ayeuna geus tanggal 12, kaliwat atuh bewara teh...
heheh...

--- In [email protected], "syahrastatea" <em_zya@...> wrote:
>
> Bewara.
> Bilih aya nu caket sareng UIN Bandung
> Bedah buku Islamic Green Living, Salamadani - Grafindo, 2011.
> Kaping 11 Desember 2011, Aula UIN Bandung.
> Baktos,
> ::zya
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: "Dikdik" <d.kurnia@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Mon, 12 Dec 2011 00:51:10 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: [kisunda] Re: BIN ==>  [Urang Sunda] {urang sunda] maok buah (1)
> 
> sakanyaho kuring, di wanayasa mah:
> bencoy teh sarupa jeung menteng, ngan leuwih amis (kareueut) tur warna-na 
> semu2 beureum
> dukuh mah nu jiga pisitan ngan cangkangna kandel tur leuwih amis batan pisitan
> kokosan mah nu jiga pisitan, ngan ari pisitan mah buleud, ari kokosan mah 
> rada lonjong di congona teh, tur didaharna langsung dikokos, teu dipesék 
> heula teu jiga pisitan atawa dukuh nu dipesék heula cangkangna
> 
> 
> --- In [email protected], "lee_kelana@" <lee_kelana@> wrote:
> >
> > Nambihan,
> > Bencoy bin dukuh teh kokosan tea panginten nya? Rasana amis. Pami nu haseum 
> > mah menteng. Tah pami dukuh anu haseum mah pisitan namina.
> > Aya oge buah salam, campoleh, kesemek, cecenet, buah nona, limus atanapi 
> > pakel, sarikaya, honje, kadongdong, jeeste. Mangga geura pesekan hiji-hiji.
> > Anapon perkawis kecap bin, sigana salami masih keneh aya ijab kabul 
> > walimahan mah, boh ku basa sunda boh ku basa indo, kecap bin teh bakalan 
> > masih dipikawanoh. Apanan dugika danget ayeuna ijab kabul teh masih nu 
> > eta-eta keneh: 'nampi abdi nikah ka neng tet binti tit..sareng salajengna..
> > 
> > Nuhun,
> > Deni
> > 
> > 
> > -----Original Message-----
> > From: Ki Hasan
> > Sent:  11/12/2011 2:51:49 pm
> > Subject:  [kisunda] BIN ==> Re: [Urang Sunda] {urang sunda] maok buah (1)
> > 
> > Sok remen manggih dina postingan milis, perkara kecap "bin". Kaharti
> > maksudna mah, heureuy tea. Ngan katoongna ku uing, ieu kabiasaan migunakeun
> > "bin" jigana perlu ku urang dipalikiran deui. Misalna wae. mun jaga
> > sanggeus generasi awal urang Sunda melek Internet, geus tumpur kabeh. Geus
> > kaganti ku sababaraha generasi anyar. Meureun ieu postingan di milis teh,
> > bakal jiga kuburan badag arsip naskah Sunda abad siber. Heug generasi
> > kahareup teh, ngagalian ieu kuburan, rek nyieun kamus Sunda. Meureun salah
> > sahiji entrina teh "bin". Hehehe.
> > 
> > 2011/12/11 jangdede <jangdede@>
> > 
> > > **
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Ngaran Bubuahan Di Kampung Anu Mindeng didahar (ku sikuring) Waktu Budak,
> > > biasana beunang maok atawa menta. Ngarana keur budak, teu bisa
> > > dikategorikeun kana kriminal. heheh........
> > >
> > >
> > > 1        Kalapa Ngora bin Duwegan
> > >
> > > 2        Cereme bin Cireme
> > >
> > > 3        Hangasa. Tankalna jiga kapol
> > >
> > > 4        Kapol bin Kapulaga
> > >
> > > 5        Huni. Buah tangkal huni anu ukurana sagede-gede leunca.
> > >
> > > 6        Jambu Haer / Jambu air biasana warana beureum atawa kayas. Aya
> > > oge anu warnana bodas.
> > >
> > > 7        Jambu Batu bin jambu kulutuk model lokal anu eusina beureum
> > > atawa bodas
> > >
> > > 8        Jambu Kancing ukurana leuwih leutik tibatan jambu haer. Nya
> > > kira-kira sagede2 kancing raksasa.
> > >
> > > 9        Jeruk kampung anu ukuranna gede sok dijieun paparahuan jeung
> > > dipake mengbal. Rasana haseum kacida.
> > >
> > > 10    Saga. Wanguna jiga kancing ngan teuasna kabina-bina. Rupana beureum
> > > ati tur herang. Mun ayeunamah beureum metalic meureun.
> > >
> > > 11    Salak
> > >
> > > 12    Reunghas. Buah tina tangkal reunghas. Nubisa didahar anu warnana
> > > geus beureum, nu hejo kenehmah pait kacida. Wanguna jiga buah leunca ngan
> > > rada teuas.
> > >
> > > 13    Kacapi. Jigana kabeh oge apal nukumaha wangun buah kacapi.
> > >
> > > 14    Lobi Lobi. Wanguna buleud sagede indung leungeun mun asak warnana
> > > beureum. Biasana sok dirujak atawa di loco. Diloco teh dirujak carana
> > > diasupkeun kana awi sabuku tuluy dirojok-rojok make halu leutik ngarah
> > > ancur kadangkala make gula ngarah teu haseum teuing.
> > >
> > > 15    Tundun bin rambutan anu identik jeung rasana haseum.
> > >
> > > 16    Pukih. Tah buah iyeu ayeuna masih keneh aya atawa euweuh?.
> > > Baheulamah sikuring sok ngalaan dinu aki. Tangkalna the pendek deukeut
> > > tangkal kawung. Inget mun ngala pukih the sok jeung budak bibi balik 
> > > sakola
> > > agama tuluy di C-U (cengek uyah) nyaeta cengek jeung uyah direndos tuluy
> > > eta si sakadang pukih the di cocolkeun jiga kana sambel..
> > >
> > > 17    Harendong. Eta jiga leunca deui wae. Daun harendong biasana sok
> > > pake parab domba atawa embe. Ngalaan harendong the sok bari ngarit ngala
> > > parab domba jeung si Maman atawa si Tono balik sakola desa (SD).
> > >
> > > 18    Kupa. Buah iyeu rada jarang ayeunamah. Buahna haseum rada kesed bin
> > > sepet. Tangkal
> > >
> > > 19    Mangu bin manggis. Sok maok tinu jenatna Nini Emong adina Nini
> > > sikuring (ninina MJ oge). Mun kapanggih the sok dibaledogan ku jenatna Aki
> > > Uri tegesna salaki Nini Emong da deukeut ka saungna.
> > >
> > > 20    Bencoy buahna jiga dukuh tapi teksturna halus bin lemes cangkangna
> > > teh.
> > >
> > >
> > > --
> > >
> > > dede solehudin
> > >
> > >  
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke