halah... kumaha terasna yeuh! Bener-bener si Ua Abbas jagoan dina ngolah Cersilna teh.
Jilid ka-15 na diteraskeun minggu payun wae, tong enjing. Pasti para wargi "ngoceak" jeung usaha "beak dengkak" sangkan geura terbit jilid ka-15. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Cc: [email protected] Sent: Tuesday, December 6, 2011 8:23 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda - ka 14 Ti kajauhan Jalma nempo jiga aya belasan jelema keur ngariung di hareup; ah sugan we bisa menta cai keur nginum; cek di na pikirna. Naha atuh barang amprok; nu tiluan begal tadi geus aya di na eta belasan jelema; jigana panasaran ayeuna mawa balad2 nu leuwih loba. Barang Jalma deukeut; song we Jelema jangkung gede bari bosongot ngasongkeun leungeun bari kuda2; eta tandana hayang kekenalan tapi bari sakalian nguji; ti nu tingkatna saluhureun ka sahandapeun. Jalma teu loba carita nya nampa we eta sasalaman teh lantaran kahiji manehna teu sombong; kadua ngarasa memang manehna kaasup budak keneh dibandingkeun jeung si bosongot mah. Barang song, can ge nepi geus didudut leungeun Jalma ku si bosongot bari direngkas; Jalma ngahaja merean; terus manehna tigugulitik. Si Bosongot nyakakak nempo Jalma tigugulitik, pok ngomong:”Ah Kuya teh siah Ganda ! Cek maneh jago ieu budak teh ! Mana ?” Nu disebut si Ganda teh si Kumis baplang; hareugeueun oge; naha Jalma mani gampang pisan tigugulitik ? Enya si bosongot nu ngaran Ki Jara teh leuwih luhur elmuna ti manehna; tapi nya paling satingkat lah bedana; matak diangkat kapala begal di dinya ge. Tapi mani asa gampang pisan. Rada era ongkoh. Terus we ngomong :”Sok atuh sakalian we perenkeun !” “Wah si Ganda, si pendek jeung si Jangkung mah rahul ! Rahul ! cek begal sejenna. Naon budak leuleumeuyeu kieu disebut jago ? Maraneh we meureun geus nginum tuak; jadi ngajongkeng ku ieu budak. Hahahaha ! ger we atuh nu tiluan teh pada nyaleungseurikeun. Si Ganda panasaran terus nyampeurkeun Jalma rada asa2 tapi ah loba balad jeung era, bari sakalian ayeuna males; jelebot wae si Ganda nonjok ka Jalma nu masih diuk di handap. Duka kumaha, teu kaciri Jalma gerak; eta tonjokan teh DES! Kana pipina sorangan lain ka Jalma. Mangkaning sataker kebek; atuh mani rada ngabangkieung tah si Ganda teh. ari nu sejen ger deui sareuri, mani rame pisan; si Ganda disarurakan. Ngarasa nyeri, era, jeung keuheul, Ganda mesat gobangna terus we Jalma ditigas; gereleng Jalma gegerelengan bari tulung2an; tapi sakitu ditigaskeun sababaraha kali oge Jalma teu keuna baju2na acan. “Eureun!” Si Jara pamimpin begal nyentak; nya bari haruhah harehoh si Ganda ngeureunan “AKSINA” ; sabalikna si Jara ayeuna mah rada awas ka na gerak Jalma; yen enya ge aduh2an; tapi eta budak ngora teh boga elmu nu samodel welut Putih. Saterusna Ki Jara nyentak ka Jalma:”Eh budak leutik ! Ulah calutak siah ! Si Ganda bisa diheureuyan; tapi Kula Ki Jara moal bisa ! Aing rek nanya saha ngaran jeung ti paguron mana ? Bisi wae cilaka teu boga ngaran; jeungna engke mayit maneh tinggal dipulangkeun we ka Paguron maneh !” Jalma terus nangtung, di na pikirna hayang nyaho naha ngaran Guruna aya pangaruhna teu ; pok Jalma ngomong:”Kuring Jalma; murid ti Ki Nurustunjung !” HANCA
