluan begal tadi geus aya di na > eta belasan jelema; jigana panasaran ayeuna mawa balad2 nu leuwih loba. > Barang Jalma deukeut; song we Jelema jangkung gede bari > bosongot ngasongkeun leungeun bari kuda2; eta tandana hayang kekenalan tapi > bari sakalian nguji; ti nu tingkatna saluhureun ka sahandapeun. Jalma teu loba > carita nya nampa we eta sasalaman teh lantaran kahiji manehna teu sombong; > kadua ngarasa memang manehna kaasup budak keneh dibandingkeun jeung si > bosongot mah. Barang song, can ge > nepi geus didudut leungeun Jalma ku si bosongot bari direngkas; Jalma ngahaja > merean; terus manehna tigugulitik. > Si Bosongot nyakakak nempo Jalma tigugulitik, pok ngomong:âAh > Kuya teh siah Ganda ! Cek maneh jago ieu budak teh ! Mana ?â > Nu disebut si Ganda teh si Kumis baplang; hareugeueun oge; > naha Jalma mani gampang pisan tigugulitik ? Enya si bosongot nu ngaran Ki Jara > teh leuwih luhur elmuna ti manehna; tapi nya paling satingkat lah bedana; > matak > diangkat kapala begal di dinya ge. Tapi mani asa gampang pisan. Rada era > ongkoh. Terus we ngomong :âSok atuh sakalian we perenkeun !â > âWah si Ganda, si pendek jeung si Jangkung mah rahul ! Rahul > ! cek begal sejenna. Naon budak leuleumeuyeu kieu disebut jago ? Maraneh we > meureun > geus nginum tuak; jadi ngajongkeng ku ieu budak. Hahahaha ! ger we atuh nu > tiluan teh pada nyaleungseurikeun. > Si Ganda panasaran terus nyampeurkeun Jalma rada asa2 tapi ah > loba balad jeung era, bari sakalian ayeuna males; jelebot wae si Ganda nonjok > ka Jalma nu masih diuk di handap. Duka kumaha, teu kaciri Jalma gerak; eta > tonjokan teh DES! Kana pipina sorangan lain ka Jalma. Mangkaning sataker > kebek; > atuh mani rada ngabangkieung  tah si > Ganda teh. ari nu sejen ger deui sareuri, mani rame pisan; si Ganda > disarurakan. > Ngarasa nyeri, era, jeung keuheul, Ganda mesat gobangna terus > we Jalma ditigas; gereleng Jalma gegerelengan bari tulung2an; tapi sakitu > ditigaskeun sababaraha kali oge Jalma teu keuna baju2na acan. > âEureun!â Si Jara pamimpin begal nyentak; nya bari haruhah > harehoh si Ganda ngeureunan âAKSINAâ ; sabalikna si Jara ayeuna mah rada > awas > ka na gerak Jalma; yen enya ge aduh2an; tapi eta budak ngora teh boga elmu nu > samodel welut Putih. > Saterusna Ki Jara nyentak ka Jalma:âEh budak leutik ! Ulah > calutak siah ! Si Ganda bisa diheureuyan; tapi Kula Ki Jara moal bisa ! Aing > rek nanya saha ngaran jeung ti paguron mana ? Bisi wae cilaka teu boga ngaran; > jeungna engke mayit maneh tinggal dipulangkeun we ka Paguron maneh !â > Jalma terus > nangtung, di na pikirna hayang nyaho naha ngaran Guruna aya pangaruhna teu ; > pok Jalma ngomong:âKuring Jalma; murid ti Ki Nurustunjung !â > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
