WINNER teh jalma nu dame, harmoni jeung alam jeung papada.
LOSER teh jalma nu rumaos bener dewek batur sesat.

TiRiliK
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

--- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
>
> Miwarang jadi Winner ulah jadi LOSER
> 
> --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@> wrote:
> >
> > Kang Abbas, jigana akang, saneskanten jalma sadaya, butuh ka Gusti nu eta 
> > nyah? Miwarangan naon tah Gusti kang Abbas teh jang urang sadaya?
> > 
> > TiRiLik
> > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> > 
> > --- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> > >
> > > Ari Gusti nu disembah ku Kaula mh Nya ta Gusti Nu Mangerann sakabh alam : 
> > > 1. Alam dunya  2. Alam semesta  3. Alam Akherat
> > > 4.Nu nyadiakeun sagala fasilitas jeung peralatan pikeun makhluqna jeung 
> > > mere pituduh kumaha cara mengelola eta failitas jeung peralatan.
> > > 
> > > Sakitu we ti Kaula !@ Sok aya pertanyaan ?
> > > 
> > > 
> > > --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@> wrote:
> > > >
> > > > Ieu jang ngawaler S Hawking.
> > > > 
> > > > Kula ngabenerkeun ageman S Hawking (SH) nu netelakeun make alat fisika 
> > > > nyen Gusti (manehna) teh teu aya. Gusti dina kalimat samemeh ieu make 
> > > > kecap sipat (manehna) nu nunjukeun Gusti nu aya dina konsep SH 
> > > > sorangan. 
> > > > 
> > > > Permasalahan ieu saenyana sakitu sederhanana. Gusti nu diteuayakeun ku 
> > > > SH teh Gusti nu mana? 
> > > > 
> > > > Beda deui jeung Gusti kula. Nyaeta Gusti nu ku kula dipupusti, 
> > > > dipentatulungNa. Kecap Gusti ti semet ieu nunjuk ka Gusti nu kula. 
> > > > Sangkan kaharti, kula rek make siloka (Alegori ceuk basa deungeun.) 
> > > > Siloka ieu hiji geh teu aya nu nyurup. Teu aya hiji siloka nu nyurup 
> > > > kana misal Anjeuna. Lamun disebatkeun Gusti eta 'aya,' ayaNa beda jeung 
> > > > ayana sahabae, naonbae di sakuliah jagat, satungkebing langit. Lamun 
> > > > disebatkeun 'hirup,' hirupNa lain jiga hirup manusa atawa makeluk hirup 
> > > > nu lain.
> > > > 
> > > > Tapi, Gusti aya. Gusti hirup.
> > > > 
> > > > Gusti nu dipupusti ngawaler sakabeh paneda kula, mangkawelas, 
> > > > mangkaasih. RahmatNa miheulaan angkaraNa.
> > > > 
> > > > Gusti aya dina teuayana, teuaya dina ayana. Ti Anjeuna sakabeh nu aya, 
> > > > ka anjeuna balik teuayana.
> > > > 
> > > > Kaimanan kula ngeun ukur nyakseni kana cicirenNa nu aya dina awaking 
> > > > jeung sakabeh nu aya di sakuliahjagat, satungkebing langit. Kaasup, 
> > > > Baduy, Syiah, Wahabi, Karesten, Budha, Hindu, Maya, Zulu, Papua, Arab, 
> > > > Jepang, Kebo, Batu, Bintang, Langit, Anjing, Babi.
> > > > 
> > > > Kaasup jelema nu sok popoyok, bener aing salah batur. Kaasup SH nu make 
> > > > alat 'akal'-na mendakan Gusti (manehna.)
> > > > 
> > > > Gusti bener ayana, kula nyakseni. Ngeun kaimanan kula, bisa bener bisa 
> > > > salah. Sabab Gusti nu eta teu ka untup ku sakabeh kasadaran bahasa kula.
> > > > 
> > > > Ngeun kula teudeuk arek ngajak balarea sangkan 'percaya' ka Gusti nu 
> > > > dipupusti ku kula. Anjeun boga kabuyutan, kula boga kabuyutan. Jojong.
> > > > 
> > > > Iheung.
> > > > 
> > > > Ari Gusti nu dipupusti ku anjeun jiga kumaha silokana?
> > > > 
> > > > Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baheula.
> > > > 
> > > > TiRiLik
> > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> > > >
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke