Kang Udin, ari rek medar pamanggih mah, tong ieuh kahalangan ku karempan
bisi jiga "mapagahan ngojay ka meri" sagala. Der we sing teuneung. Paling
henteu keur ngalancarkeun nulis nu leuwih sistematis. Uing percaya baraya
milis Ki Sunda jalembar manah, najan loba nu tos manjing dewa de. Gunakeun
ieu milis teh, keur lahan ngalebaran wawasan urang sarerea.

2011/12/8 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Sabenerna hayang ngabejer beaskeun masalah Asbabun Nuzul jeung Asbabul
> Wurud na, tapi sieun dipajar nitah meri ngojay, da milis Ki Sunda jalma
> pinter. Eta kuring nitah ngojay meri, ceuk meri ah siah ngajaran aing.
> Basa waktu kamari, kuring maos pepedaran ti salah sahiji anggota milis,
> manehna medarkeun meni eces pisan, tapi uing jadi bingung lantara dina
> panjelasan periwayatanan (rawina) jiga benang melit kana bitis, atuh lain
> nambahan pinter uing teh, malah kokorebet deui kana buku bulukan.
> Mun uing asup di milis anu komunitasna mahasiswa atawa palajar, meren rada
> pantes ngabejer beaskeuna. Da uing maos padungdeng antara Pa Gus Maman
> jeung M. Zen jiga main bal kana tembok, ditendang malik deui, leuheung
> balik deui kan suku mah rada pantes bisa ditendang deui, ieu mah malikna
> kana beungeut, atuh jadi lieur sirah.
> Anu hiji medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da
> referensina can pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah kapamimpinan ghoib.
> Uing kudu belajar deui ngenaan kapamimpinan ghoib, teing disiplin ilmu ieu
> teh konsentrasina aya pakaitna jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin
> titah nyieun jambatan Jawa - Sumatera.
>
> Insya Allah, ari perlu mah engke ku uing dipedarkeun masalah asbabuna.
>
>
>  *Dari:* Dikdik <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Kamis, 8 Desember 2011 15:15
> *Judul:* Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
>
>
> hadis na mah tos yakin bakal ditolak ku syiah mah...
> hehehe...
>
> --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
> >
> > Anu netepkeun Allah jeung Rasulna :
> > Dalil Rukun islam, sasuai jeung hadits anu hartosna : Ti Abu
> Abdurrahman, Abdullah bin Umar bin Al-Khotob ra., manehna nyarios : Kuring
> ngadangu Rasulallah Saw. ngadawuh : Islam diwangun ku lima perkara :
> nyaksikeun yeu henteu aya Illah anu ngabogaan hak disembah sajaba Allah
> sarta yen nabi Muhammad Saw. utusan Allah, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun
> zakat, ngalaksanakeun haji sarta puasa di bulan Ramadan (HR. Turmuzi &
> Muslim).
> > Â
> > Dalil rukun Iman "Saestuna ngahadapepken beungeut anjeun ka arah Wetan
> sarta Kulon eta hiji kabaktian, tapi saestuna kabaktian eta nyaeta iman ka
> Alloh,  ka poe akhir, malaikat-malaikat, kitab-kitab, nabi-nabi sarta
> ngaluarkeun harta anu dipikanyaah ka barayana, barudak yatim, jalma-jalma
> miskin, musafir (anu merlukeun bantuan) sarta jalma-jalma anu menta-menta;
> sarta (ngamerdekakeun) hamba sahaya, ngadegkeun solat sarta ngalakukeun
> zakat; sarta jalma-jalma anu menepati janji lamun manehna boga jangji,
> sarta jalma-jalma anu sabar dina kesempitan, kasusahan sarta dina
> peperangan. Maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bener (imanana); sarta
> maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bertaqwa.  (QS Al Baqarah: 177).
> > Â
> > Â
> > Dari: ahsa <albanduni@...>
> > Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> > Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 11:32
> > Judul: Bls: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
> >
> >
> > Â
> >
> >
> > atuh mun urang Sunda geus ngabeda2keun terus teu mere lolongkrang keur
> batur nu beda mah, teu kudu diteruskeun ieu forum. sabab forum teh pan keur
> nyawalakeun. Cing ari eta rukun Imam sareng Islam nu disebatkeun, naha
> Kangjeng Nabi nu netepkeun atanapi ulama2 Ahlussunah?
> >
> > keur kuring mah teu masalah rek Sunni atanapi Syiah oge, nu penting mah
> boga argumen nu kuat; ti kritik ilmu jeung sarua jeung eusi Quran.
> >
>
>
>
>  
>

Kirim email ke