kedah ditinggal heula, aliran Islam dina widang naon? Teologi/aqidah mah nu badag na Syiah jeung Sunni. Dua ieu masih keneh aya dugi kiwari. Aya oge Kahwarij, Asyariyah, Jabariyah, Qadariyah, Maturidiyah, jeung Wahabiyah (ieu masih keneh hirup). Syiah oge pan boga aliran2 deui: Imamiyah (12 imam, jeung nu loba dianut ku urang Islam), Ismailiyah, Zaidiyah, jeung nu sejenna. Aliran tasawuf pan aya: Naqsyabandiyah, Qadariyah, Uwaisiyah, Qadariyah Naqsabandiyah, Maulawiyah, Satariyah, Tijaniyah, jeung nu sejenna. Aliran fikih pan aya: Malikiyah, Hambaliyah, Syafiiyah, Hanafiyah, Dzahiriyah, Jafariyah, jeung nu sejenna. Aliran filsafat Islam: Israqiyah, Mutaaliyah, masaiyah, jeung lainna Kitu oge dina widang tafsir jeung hadis, loba aliran-aliranna Simkuring kantos ngabahas perkawis aliran teologi mah dina buku aliran-aliran dalam Islam diterbitkeun ku Salamadani. Perkawis aliran hadis mah tiasa dibaca dina buku Ulumul Hadis, sareng aliran tafsir mah aos buku ulumul quran atanapi pengantar tafsir. Sok geura maeung ka toko buku Palasari Bnadung, seur buku nu kitu mah. Eta buku2 nu sapopoe dibaca sareng disawalakeun ku barudak mahasiswa UIN di kelas. mu ormas kaagamaan mah seueur oge di Indonesia: IJABI, ABI, NU, MUhammadiyah, Persis, DDI, Wahdah Islamiyah, DMI, MMI, Hizbut Tahrir, jeung sajabana....
________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Senin, 2 Januari 2012 13:25 Judul: RE: [kisunda] Sabaraha hiji atuh sekte atawa aliran di Islam teh ? Bah AA, upami bade ningali aliran/ sekte dina Islam, sigana kedah dicandak heula ti ngawitan Islam kabeulah dua, nyaeta Sunni sareng Syiah. Dua aliran badag ieu masing-masing kabagai-bagi deui, dugi ka puluhan , malah ratusan aliran ( jauh ngalangkungan 73 aliran). Nu badag di Sunni mazhab nu opat, tapi aya oge nu ngaku teu ngiluan mazhab (cenah mah Wahabbi kaasup ieu). Di Syiah aya nu disebut Syiah 12 imam, Syiah 6 iman, ...jeung sajabana kaasup sababraha sekte Syiah di Pakistan nu salah sahijina ngaluarkeun panghargaan arsitektur keur dunia Islam AGA KHAN REWARD. Salam, WALUYA From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Monday, January 02, 2012 1:10 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [kisunda] Sabaraha hiji atuh sekte atawa aliran di Islam teh ? Cek cenah aya HADITS nu nyebukeun Rasul pernah ngalahir yen bakal aya 73 papantan; kabehanana ngaku ISLAM. Tapi nu bener ngan hiji . Nu mana ? Duka teh teuing. Nu ayeuna aya : 1. Golongan Sunni atawa sunnah 2. Tambahan ti na sunah nya eta sunnah wal jamaah 3. Syi'ah 4. Salafi 5. Wahabbi 6. Muhammadiyah, ampir sarua jeung Wahabbi, ayana di Indonesia 7. NU ; ngakuna sunnah wal Jamaah 8. Qodiriah 9. Jabarriyah 10. Persis ; ampir sarua oge jung wahabbi/salafi 11. Islam Jamaah 12. Islam Liberal 13. Islam lokal samodel hakekok 14. Islam gplongan sufi 15. Mu_tazillah 16. Khawarij Encan deui golongan Syafiiyah, Malikiyah; Hanafiyyah, Hanbaliyah jrrd. Sakabehna ngaku Islam. Teu nyaho teuing nu mana nu bener Islamna mah. Sekte2 ieu aya nu boga ORSOSPOLna aya oge nu nangtung sorangan. Mun urang ngabandungan matak lieur pisan. Aya nu kumplit nepi kakawasaan; aya oge ngan ukur akidah; aya oge nu ngan ukur ritual ibadah wungkul ! Ciri anu nonjol : Syafiiyah - aya Qunut Shubuh bari diaminkeun Hanafiyah - ibadahna rada HESE jeung loba aturan Qodariyah jeung Jabarriyh ampir euweuh deui ayeuna mah. Syi_ah - jelas pisan nepi ka na politik kakawasaan Khawarij - ayana waktu Ali getreng jeung Muawiyyah; ayeuna duka th. Cirina ngafirkun ka nu sejen ngan maranehna nu ngarasa bener sorangan. Kabeh urang Islam, salian ti khawarij halal getihna. DI/TII di Indonesia baheula tindakanana model khawarij. Mu_tazillah : Kabeh kudu make logika; mun teu asup akal kudu ditolak; atawa disalaraskeun jeung Ilmiah. Aya hiji deui golongan : teu asup mana wae oge tapi ngaku Islam oge. Nu ieu mah teu ngagroup; teu boga golongan; ngan nganggap ibadah ka Allah ku cara Islam. Cecekelanana ti mana wae nu sakirana teu patukang tonggong jeung Qur_an. Jadi manehna : ngakuna Qur_an jeung Hadits; shalat lima waktu; zakat. Dalilna tina dzaalikl kitaabu laaroibafiihi hudan lil muttaqiin. Alladziina yu_minuuna bilghaibi jeung saterusna. Pokona keur maranehna; nu dicekel kumaha carana jadi jelema muttaqiin salaras jeung definisi jeung deskripsi di na surat Al Baqarah ayat2 awal.
