Cenah ieu teh dikarang pakait jeung musibah Tsunami Pangandaran. Kabehna
mah aya 5 sajak. Ke urang posting-keun

2012/1/1 Asep Yani <[email protected]>

> **
>
>
> Eta teh riwayat godi dipangejatkeun kusaha?
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* Ki Sunda <[email protected]>
> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Sunday, January 1, 2012 4:16 PM
> *Subject:* [kisunda] Sajak - Tanjung Kaliwung
>
>
> TANJUNG KALIWUNG
> Ku Godi Suwarna
>
> jungjunan,
> anjeun ngejat tina rangkulan kadeudeuh
> kebat pundung ti basisir, kumalayang tunggang lambak
> sanggeus tresna ngawarangan di banjarkarang karancang
> ngaligincing ka sagara pangancikan nu kasawang gumarabyag
> mulang ukur mawa raheut jeung hangit rarawék haté
> basa asih kari ruhak ‘na kikisik
>
> jungjunan,
> horéng anjeun teu leler dibangbalérkeun
> ngagugudug sabot nyumput di sédong jaladri mongkléng
> teu kadongkang ku gupay kalakay méga ti langit garing
> harita, mangsa tandes jeung rob-roban salah wayah
> ukur parahu nu weruh yén sagara keur marudah
> réh anjeun ngabarungsinang
>
> jungjunan,
> kalan-kalan rambut anjeun ngabebela di sagara
> ngaduruk pucuk balébat, ngagolakkeun punduk lambak
> laut geuneuk ku amarah nu disidem di leuweung ganggeng
> hawar-hawar sora anjeun jumerit awor jeung angin
> gumelebug neumbrag karang salingkung tanjung
> ngagederkeun jantung leuweung
>
> jungjunan,
> geuning anjeun meupeuskeuyang
> ngabedah-bedah amarah di puseur nagri jaladri
> téténjrag di dasar bumi, banjarkarang digunjang-ganjing
> tuluy anjeun ngabudalkeun jungkiringan gunung lambak
> nu ngaguludug ti sukulangit, gumulung ngepung basisir
> ngabencar-bencarkeun kalbu
>
> jungjunan,
> anjeun mah biheung di mana
> basa jerit jeung cimata kakubur ‘na ruhak lambak
> barang tanjung humarurung dirurub halimun wuyung
> geuning anjeun tuluy suwung ti basisir nu pasiksak
> sabada saban pasini dipungkas lalancip pati
> kari lembur ngalanglayung
>
> (pangandaran, 17-7- ’06)
>
>
>
>   
>

Kirim email ke