Alesan anu kungsi katarima ku si kuring dina bab "leungeun lempeng ka
handap nalika sholat kieu: Sanggeus ditalungtik hukum dimana nempatkeun
leungeun nalika ngadeg sholat nya aya dua kelompok pendapat. Pendapat anu
kahiji teges2 ngaharamkeun posisi leungeun sidakeup jeung ngudukeun
(mengharuskan) leungeun lempeng ka handap. Sedengkeun pendapat anu kadua
ngahukuman sunah kana posisi leungeun sidakep. Tah dina kaayaan dua
pendapat anu pagedrug (pahareup-hareup kalayan teu bisa diakurkeun atawa
teu bisa diteangan jalan tengahna), nya ushul fiqih mere jalan sangkan
nyokot hukum atawa aturan anu kira2 baris salamet.

Jelasna kieu: lamun urang dina keur ngadeg sholat leungeun urang sidakep
urang baris meunang pahala sunah lamun saupama aturan anu netelakeun eta
perkara sunah teh eta hukum anu bener mungguh Alloh. Anapon lamun tetela
engke anu bener mungguh Alloh teh aturan atawa hukum anu ngaharamkeun
posisi leungeun sidakep, nya urang malah meunang hukum haram. Tapi
sabalikna, lamun posisi leungeun urang lempeng kahandap alias teu sidakep,
copelna urang teu meunang pahala sunnah nalika hukum anu bener mungguh
Alloh anu netelakeun sidakep teh sunnah; tapi urang henteu kahukuman haram
lamun anu hukum bener mungguh Alloh eta hukum haramna leungeun sidakep.

Hampura lamun rada lieur macana :) Maksudna mah nyiar jalan anu aman tina
hukum anu pagedrug ngeunaan hiji hal. Sok sanajan kitu, si kuring sholat
kadang2 leungeun sidakep, kadang2 leungeun dilempengkeun. Tiduna mah
mraktekeun "dahulukan akhlak daripada fiqh", tapi teuing ketang upama aya
anu ngalandi lolondokan mah nyerah deh :)

manar


2011/12/16 [email protected] <[email protected]>

> **
>
>
>
> shalat nu model kitu oge dilakukeun ti mazhab maliki. lengeunna leumpeung
> ka handap. pan di urang mah sidakep. jeung sidakepna oge aya dina pas
> bujal, beuteung, gigireun cangkeng.
>
>  
>

Kirim email ke