Taun Baru Saka Sunda, 1 Sura 1945
Dinten:                              Soma

Pasaran:                            Kaliwon
Taun:                                 Wau
Windu:                              Kuntara
Candra
Sangkala:             Rahayu Karya Ngesti
Tunggal
Kalender Masehi:            Senen 28 November 2011
 
Sampurasun,
Perwatek tina
candrasangkala taun ieu nyaeta nagara urang keur dina kaayaan merlukeun pisan 
karya-karya
anu harade ti rahayatna geusan nanjeurkeun kajayaan di buana. Karya anu Rahayu
nyatana sagala tingkah paripolah pangeusi nagara anu ditujukeun kana
karaharjaan balarea, beresih tina kapentingan pribadi sumawona kapentingan
golongan. Estu ngaheulakeun kapentingan balarea tanpa pandang pangkat, agama,
kapercayaan,  bangsa jeung golongan
sakumaha anu kaunggel dina Pancasila anu kadua nyaeta Kamanusaan. Anapon anu
disebut pangeusi nagara nyaeta ti mimiti rahayat leutik nepikeun ka para
pangagung anu masing-masing boga pacabakan jeung tanggung jawabna 
sewang-sewangan,
karyawan ku karyana, guru ku atikanana, prajurit ku juritna, pamarentah ku
pangayomna, pulisi ku kaamanana, patani ku tatanena, pelajar ku getol diajarna,
para pangsiunan ku ngadidik anak turunanana atawa mukakeun lawang-lawang panto
usaha. Teu kakantun para pangangguran anu kuduna leuwih sibuk neangan pacabakan
bari ngaronjatkeun elmu pangaweruh nyiar pangabisa sangkan kaasup kana golongan
produktif. 
Dina taun ieu
pisan, sakabeh gawe hade nu ditujukeun keur nagara bakal ngabuahkeun deui 
kahadean
sabab didukung ku kaayaan politik jeung ekonomi dunia dina wanci ayeuna, kadia
nyambut sawah dina usum ngijih anu bakal ngabuahkeun pare anu garomplok.
Kiwari, kamajuan keur aya di beulah Asia anu dikokojoan ku Cina jeung ngarembet
ka nagara sabudeureunana kaasup Nusantara. Kajayaan Bumi Asia anu kungsi
nyongcolang sababaraha abad katukang, ayeuna keur nerekel deui arek nanjeur
nyaangan jagat, jayana Bumi Nusantara hiji waktu bakal pikaserabeun deui sabab
mibanda alam anu beunghar ku kakayaan jeung warisan elmu pangaweruh ti karuhun
anu luhung taya hinggana. Tinggal kumaha urang arek metakeun ieu alam ku
elmuna, kumaha ketakna Manusa Nusantara nyanghareupan pangaruh luar anu teu
rido kana kamajuan urang boh dina widang ekonomi atawa kabudayaan.
Eunteung
sapribadieun keur ngigelan taun 1945 S, nyaeta Karya Rahayu bakal mawa
kajayaan, kaunggulan, kamajuan jeung kajembaran keur diri pribadi. Sabalikna,
pagawean teu hade oge bakal malik malindes deui ka diri urang sorangan, teu
ayeuna pasti jaga. Karya Rahayu kudu dimimitian ku batina anu Rahayu sabab
batin anu pakusut tur pejeujeut ku kagorengan moal bisa ngahasilkeun pagawean
anu hade. Panyakit hate sarupaning sirik, pidik, jail, kaniaya, duduga peryoga,
iren, panasren, panasbaran, geuleuhan, usilan, cegekan, neuteuli, kakeuheul,
kaambek, jeung sajabana, geuwat gera beresihan sabab bakal ngahalangan kana
kamajuan. Tekadkeun dina hate yen dina poe ayeuna pisan urang arek nancebkeun
sikep balungbang timur, caang bulan opat belas teu geungeuk teu maleukmeuk,
urang hampura sakabeh jelema saalam dunia anu kungsi nganyenyeri, ngahina,
nyiksa, nganiaya, jeung sajabana di waktu nu geus kaliwat. Kolot ngahampura
anakna, anak ngahampura kolotna, silih hampura papada batur hirup jeung silih
tulungan. Utamana pisan urang kudu bisa ngahampura ka diri pribadi bisi dina
alam katukang diri urang teu bisa nyugemakeun sakumaha kahayang urang, boh
gering ku panyakit lahir, sumawona ku panyakit pikir sarupaning pamalesan,
pangedulan, kasalahan, dosa perdosaan, anu antukna ngahalangan kana Kajayaan
Diri urang ayeuna. Hampura diri pribadi sewang-sewangan ngarah hampang
ngalengkah ka hareupna, leupaskeun gantar kakaitan mangsa katukang sabab moal
baralik  kaalaman deui, jadikeun
pangalaman hade atawa goreng keur pieunteungeun kana nyambut kamajuan.
Dimana wae urang
ayeuna ayana, naon wae pacabakanana, gede atawa leutik tanggung jawabna,
beunghar atawa walurat rejekina, luhur atawa handap sakolana, kolot atawa ngora
umurna, sehat atawa gering warugana, sakabehna teu jadi ukuran jeung euweuh nu
bisa ngajamin pikumahaeun jeung pikamanaeun kahirupan urang di mangsa nu bakal
datang. Nu bakal nangtukeun pikamanaeun jeung pikumahaeun kahirupan urang, isuk
jaganing geto, taya lian ti TUJUAN jeung TAREKAH keur nyangking eta tujuan.
Mangka hade urang kudu boga tujuan pikahareupeun, arek kumaha peta urang keur
isukan, pageto, minggu hareup, bulan hareup, taun engke, sapuluh taun kahareup,
salawe taun kahareup, jeung saterusna. Hayang siga kumaha anak turunan urang
jaga, mangka geura didik diri urang ti ayeuna sangkan nurunkeun anak incu buyut
anu garede jasana keur nagara. Melak hade buahna hade, melak goreng buahna
goreng, nu teu pepelakan wayahna moal boga hasil. Geura amparkeun jalan-jalan
keur mawa diri urang ti poe ieu, sing nepi kana tujuan nu dicita-citakeun. Alam
nyadiakeun kaperluan keur manusa kalayan mahi, tinggal kumaha urang metakeunana
sangkan RAHAYU waluya jati ku kersana Gusti Nu Maha Suci.
NGESTI TUNGGAL
ngandung harti sagala rupa tekad, ucap jeung paripolah kudu ditujukeun keur
babakti ka Nu Maha Tunggal sangkan beresih tina adigung adiguna, estu sepi ing
pamrih rame ing gawe.  
Sakitu anu tiasa
dipedar, neda agung cukup lumur, neda jembar pangaksami bilih langkung saur
bahe carek pamugi kersa ngahapunten.
Nyanggakeun
pangeling-ngeling ka Paguron R Arif Muhamad Yahya Kartanagara nu linggih di
kalanggenan.
Rahayu! Rahayu!
Rahayu

Kirim email ke