Tah ieu cenah 12 imam teh, bisa ditoong di dieu:
http://www.duas.org/Ahlulbayt.htm Pantesan wae kang Ahsa mani norolang apal
tanggal lahir jeung maotna para imam :)

manar


2011/12/8 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Enya hade oge tah usulan teh. Ngan ulah poho, sing dadarek jeung remen
> nulis. Mun urang teu daraek nulis, nya bakal aya nu ngeusian ku sejenna.
>
> Ari uing mah, teu pati ngawatesan kana eusi tulisan teh, dumeh realitana
> dumasar kana nu katoong sapope, milis teh remen suwungna. Jadi tinimbang
> loba suwungna, bur we topik naon oge kaci, asal masih migunakeun basa Sunda.
>
> Ceuk ukuran uing mah, padungdengan Kang Ahsa, Kang Zen, Kang Udin, Kang
> Maman, masih wajar. Nya haneut meueusan mah, biasa we, kitu adatna.
>
> Uing ngaanalogikeun ruang diskusi di milis teh jiga ngaburudulkeun batu
> koral nu sareukeut beunang anyar keneh mekprekan kana gulidagna cai
> walungan. Tangtu eta batu nu merncos teh bakal paketrok jeung papada batu
> deui. Ku gumulungna cai, jeung waktu, lila-lila batu koral nu sareukeut
> bakal lemes.
>
> 2011/12/8 Irpan Rispandi <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Usul kang,
>> dina nalika nulis, mun bisa mah ulah poho kana purwadaksina.
>>
>> Milis kisunda, aya keur ngamumule kasundaan. Boh basana, boh budayana,
>> sukur-sukur bisa ngaronjatkeun martabat manusana. Tah mun bisa mah urang
>> tigin kana eta tujuan.
>>
>> Eta cenah rek medar pendapat ngeunaan hiji hal. Nya pek teh teuing, tapi
>> usahakeun tetep dina jalurna nyaeta dina raraga ningkatkeun kualitas manusa
>> sunda.
>>
>> Ceuk kuring anu suudzon he..he..he.... anggota milis urang loba kacida,
>> beda sirah beda kasang tukang. Tah aya saurang, duaan, sa kumpulan anggota
>> anu boga maksud tambahan.  Salian ti nulis basa sunda, manehna hayang
>> ngajak anggota sejen milu kana aliran manehna. Ceuk suudzon kuring aya dua
>> kelompok. Anu kahiji Syiah, anu kadua JIL.
>>
>> Kuring satuju kana diskusi, tapi teu satuju kana 'ajak - ajakan'.
>> he..he..he..
>> naon bedana diskusi jeung ajak-ajakan?
>>
>> Lamun diskusi cukup tukeur pikiran nambah wawasan, geus kitu mah enggeus
>> we.
>> Lamun ajak-ajakan, pabener-bener. Aing bener, matakna milu sia jeung aing.
>> Lamun can hasil ngajak, engke nyoba deui nunjukkeun 'kabeneran' manehna.
>> terus ngajak deui.
>>
>> Emang naon salahna lamun ngajak. kapanan ngajak oge kana 'bebeneran'.
>> Tah nepi ka lebah dieu mah, subjektifitas maen. "Ceuk maneh bener soteh,
>> ceuk kuring mah henteu" cenah. Atuh antukna aduregeng. he..he..he...
>>
>> Jadi kitu kang, diskusi mah diskusi we, poko utama na mah ngamajukeun
>> basa, budaya jeung manusa Sunda.
>>
>>
>>
>>
>> On 12/08/2011 04:21 PM, Ki Hasan wrote:
>>
>>
>>
>> Kang Udin, ari rek medar pamanggih mah, tong ieuh kahalangan ku karempan
>> bisi jiga "mapagahan ngojay ka meri" sagala. Der we sing teuneung. Paling
>> henteu keur ngalancarkeun nulis nu leuwih sistematis. Uing percaya baraya
>> milis Ki Sunda jalembar manah, najan loba nu tos manjing dewa de. Gunakeun
>> ieu milis teh, keur lahan ngalebaran wawasan urang sarerea.
>>
>>  2011/12/8 Sp Saprudin <[email protected]>
>>
>>>
>>>   Sabenerna hayang ngabejer beaskeun masalah Asbabun Nuzul jeung
>>> Asbabul Wurud na, tapi sieun dipajar nitah meri ngojay, da milis Ki Sunda
>>> jalma pinter. Eta kuring nitah ngojay meri, ceuk meri ah siah ngajaran aing.
