Bah AA, upami bade ningali aliran/ sekte dina Islam, sigana kedah dicandak
heula ti ngawitan Islam kabeulah dua, nyaeta Sunni sareng Syiah. Dua aliran
badag ieu masing-masing kabagai-bagi deui, dugi ka puluhan , malah ratusan
aliran ( jauh ngalangkungan 73 aliran). Nu badag di Sunni mazhab nu opat,
tapi aya oge nu ngaku teu ngiluan mazhab (cenah mah Wahabbi kaasup ieu). Di
Syiah aya nu disebut Syiah 12 imam, Syiah 6 iman, ...jeung sajabana kaasup
sababraha sekte Syiah di Pakistan nu salah sahijina ngaluarkeun panghargaan
arsitektur keur dunia Islam AGA KHAN REWARD.

Salam,
WALUYA


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Monday, January 02, 2012 1:10 PM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Sabaraha hiji atuh sekte atawa aliran di Islam teh ?




Cek cenah aya HADITS nu nyebukeun Rasul pernah ngalahir yen bakal aya 73
papantan;
kabehanana ngaku ISLAM. Tapi nu bener ngan hiji .
Nu mana ? Duka teh teuing.

Nu ayeuna aya :
1. Golongan Sunni atawa sunnah
2. Tambahan ti na sunah nya eta sunnah wal jamaah
3. Syi'ah
4. Salafi
5. Wahabbi
6. Muhammadiyah, ampir sarua jeung Wahabbi, ayana di Indonesia
7. NU ; ngakuna sunnah wal Jamaah
8. Qodiriah
9. Jabarriyah
10. Persis ; ampir sarua oge jung wahabbi/salafi
11. Islam Jamaah
12. Islam Liberal
13. Islam lokal samodel hakekok
14. Islam gplongan sufi
15. Mu_tazillah
16. Khawarij

Encan deui golongan Syafiiyah, Malikiyah; Hanafiyyah, Hanbaliyah jrrd.
Sakabehna ngaku Islam. Teu nyaho teuing nu mana nu bener Islamna mah.

Sekte2 ieu aya nu boga ORSOSPOLna aya oge nu nangtung sorangan.

Mun urang ngabandungan matak lieur pisan.

Aya nu kumplit nepi kakawasaan; aya oge ngan ukur akidah; aya oge nu ngan
ukur ritual ibadah wungkul !

Ciri anu nonjol :
Syafiiyah - aya Qunut Shubuh bari diaminkeun
Hanafiyah - ibadahna rada HESE jeung loba aturan
Qodariyah jeung Jabarriyh ampir euweuh deui ayeuna mah.
Syi_ah - jelas pisan nepi ka na politik kakawasaan
Khawarij - ayana waktu Ali getreng jeung Muawiyyah; ayeuna duka th. Cirina
ngafirkun ka nu sejen ngan maranehna nu ngarasa bener sorangan. Kabeh urang
Islam, salian ti khawarij halal getihna.
DI/TII di Indonesia baheula tindakanana model khawarij.

Mu_tazillah : Kabeh kudu make logika; mun teu asup akal kudu ditolak; atawa
disalaraskeun jeung Ilmiah.

Aya hiji deui golongan : teu asup mana wae oge tapi ngaku Islam oge. Nu ieu
mah teu ngagroup; teu boga golongan; ngan nganggap ibadah ka Allah ku cara
Islam. Cecekelanana ti mana wae nu sakirana teu patukang tonggong jeung
Qur_an.
Jadi manehna : ngakuna Qur_an jeung Hadits; shalat lima waktu; zakat.
Dalilna tina  dzaalikl kitaabu laaroibafiihi hudan lil muttaqiin. Alladziina
yu_minuuna bilghaibi jeung saterusna. Pokona keur maranehna; nu dicekel
kumaha carana jadi jelema muttaqiin salaras jeung definisi jeung deskripsi
di na surat Al Baqarah ayat2 awal.







------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke