Bewara.
Bilih aya nu caket sareng UIN Bandung
Bedah buku Islamic Green Living, Salamadani - Grafindo, 2011.
Kaping 11 Desember 2011, Aula UIN Bandung.
Baktos,
::zya
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Dikdik" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 12 Dec 2011 00:51:10 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: BIN ==>  [Urang Sunda] {urang sunda] maok buah (1)

sakanyaho kuring, di wanayasa mah:
bencoy teh sarupa jeung menteng, ngan leuwih amis (kareueut) tur warna-na semu2 
beureum
dukuh mah nu jiga pisitan ngan cangkangna kandel tur leuwih amis batan pisitan
kokosan mah nu jiga pisitan, ngan ari pisitan mah buleud, ari kokosan mah rada 
lonjong di congona teh, tur didaharna langsung dikokos, teu dipesék heula teu 
jiga pisitan atawa dukuh nu dipesék heula cangkangna


--- In [email protected], "lee_kelana@..." <lee_kelana@...> wrote:
>
> Nambihan,
> Bencoy bin dukuh teh kokosan tea panginten nya? Rasana amis. Pami nu haseum 
> mah menteng. Tah pami dukuh anu haseum mah pisitan namina.
> Aya oge buah salam, campoleh, kesemek, cecenet, buah nona, limus atanapi 
> pakel, sarikaya, honje, kadongdong, jeeste. Mangga geura pesekan hiji-hiji.
> Anapon perkawis kecap bin, sigana salami masih keneh aya ijab kabul walimahan 
> mah, boh ku basa sunda boh ku basa indo, kecap bin teh bakalan masih 
> dipikawanoh. Apanan dugika danget ayeuna ijab kabul teh masih nu eta-eta 
> keneh: 'nampi abdi nikah ka neng tet binti tit..sareng salajengna..
> 
> Nuhun,
> Deni
> 
> 
> -----Original Message-----
> From: Ki Hasan
> Sent:  11/12/2011 2:51:49 pm
> Subject:  [kisunda] BIN ==> Re: [Urang Sunda] {urang sunda] maok buah (1)
> 
> Sok remen manggih dina postingan milis, perkara kecap "bin". Kaharti
> maksudna mah, heureuy tea. Ngan katoongna ku uing, ieu kabiasaan migunakeun
> "bin" jigana perlu ku urang dipalikiran deui. Misalna wae. mun jaga
> sanggeus generasi awal urang Sunda melek Internet, geus tumpur kabeh. Geus
> kaganti ku sababaraha generasi anyar. Meureun ieu postingan di milis teh,
> bakal jiga kuburan badag arsip naskah Sunda abad siber. Heug generasi
> kahareup teh, ngagalian ieu kuburan, rek nyieun kamus Sunda. Meureun salah
> sahiji entrina teh "bin". Hehehe.
> 
> 2011/12/11 jangdede <jangdede@...>
> 
> > **
> >
> >
> >
> >
> > Ngaran Bubuahan Di Kampung Anu Mindeng didahar (ku sikuring) Waktu Budak,
> > biasana beunang maok atawa menta. Ngarana keur budak, teu bisa
> > dikategorikeun kana kriminal. heheh........
> >
> >
> > 1        Kalapa Ngora bin Duwegan
> >
> > 2        Cereme bin Cireme
> >
> > 3        Hangasa. Tankalna jiga kapol
> >
> > 4        Kapol bin Kapulaga
> >
> > 5        Huni. Buah tangkal huni anu ukurana sagede-gede leunca.
> >
> > 6        Jambu Haer / Jambu air biasana warana beureum atawa kayas. Aya
> > oge anu warnana bodas.
> >
> > 7        Jambu Batu bin jambu kulutuk model lokal anu eusina beureum
> > atawa bodas
> >
> > 8        Jambu Kancing ukurana leuwih leutik tibatan jambu haer. Nya
> > kira-kira sagede2 kancing raksasa.
> >
> > 9        Jeruk kampung anu ukuranna gede sok dijieun paparahuan jeung
> > dipake mengbal. Rasana haseum kacida.
> >
> > 10    Saga. Wanguna jiga kancing ngan teuasna kabina-bina. Rupana beureum
> > ati tur herang. Mun ayeunamah beureum metalic meureun.
> >
> > 11    Salak
> >
> > 12    Reunghas. Buah tina tangkal reunghas. Nubisa didahar anu warnana
> > geus beureum, nu hejo kenehmah pait kacida. Wanguna jiga buah leunca ngan
> > rada teuas.
> >
> > 13    Kacapi. Jigana kabeh oge apal nukumaha wangun buah kacapi.
> >
> > 14    Lobi Lobi. Wanguna buleud sagede indung leungeun mun asak warnana
> > beureum. Biasana sok dirujak atawa di loco. Diloco teh dirujak carana
> > diasupkeun kana awi sabuku tuluy dirojok-rojok make halu leutik ngarah
> > ancur kadangkala make gula ngarah teu haseum teuing.
> >
> > 15    Tundun bin rambutan anu identik jeung rasana haseum.
> >
> > 16    Pukih. Tah buah iyeu ayeuna masih keneh aya atawa euweuh?.
> > Baheulamah sikuring sok ngalaan dinu aki. Tangkalna the pendek deukeut
> > tangkal kawung. Inget mun ngala pukih the sok jeung budak bibi balik sakola
> > agama tuluy di C-U (cengek uyah) nyaeta cengek jeung uyah direndos tuluy
> > eta si sakadang pukih the di cocolkeun jiga kana sambel..
> >
> > 17    Harendong. Eta jiga leunca deui wae. Daun harendong biasana sok
> > pake parab domba atawa embe. Ngalaan harendong the sok bari ngarit ngala
> > parab domba jeung si Maman atawa si Tono balik sakola desa (SD).
> >
> > 18    Kupa. Buah iyeu rada jarang ayeunamah. Buahna haseum rada kesed bin
> > sepet. Tangkal
> >
> > 19    Mangu bin manggis. Sok maok tinu jenatna Nini Emong adina Nini
> > sikuring (ninina MJ oge). Mun kapanggih the sok dibaledogan ku jenatna Aki
> > Uri tegesna salaki Nini Emong da deukeut ka saungna.
> >
> > 20    Bencoy buahna jiga dukuh tapi teksturna halus bin lemes cangkangna
> > teh.
> >
> >
> > --
> >
> > dede solehudin
> >
> >  
> >
>



Kirim email ke