Usul kang,
dina nalika nulis, mun bisa mah ulah poho kana purwadaksina.

Milis kisunda, aya keur ngamumule kasundaan. Boh basana, boh budayana, sukur-sukur bisa ngaronjatkeun martabat manusana. Tah mun bisa mah urang tigin kana eta tujuan.

Eta cenah rek medar pendapat ngeunaan hiji hal. Nya pek teh teuing, tapi usahakeun tetep dina jalurna nyaeta dina raraga ningkatkeun kualitas manusa sunda.

Ceuk kuring anu suudzon he..he..he.... anggota milis urang loba kacida, beda sirah beda kasang tukang. Tah aya saurang, duaan, sa kumpulan anggota anu boga maksud tambahan. Salian ti nulis basa sunda, manehna hayang ngajak anggota sejen milu kana aliran manehna. Ceuk suudzon kuring aya dua kelompok. Anu kahiji Syiah, anu kadua JIL.

Kuring satuju kana diskusi, tapi teu satuju kana 'ajak - ajakan'. he..he..he..
naon bedana diskusi jeung ajak-ajakan?

Lamun diskusi cukup tukeur pikiran nambah wawasan, geus kitu mah enggeus we.
Lamun ajak-ajakan, pabener-bener. Aing bener, matakna milu sia jeung aing.
Lamun can hasil ngajak, engke nyoba deui nunjukkeun 'kabeneran' manehna. terus ngajak deui.

Emang naon salahna lamun ngajak. kapanan ngajak oge kana 'bebeneran'.
Tah nepi ka lebah dieu mah, subjektifitas maen. "Ceuk maneh bener soteh, ceuk kuring mah henteu" cenah. Atuh antukna aduregeng. he..he..he...

Jadi kitu kang, diskusi mah diskusi we, poko utama na mah ngamajukeun basa, budaya jeung manusa Sunda.



On 12/08/2011 04:21 PM, Ki Hasan wrote:

Kang Udin, ari rek medar pamanggih mah, tong ieuh kahalangan ku karempan bisi jiga "mapagahan ngojay ka meri" sagala. Der we sing teuneung. Paling henteu keur ngalancarkeun nulis nu leuwih sistematis. Uing percaya baraya milis Ki Sunda jalembar manah, najan loba nu tos manjing dewa de. Gunakeun ieu milis teh, keur lahan ngalebaran wawasan urang sarerea.

2011/12/8 Sp Saprudin <[email protected] <mailto:[email protected]>>

    Sabenerna hayang ngabejer beaskeun masalah Asbabun Nuzul jeung
    Asbabul Wurud na, tapi sieun dipajar nitah meri ngojay, da milis
    Ki Sunda jalma pinter. Eta kuring nitah ngojay meri, ceuk meri ah
    siah ngajaran aing.
    Basa waktu kamari, kuring maos pepedaran ti salah sahiji anggota
    milis, manehna medarkeun meni eces pisan, tapi uing jadi bingung
    lantara dina panjelasan periwayatanan (rawina) jiga benang melit
    kana bitis, atuh lain nambahan pinter uing teh, malah kokorebet
    deui kana buku bulukan.
    Mun uing asup di milis anu komunitasna mahasiswa atawa palajar,
    meren rada pantes ngabejer beaskeuna. Da uing maos padungdeng
    antara Pa Gus Maman jeung M. Zen jiga main bal kana tembok,
    ditendang malik deui, leuheung balik deui kan suku mah rada pantes
    bisa ditendang deui, ieu mah malikna kana beungeut, atuh jadi
    lieur sirah.
    Anu hiji medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da
    referensina can pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah
    kapamimpinan ghoib. Uing kudu belajar deui ngenaan kapamimpinan
    ghoib, teing disiplin ilmu ieu teh konsentrasina aya pakaitna
    jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin titah nyieun jambatan Jawa
    - Sumatera.
    Insya Allah, ari perlu mah engke ku uing dipedarkeun masalah asbabuna.

    *Dari:* Dikdik <[email protected] <mailto:[email protected]>>
    *Kepada:* [email protected] <mailto:[email protected]>
    *Dikirim:* Kamis, 8 Desember 2011 15:15
    *Judul:* Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam

    hadis na mah tos yakin bakal ditolak ku syiah mah...
    hehehe...

    --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>,
    Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
    >
    > Anu netepkeun Allah jeung Rasulna :
    > Dalil Rukun islam, sasuai jeung hadits anu hartosna : Ti Abu
    Abdurrahman, Abdullah bin Umar bin Al-Khotob ra., manehna nyarios
    : Kuring ngadangu Rasulallah Saw. ngadawuh : Islam diwangun ku
    lima perkara : nyaksikeun yeu henteu aya Illah anu ngabogaan hak
    disembah sajaba Allah sarta yen nabi Muhammad Saw. utusan Allah,
    ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, ngalaksanakeun haji sarta
    puasa di bulan Ramadan (HR. Turmuzi & Muslim).
    > Â
    > Dalil rukun Iman "Saestuna ngahadapepken beungeut anjeun ka
    arah Wetan sarta Kulon eta hiji kabaktian, tapi saestuna kabaktian
    eta nyaeta iman ka Alloh,  ka poe akhir, malaikat-malaikat,
    kitab-kitab, nabi-nabi sarta ngaluarkeun harta anu dipikanyaah
    ka barayana, barudak yatim, jalma-jalma miskin, musafir (anu
    merlukeun bantuan) sarta jalma-jalma anu menta-menta; sarta
    (ngamerdekakeun) hamba sahaya, ngadegkeun solat sarta ngalakukeun
    zakat; sarta jalma-jalma anu menepati janji lamun manehna boga
    jangji, sarta jalma-jalma anu sabar dina kesempitan, kasusahan
    sarta dina peperangan. Maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu
    bener (imanana); sarta maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu
    bertaqwa.  (QS Al Baqarah: 177).
    > Â
    > Â
    > Dari: ahsa <albanduni@...>
    > Kepada: "[email protected]
    <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>" <[email protected]
    <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>>
    > Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 11:32
    > Judul: Bls: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
    >
    >
    > Â
    >
    >
    > atuh mun urang Sunda geus ngabeda2keun terus teu mere
    lolongkrang keur batur nu beda mah, teu kudu diteruskeun ieu
    forum. sabab forum teh pan keur nyawalakeun. Cing ari eta rukun
    Imam sareng Islam nu disebatkeun, naha Kangjeng Nabi nu netepkeun
    atanapi ulama2 Ahlussunah?
    >
    > keur kuring mah teu masalah rek Sunni atanapi Syiah oge, nu
    penting mah boga argumen nu kuat; ti kritik ilmu jeung sarua jeung
    eusi Quran.
    >





Kirim email ke