Kang Hasan... jadi urusan Sunni Syiah saleresna mah lain urusan ibadah. Pan nu dilakukeun ku urang Syiah dina shalat sarua jeung Maliki ti mazhab Sunni. Ieu karek ingeut... ceuk ulama mazhab Hanafi, ahlussunah keneh, yen ngucap takbir oge tiasa digentos ku Allahu Adzim, pan hartina mah ngagungkeun Allah. Aranjeuna ngamaknaan Takbir teh ngagungkeun Allah lain ngucapkeun Allahu Akbar. (mazhab Hanafi teh loba diagem di Irak). Pan beda jeung urang di Indonesia. Tah di Turki, jaman Kemal Attarturk, sholat oge babacaan na tiasa dibahasa Turki-keun. Adan oge tiasa ngangge basa daerah cenah. Eta teh di Turki nu kawentar Ahlussunah. Baheula oge pan kantos ribut MUI reh aya shalat fatihah na dibacakeun jeung tarjamah. Urang etan kitu laku teh atawa saha nya? Aya nu ingeut teu?
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 16 Desember 2011 13:53 Judul: Re: [kisunda] Re: ku naon Putu Nabi saw ditelasan? sholat Perkara sidakep jeung lempeng, uing kungsi meunang beja tina ceramah saurang mufti urang Perlis. Ceuk manehna nu wajibna mah takbirna, ari ngangkat leungeuna mah cenah sunah. Aya rekamanana. Inyana ahli sunnah. 2011/12/16 oman abdurahman <[email protected]> > >Alesan anu kungsi katarima ku si kuring dina bab "leungeun lempeng ka handap >nalika sholat kieu: Sanggeus ditalungtik hukum dimana nempatkeun leungeun >nalika ngadeg sholat nya aya dua kelompok pendapat. Pendapat anu kahiji teges2 >ngaharamkeun posisi leungeun sidakeup jeung ngudukeun (mengharuskan) leungeun >lempeng ka handap. Sedengkeun pendapat anu kadua ngahukuman sunah kana posisi >leungeun sidakep. Tah dina kaayaan dua pendapat anu pagedrug (pahareup-hareup >kalayan teu bisa diakurkeun atawa teu bisa diteangan jalan tengahna), nya >ushul fiqih mere jalan sangkan nyokot hukum atawa aturan anu kira2 baris >salamet. > >Jelasna kieu: lamun urang dina keur ngadeg sholat leungeun urang sidakep urang >baris meunang pahala sunah lamun saupama aturan anu netelakeun eta perkara >sunah teh eta hukum anu bener mungguh Alloh. Anapon lamun tetela engke anu >bener mungguh Alloh teh aturan atawa hukum anu ngaharamkeun posisi leungeun >sidakep, nya urang malah meunang hukum haram. Tapi sabalikna, lamun posisi >leungeun urang lempeng kahandap alias teu sidakep, copelna urang teu meunang >pahala sunnah nalika hukum anu bener mungguh Alloh anu netelakeun sidakep teh >sunnah; tapi urang henteu kahukuman haram lamun anu hukum bener mungguh Alloh >eta hukum haramna leungeun sidakep. > >Hampura lamun rada lieur macana :) Maksudna mah nyiar jalan anu aman tina >hukum anu pagedrug ngeunaan hiji hal. Sok sanajan kitu, si kuring sholat >kadang2 leungeun sidakep, kadang2 leungeun dilempengkeun. Tiduna mah >mraktekeun "dahulukan akhlak daripada fiqh", tapi teuing ketang upama aya anu >ngalandi lolondokan mah nyerah deh :) > >manar > > > >2011/12/16 [email protected] <[email protected]> > > > >> >> >>shalat nu model kitu oge dilakukeun ti mazhab maliki. lengeunna leumpeung ka >>handap. pan di urang mah sidakep. jeung sidakepna oge aya dina pas bujal, >>beuteung, gigireun cangkeng. >> >> >
