angin jeung hitut mah masih bisa direkam, divisualkeun geura. hahaha 2011/12/16 Dudi Herlianto <[email protected]>
> ** > > > 'ituh aya angin puyuh', cek dasun ka waja. > di hareupeun dua jalma eta memang katingali angin nu muih, ngulincer. > sabenerna mah anginna sorangan teu kadeuleu, lamun eta angin teu sabari > muterkeun sakabeh barang nu karumpad rampid di jajalaneunana. bener, nu > kawenehan ku dasun jeung waja ukur cangcut jeung kutang hasil ngaliwat > sakoteap ka popoean ceu amsih, sarta kalakay jeung jukut garing hasil nyaba > di tegalan sukueun pasir. nu sakabehna kaputerkeun ku angin limbung. > > ustad fakir, guru ngaji di tajug lembur, kungsi ngadongeng, cenah gusti > teh jiga angin. diguliksek ukur ku pancadria mah weleh moal kapanggih. siga > basa kencring maksa angin nu asup kaluar, mata ukur ningali geunteulna > kulit nu dikerok, angin nu asup teuing leos ka mana. atawa kulit ukur > karasa camewek, basa peuting angin ngusapan pingping, nu ngaliglag teu > katutup simbut samping, balas sare motah teuing. bungkeuleukanna angin, > ukur bisa ditarima ku iman, cek ustad fakir, kitu deui gusti!, pungkasna. > atawa hitut, saha nu kungsi ningali wujud anginna? ukur peledek bauna atawa > ngoncrang sorana nu kadria ku manusa. > > 'naha nya angin teh beut bisa muter? naha nya ku urang sunda mah disebut > angin puyuh? naha nya teu disebut angin kolecer wae? atawa angin muih > sakalian? naha make kudu puyuh? naha puyuh sok puputeran? eh enya, lain aya > manuk nu aranna puter, naha angin nu muih teh dibere aran eta manuk wae > ongkoh?', dasun neruskeun, neregteg ku pananya. waja ukur ngareret > sakedapan, semu kerung, ngan teu ngajawab pananya dasun, kalah ngareret > deui ka puteran runtah jeung jeroan di hareupeunna. kapuihkeun angin puyuh, > nu tambah lilimbungan. > > raray dasun jeung waja oge katembag. karasa ku duanana, awak asa disedot. > leok..... leok weh, dasun jeung waja muih. nurutan cangcut, nurutan kutang, > nurutan kalakay, nurutan jukut garing. muter..... muih..... muter ..... > muih..... muter.... muih..... muter.... muih...... > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >
