Cek cenah aya HADITS nu nyebukeun Rasul pernah ngalahir yen bakal aya 73 
papantan;
kabehanana ngaku ISLAM. Tapi nu bener ngan hiji .
Nu mana ? Duka teh teuing.

Nu ayeuna aya :
1. Golongan Sunni atawa sunnah
2. Tambahan ti na sunah nya eta sunnah wal jamaah
3. Syi'ah
4. Salafi
5. Wahabbi
6. Muhammadiyah, ampir sarua jeung Wahabbi, ayana di Indonesia
7. NU ; ngakuna sunnah wal Jamaah
8. Qodiriah
9. Jabarriyah
10. Persis ; ampir sarua oge jung wahabbi/salafi
11. Islam Jamaah
12. Islam Liberal
13. Islam lokal samodel hakekok
14. Islam gplongan sufi
15. Mu_tazillah
16. Khawarij

Encan deui golongan Syafiiyah, Malikiyah; Hanafiyyah, Hanbaliyah jrrd.
Sakabehna ngaku Islam. Teu nyaho teuing nu mana nu bener Islamna mah.

Sekte2 ieu aya nu boga ORSOSPOLna aya oge nu nangtung sorangan.

Mun urang ngabandungan matak lieur pisan.

Aya nu kumplit nepi kakawasaan; aya oge ngan ukur akidah; aya oge nu ngan ukur 
ritual ibadah wungkul !

Ciri anu nonjol :
Syafiiyah - aya Qunut Shubuh bari diaminkeun
Hanafiyah - ibadahna rada HESE jeung loba aturan
Qodariyah jeung Jabarriyh ampir euweuh deui ayeuna mah.
Syi_ah - jelas pisan nepi ka na politik kakawasaan
Khawarij - ayana waktu Ali getreng jeung Muawiyyah; ayeuna duka th. Cirina 
ngafirkun ka nu sejen ngan maranehna nu ngarasa bener sorangan. Kabeh urang 
Islam, salian ti khawarij halal getihna.
DI/TII di Indonesia baheula tindakanana model khawarij.

Mu_tazillah : Kabeh kudu make logika; mun teu asup akal kudu ditolak; atawa 
disalaraskeun jeung Ilmiah.

Aya hiji deui golongan : teu asup mana wae oge tapi ngaku Islam oge. Nu ieu mah 
teu ngagroup; teu boga golongan; ngan nganggap ibadah ka Allah ku cara Islam. 
Cecekelanana ti mana wae nu sakirana teu patukang tonggong jeung Qur_an.
Jadi manehna : ngakuna Qur_an jeung Hadits; shalat lima waktu; zakat.
Dalilna tina  dzaalikl kitaabu laaroibafiihi hudan lil muttaqiin. Alladziina 
yu_minuuna bilghaibi jeung saterusna. Pokona keur maranehna; nu dicekel kumaha 
carana jadi jelema muttaqiin salaras jeung definisi jeung deskripsi di na surat 
Al Baqarah ayat2 awal.

Kirim email ke