>>> Basa waktu kamari, kuring maos pepedaran ti salah sahiji anggota milis,
>>> manehna medarkeun meni eces pisan, tapi uing jadi bingung lantara dina
>>> panjelasan periwayatanan (rawina) jiga benang melit kana bitis, atuh lain
>>> nambahan pinter uing teh, malah kokorebet deui kana buku bulukan.
>>> Mun uing asup di milis anu komunitasna mahasiswa atawa palajar, meren
>>> rada pantes ngabejer beaskeuna. Da uing maos padungdeng antara Pa Gus Maman
>>> jeung M. Zen jiga main bal kana tembok, ditendang malik deui, leuheung
>>> balik deui kan suku mah rada pantes bisa ditendang deui, ieu mah malikna
>>> kana beungeut, atuh jadi lieur sirah.
>>> Anu hiji medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da
>>> referensina can pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah kapamimpinan ghoib.
>>> Uing kudu belajar deui ngenaan kapamimpinan ghoib, teing disiplin ilmu ieu
>>> teh konsentrasina aya pakaitna jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin
>>> titah nyieun jambatan Jawa - Sumatera.
>>>
>>> Insya Allah, ari perlu mah engke ku uing dipedarkeun masalah asbabuna.
>>>
>>>
>>>   *Dari:* Dikdik <[email protected]>
>>> *Kepada:* [email protected]
>>> *Dikirim:* Kamis, 8 Desember 2011 15:15
>>> *Judul:* Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
>>>
>>>
>>> hadis na mah tos yakin bakal ditolak ku syiah mah...
>>> hehehe...
>>>
>>> --- In [email protected], Sp Saprudin 
>>> <udarider@...><udarider@...>wrote:
>>> >
>>> > Anu netepkeun Allah jeung Rasulna :
>>> > Dalil Rukun islam, sasuai jeung hadits anu hartosna : Ti Abu
>>> Abdurrahman, Abdullah bin Umar bin Al-Khotob ra., manehna nyarios : Kuring
>>> ngadangu Rasulallah Saw. ngadawuh : Islam diwangun ku lima perkara :
>>> nyaksikeun yeu henteu aya Illah anu ngabogaan hak disembah sajaba Allah
>>> sarta yen nabi Muhammad Saw. utusan Allah, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun
>>> zakat, ngalaksanakeun haji sarta puasa di bulan Ramadan (HR. Turmuzi &
>>> Muslim).
>>> > Â
>>> > Dalil rukun Iman "Saestuna ngahadapepken beungeut anjeun ka arah
>>> Wetan sarta Kulon eta hiji kabaktian, tapi saestuna kabaktian eta nyaeta
>>> iman ka Alloh,  ka poe akhir, malaikat-malaikat, kitab-kitab, nabi-nabi
>>> sarta ngaluarkeun harta anu dipikanyaah ka barayana, barudak yatim,
>>> jalma-jalma miskin, musafir (anu merlukeun bantuan) sarta jalma-jalma anu
>>> menta-menta; sarta (ngamerdekakeun) hamba sahaya, ngadegkeun solat sarta
>>> ngalakukeun zakat; sarta jalma-jalma anu menepati janji lamun manehna boga
>>> jangji, sarta jalma-jalma anu sabar dina kesempitan, kasusahan sarta dina
>>> peperangan. Maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bener (imanana); sarta
>>> maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bertaqwa.  (QS Al Baqarah: 177).
>>> > Â
>>> > Â
>>> > Dari: ahsa <albanduni@...> <albanduni@...>
>>> > Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
>>> > Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 11:32
>>> > Judul: Bls: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
>>> >
>>> >
>>> > Â
>>> >
>>> >
>>> > atuh mun urang Sunda geus ngabeda2keun terus teu mere lolongkrang keur
>>> batur nu beda mah, teu kudu diteruskeun ieu forum. sabab forum teh pan keur
>>> nyawalakeun. Cing ari eta rukun Imam sareng Islam nu disebatkeun, naha
>>> Kangjeng Nabi nu netepkeun atanapi ulama2 Ahlussunah?
>>> >
>>> > keur kuring mah teu masalah rek Sunni atanapi Syiah oge, nu penting
>>> mah boga argumen nu kuat; ti kritik ilmu jeung sarua jeung eusi Quran.
>>> >
>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke