'ituh aya angin puyuh', cek dasun ka waja. di hareupeun dua jalma eta memang katingali angin nu muih, ngulincer. sabenerna mah anginna sorangan teu kadeuleu, lamun eta angin teu sabari muterkeun sakabeh barang nu karumpad rampid di jajalaneunana. bener, nu kawenehan ku dasun jeung waja ukur cangcut jeung kutang hasil ngaliwat sakoteap ka popoean ceu amsih, sarta kalakay jeung jukut garing hasil nyaba di tegalan sukueun pasir. nu sakabehna kaputerkeun ku angin limbung.
ustad fakir, guru ngaji di tajug lembur, kungsi ngadongeng, cenah gusti teh jiga angin. diguliksek ukur ku pancadria mah weleh moal kapanggih. siga basa kencring maksa angin nu asup kaluar, mata ukur ningali geunteulna kulit nu dikerok, angin nu asup teuing leos ka mana. atawa kulit ukur karasa camewek, basa peuting angin ngusapan pingping, nu ngaliglag teu katutup simbut samping, balas sare motah teuing. bungkeuleukanna angin, ukur bisa ditarima ku iman, cek ustad fakir, kitu deui gusti!, pungkasna. atawa hitut, saha nu kungsi ningali wujud anginna? ukur peledek bauna atawa ngoncrang sorana nu kadria ku manusa. 'naha nya angin teh beut bisa muter? naha nya ku urang sunda mah disebut angin puyuh? naha nya teu disebut angin kolecer wae? atawa angin muih sakalian? naha make kudu puyuh? naha puyuh sok puputeran? eh enya, lain aya manuk nu aranna puter, naha angin nu muih teh dibere aran eta manuk wae ongkoh?', dasun neruskeun, neregteg ku pananya. waja ukur ngareret sakedapan, semu kerung, ngan teu ngajawab pananya dasun, kalah ngareret deui ka puteran runtah jeung jeroan di hareupeunna. kapuihkeun angin puyuh, nu tambah lilimbungan. raray dasun jeung waja oge katembag. karasa ku duanana, awak asa disedot. leok..... leok weh, dasun jeung waja muih. nurutan cangcut, nurutan kutang, nurutan kalakay, nurutan jukut garing. muter..... muih..... muter ..... muih..... muter.... muih..... muter.... muih...... -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
