TANJUNG KALIWUNG Ku Godi Suwarna jungjunan, anjeun ngejat tina rangkulan kadeudeuh kebat pundung ti basisir, kumalayang tunggang lambak sanggeus tresna ngawarangan di banjarkarang karancang ngaligincing ka sagara pangancikan nu kasawang gumarabyag mulang ukur mawa raheut jeung hangit rarawék haté basa asih kari ruhak ‘na kikisik
jungjunan, horéng anjeun teu leler dibangbalérkeun ngagugudug sabot nyumput di sédong jaladri mongkléng teu kadongkang ku gupay kalakay méga ti langit garing harita, mangsa tandes jeung rob-roban salah wayah ukur parahu nu weruh yén sagara keur marudah réh anjeun ngabarungsinang jungjunan, kalan-kalan rambut anjeun ngabebela di sagara ngaduruk pucuk balébat, ngagolakkeun punduk lambak laut geuneuk ku amarah nu disidem di leuweung ganggeng hawar-hawar sora anjeun jumerit awor jeung angin gumelebug neumbrag karang salingkung tanjung ngagederkeun jantung leuweung jungjunan, geuning anjeun meupeuskeuyang ngabedah-bedah amarah di puseur nagri jaladri téténjrag di dasar bumi, banjarkarang digunjang-ganjing tuluy anjeun ngabudalkeun jungkiringan gunung lambak nu ngaguludug ti sukulangit, gumulung ngepung basisir ngabencar-bencarkeun kalbu jungjunan, anjeun mah biheung di mana basa jerit jeung cimata kakubur ‘na ruhak lambak barang tanjung humarurung dirurub halimun wuyung geuning anjeun tuluy suwung ti basisir nu pasiksak sabada saban pasini dipungkas lalancip pati kari lembur ngalanglayung (pangandaran, 17-7- ’06)
