Hehehe. Enya oge tah Kang TiRiLiK

2011/12/28 Tubagus Rifki L <[email protected]>

> **
>
>
> WINNER teh jalma nu dame, harmoni jeung alam jeung papada.
> LOSER teh jalma nu rumaos bener dewek batur sesat.
>
> TiRiliK
>
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
>
> --- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
> >
> > Miwarang jadi Winner ulah jadi LOSER
> >
> > --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@> wrote:
> > >
> > > Kang Abbas, jigana akang, saneskanten jalma sadaya, butuh ka Gusti nu
> eta nyah? Miwarangan naon tah Gusti kang Abbas teh jang urang sadaya?
> > >
> > > TiRiLik
> > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> > >
> > > --- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> > > >
> > > > Ari Gusti nu disembah ku Kaula mh Nya ta Gusti Nu Mangerann sakabh
> alam : 1. Alam dunya 2. Alam semesta 3. Alam Akherat
> > > > 4.Nu nyadiakeun sagala fasilitas jeung peralatan pikeun makhluqna
> jeung mere pituduh kumaha cara mengelola eta failitas jeung peralatan.
> > > >
> > > > Sakitu we ti Kaula !@ Sok aya pertanyaan ?
> > > >
> > > >
> > > > --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@> wrote:
> > > > >
> > > > > Ieu jang ngawaler S Hawking.
> > > > >
> > > > > Kula ngabenerkeun ageman S Hawking (SH) nu netelakeun make alat
> fisika nyen Gusti (manehna) teh teu aya. Gusti dina kalimat samemeh ieu
> make kecap sipat (manehna) nu nunjukeun Gusti nu aya dina konsep SH
> sorangan.
> > > > >
> > > > > Permasalahan ieu saenyana sakitu sederhanana. Gusti nu
> diteuayakeun ku SH teh Gusti nu mana?
> > > > >
> > > > > Beda deui jeung Gusti kula. Nyaeta Gusti nu ku kula dipupusti,
> dipentatulungNa. Kecap Gusti ti semet ieu nunjuk ka Gusti nu kula. Sangkan
> kaharti, kula rek make siloka (Alegori ceuk basa deungeun.) Siloka ieu hiji
> geh teu aya nu nyurup. Teu aya hiji siloka nu nyurup kana misal Anjeuna.
> Lamun disebatkeun Gusti eta 'aya,' ayaNa beda jeung ayana sahabae, naonbae
> di sakuliah jagat, satungkebing langit. Lamun disebatkeun 'hirup,' hirupNa
> lain jiga hirup manusa atawa makeluk hirup nu lain.
> > > > >
> > > > > Tapi, Gusti aya. Gusti hirup.
> > > > >
> > > > > Gusti nu dipupusti ngawaler sakabeh paneda kula, mangkawelas,
> mangkaasih. RahmatNa miheulaan angkaraNa.
> > > > >
> > > > > Gusti aya dina teuayana, teuaya dina ayana. Ti Anjeuna sakabeh nu
> aya, ka anjeuna balik teuayana.
> > > > >
> > > > > Kaimanan kula ngeun ukur nyakseni kana cicirenNa nu aya dina
> awaking jeung sakabeh nu aya di sakuliahjagat, satungkebing langit. Kaasup,
> Baduy, Syiah, Wahabi, Karesten, Budha, Hindu, Maya, Zulu, Papua, Arab,
> Jepang, Kebo, Batu, Bintang, Langit, Anjing, Babi.
> > > > >
> > > > > Kaasup jelema nu sok popoyok, bener aing salah batur. Kaasup SH nu
> make alat 'akal'-na mendakan Gusti (manehna.)
> > > > >
> > > > > Gusti bener ayana, kula nyakseni. Ngeun kaimanan kula, bisa bener
> bisa salah. Sabab Gusti nu eta teu ka untup ku sakabeh kasadaran bahasa
> kula.
> > > > >
> > > > > Ngeun kula teudeuk arek ngajak balarea sangkan 'percaya' ka Gusti
> nu dipupusti ku kula. Anjeun boga kabuyutan, kula boga kabuyutan. Jojong.
> > > > >
> > > > > Iheung.
> > > > >
> > > > > Ari Gusti nu dipupusti ku anjeun jiga kumaha silokana?
> > > > >
> > > > > Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baheula.
> > > > >
> > > > > TiRiLik
> > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> > > > >
> > > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke