Dina bagian, "mun nanya jauh keneh Batavia teh ?" Ari abdi mah sok tara pake spasi deui mun aya tanda "?".. Janten ditulisna, "mun nanya jauh keneh Batavia teh?"
Upami saena kumaha..? Baktos, ::zya Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 7 Jan 2012 12:41:44 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 49 Episode ka 24 Lalajo Wayang di Cihuni Enya we geuning jauh pisan Kota Batavia teh; geus tilu poe perjalanan can nepi keneh wae; lamun kabeneran panggih jeung jelema di Lembur mana bae; mun nanya jauh keneh Batavia teh ? tangtu Jalma bakal meunang jawaban nu bari seuri atuh puguh we Jang; ti mana Ujang teh ? nyorangan ka Batavia ? wanian pisan ? Jalma hayang pisan ka Batavia, lantaran nurutkeun Ki Nurustunjung, tah nya Batavia eta, nu sagala aya mah; lain wae kadaharan, atawa barang nu araheng; dalah jelemana oge cenah loba nu araheng; lain wungkul urang Sunda atawa urang Wetan wungkul, atawa Bangsa Sebrang; malah nu jarauh pisan, ti SISI LANGIT araya di Batavia mah; nu matak Jalma hayang pisan nempo DUNYA teh. Bari jeung sakalian neangan raratan, sugan jeung sugan di perjalanan, atawa di Batavia sakalian; panggih jeung Ma Emeh; eta teh kamungkinan gede indung aing; kitu Jalma mikirna. Cek urang lembur, boroning ka Batavia, dalah ka Sukabumi oge Kota nu pangdeukeutna, masih jauh keneh. Di na perjalanan ieu Jalma teu make deui rompi jeung sapuratina; malah kantong Maung na ge diasupkeun ka na buntelan nu biasa; lantaran Jalma sieun loba kahalangan perjalananana ku sabab ngaran Pendekar Maung Sancang geus sohor pisan; manehna inget saat2 dimana Ipah mere Bros ka manehna, ku sabab rusuh jeung harita Maghrib, “tanda mata” ti manehna mah sabenerna mah nu teu pantes pisan, nya eta hiji peso nu seukeut kabeh; eta ge dibungkus ku kulit Maung, nu masih nyesa na kantongna. Mun dipikir ayeuna, Jalma rada ngagebeg, sabab sieun ngabahayakeun Ipah; lantaran eta peso leutik teh seukeut kabeh; mudah2an we tong dibuka2 ku Ipah, lantaran mun henteu bisa raheut. Wah nanaonan aing mere nu kitu ka Ipah ? Enyaan BODO sia mah Jalma; cek hatena nyalahkeun dirina. Padahal kaciri Ipahna mah ngadaregdeg narimana ge, lantaran boga “tanda mata” ti KANG JALMA. Sanggeus sababaraha poe lilana Jalma leumpang, bari dahar saaya aya; jeung sare sadugna; ahirna Jalma nepi ka hiji lembur nu rada gegek oge, disebutna cenah Cihuni, harita waktu asup ka eta lembur, Jalma nempo di Hiji imah nu rada gede keur pakepuk nyieun papanggungan; manehna rada heran aya naon nyieun panggung ? naha aya adu jago, atawa sabangsana, ku sabab hayang nyaho, bari sakalian dahar, da geus sababaraha poe teu nimu kejo, nya Jalma nyimpang ka hiji warung, nu kabeneran aya , hiji warung gowengan, tapi lamun aya nu hayang dahar, bisa oge sakalian ngajual sangu. Nya ti tukang warung, Jalma meunang katerangan yen eta teh Ki Sueb , rek ngayakeun kariyaan nyunatan anakna; nya rek nanggap wayang, sabab anakna teh meunang hayang; geus lima taun kawin can boga wae anak; nu matak teu kapalang sanggeus si budak rada gede disunatan, make nanggap wayang sagala. Cenah wayang teh dalangna ngahaja ti Cikatomas, Bogor; mayarna ge cenah mahal 30 duit Emas ( Gulden ); tapi da Ki Sueb jegud, nya ditebak we. Ujang ka dieu ngahaja rek lalajo Wayang ? si tukang warung nanya. Ah henteu, kuring mah kabeneran ngaliwat. Euh Ujang teh ti nu jauh? Rek kamana Jang? Kuring rek ka Batavia . Naon ? Batavia ? Wah atuh ku leumpang mah meureun sabulaneun, jauh kota teh Jang. Muhun, keun we lah bari nempoan pamandangan. Rek naon ka kota ? neangan pacabakan ? Naha di lembur Ujang ngaligeuh ? Wah ieu tukang warung teh beuki ngomong, jeung sagala hayang nyaho, kitu pikiran Jalma. Sanggeus ngahuleng sakeudeung, tukang warung bari seuri nanya :”Ari sare sok dimana Jang ?” Jalma:”Nya dimana we sa dugna.” Tukang warung:”Jang eta sangu teh sataleneun, sok we bayar ayeuna, lantaran ieu warung rek gancang tutup; bapa rek lalajo wayang.” “Wah ieu tukang warung teu percayaeun ka aing, lantaran uing ngajawab sare sadugna; nya pantes we.”Jalma mikir, bari nya terus we babayar. Sanggeus kitu terus pamit; ah hayang lalajo oge, nu kumaha ari wayang teh ? Jalma niat rek di dinya sapeuting mah; hayang nyaho nu disebut Wayang tea. Sabada shalat isa, jung we Jalma nuju ka imah Ki Sueb tea, geus loba jelema nu daratang ngadon lalajo tanggapan wayang, di panggung geus kaciri hempak panayagan jeung para sinden; dalangna mah teu kaciri, meureun keur dijamu keneh ku nu boga imah; disatukangeun tempat Ki Dalang rempeg wayang tea; tapi can dimimitian. Lampu kompa nu gede pisan aya satukangeun tempat Dalang; dihareupeun tempaat Dalang aya layar bodas lumayan badag, jadi pantes aya lampu kompa meureun supaya nyorot wayang, engke ari dimaenkeun, jadi kaciri kalangkang na layar. Jadi Wayang teh kalangkang, bayangan. Nu lalajo beuki nakleuk, jigana mah lain urang di nya wungkul; tukang dagang oge nakleuk, aya tukang sate, tukang soto; tukang pecel; nu ngajual gorengan ge aya. Jalma resep pisan nempo tukang dagang nu ngajual rupa2 kadaharan. Manehna meuli suuk asin jeung suuk kulub; hargana sapeser. Teu lila, Dalang geus datang, diuk terus toroktoktok............... Nang neng Nong, mimiti tukang saron ti nayaga nu ngamimitian, geeeerrrr, atuh nu lalajo sarurak ayeuh2an; disambung ku tukang kendang, jeung rebab; ngong we neng sinden manyanyi. Enya ngeunah pisan ka na ceuli teh, Jalma mani peler2 we ngadenge sora sinden ngalagu ; sorana sakitu halimpuna. Sanggeus GOONG disada, nya kompak ayeuna mah kabeh gamelan ditabeuh; beuki rame we bonang jeung kondang oge siga nu silih udag. Beuki rame nu lalajo salusurakan. Enyaan resep oge Jalma lalajo; ayeuna Jalma jadi apal ka na sakabeh gamelan; lantaran loba nu lalajo komentar :”Kendangna euy ! sok atuh Goong gancang takol ulat elat ! Ulah nundutan siah tukang saron. Ku kituna Jalma jadi apal ka na gamelan nu keur ditarabeuh teh; da teu eureun2 nu lalajo cocorowokan. Toroktok tok; torok tok, toroktok................ gamelan mimiti ngambreng; sinden ge milu; lantaran ieu tanda sakeudeung deui kudu eureun, bagean dalang rek ngabuka Kakawen. ( baheula mah nu disebut WAYANG teh ngan UKUR wayang kulit wungkul ). Ahirna gamelan eureun kabeh; Dalang mimiti ngahaleuang oge; terus toroktoktok................. Swuh rep data pitana; anenggih nagari pundi hingkang ka eka adi dasa purwa. Cek tukang kendang rada tarik: Eka; dalang nerangkeun : sahiji; Adi ! cek tukang kendang deui. Dalang ngajelaskeun deui leuwih atawa lineuwih. Dasa !? Dalang:”Sapuluh.” Tukang kendang:”Purwa!?” Dalang:”Wiwitan.” Dalang nuluykeun deui kakawenna:”Najan katah titahing bathara kasongan ing akasa katah ing samya anggana raras, namung boten kadi Nagara Astinapura; ya hing Gajahoya...................nong nong nong............. kadenge tukang gondang nakolan keur mamanis eta kakawen............. Jalma enyaan teu ngarasa tunduh sama sakali lalajo wayang teh; ngan beuteung karasa lapar. Ah da duit ti H. Syarif baheula aya keneh; bari ayeuna yeuh nyacapkeun kasono ka na kadaharan nu ngareunah. Jalma indit ka tukang sate dibere jojodog deker we Jalma dahar sate 10 tusuk; daharna jeung kupat sagede peureup. Tambah ku gorengan. Jalma pesen bajigur nu dikopian. Karasa nimatna. Jang, cek tukang sate; sok geura peuting kieu mah, nikmat udud geura; tah dibere hiji ku bapa; mangkaning bako molena ge pelem pisan Cap H. Sanoesi ti Bandung. Sanggeus kitu Jalma mayar ku duit saringgit tea, nu aya tulisan 2 satengah Gulden; aduh cek tukang sate atuh tong ageung teuing artosna, aya artos alit teu ? Kusiwel we Jalma neneangan duit kabeneran masih aya 3 kelipan wungkul; tah sakelip ge cekap atuh jang. Angsulna ku Jalma dibeulikeun kana roko kawung 4 siki. Tukang sate atoheun pisan. Sok geura cobaan, cek tukang sate. Nya atuh sanggeus dahar bari nginum bajigur, Jalma ngajaran udud daun kawung; bakona mole tea; enya we ngeunah; bari ngadedenge sinden nu nyanyi jeung Dalang ngigelkeun wayang, bari sakapeung dialokan ku para nayaga. Nu resep ngadengekeunana mah eta lamun para nayaga geus alok kieu : Laguna anu rame, senggakna u eu u eu ! Terus ngong Sinden :”laguna anu rame senggakna ura erong, kawih di aleu aleu senggot julat jalitrong; silih rerbut paisan kosong.” Geus kitu kaluar we para panakawan : Semar, Cepot, Udel, Gareng. Nu Lalajo kaleprok mani rame. Nya waktu harita, loba nu sok ngalungan duit ku sapungan ka para sinden, menta lagu. Harita sindenna Nyi Icih jeung Nyi Anah; kapake pisan; mani lung deui lung deui nu ngaralungan. Waktu Gatotkacha kaluar; dorogdog kendang ngadorogdog; geeer nu keprok jeung suit matak kaindit. Lagu pencana Pleredan, atuh teu eureun2 nu surak; mani ting jarerit. Nu Jalma rada kaget, aya oge pamudana nu garelut; alatan ti na pasesedek hayang nempo sinden pangdeukeutna; untung teu lila da Kulisi Cihuni gancang datang jeung pasukanana, nu garelut dipisah; dibawa ka sisi. Lalakonna harita teh Parta Krama; kawinan Arjuna ka Sumbadra; atuh memang rame pisan ieu carita teh; nepi ka subuh Jalma teu sare sakerejep2 acan. Sanggeus waktuna shubuh, wayang can tamat, Jalma indit we sorangan shalat shubuh. Geus kitu mah teu balik deui, dug sek we sare. Hudang2 karasa geus beurang , terus we Jalma ka susukan, ngadon mandi; geus tarapti, bius we neruskeun lalampahan. Teu sabaraha lila, Jalma geus nepi ka Sukabumi. Jalan teh nanjak mudun, Jalma resep pisan nempo pamandangan; ka ditu ka dieu awas. Sukabumi teh hiji dayeuh leutik, nu lumayan gegek oge imahna; jeung kaciri aralus. Aya hiji dua, nu imahna dijieun ti na beton; moal salah pasti jelema beunghar. HANCA
