Nuhun Ki Hasan... 
Baktos,
::zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 7 Jan 2012 13:58:45 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda ka 49

Pedoman Umum EYD:
===
H. Tanda Tanya (?)

1. Tanda tanya dipakai pada akhir kalimat tanya.

Misalnya:
Kapan ia berangkat?
Saudara tahu, bukan?

2. Tanda taya dipakai dalam tanda kurung untuk menyatakan bagian kalimat
yang
disangsikan atau yang kurang dapat membuktikan kebenarannya.

Misalnya:
Ia dilahirkan pada tahun 1983 (?).
Uangnya sebanyak 10 jta rupiah (?) hilang.
===

2012/1/7 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>

> **
>
>
> ** Dina bagian, "mun nanya jauh keneh Batavia teh ?"
>
> Ari abdi mah sok tara pake spasi deui mun aya tanda "?".. Janten
> ditulisna, "mun nanya jauh keneh Batavia teh?"
>
> Upami saena kumaha..?
> Baktos,
> ::zya
>
> Rampes™
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amin <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 7 Jan 2012 12:41:44 +0800 (SGT)
> *To: *kisunda<[email protected]>; urangsunda<
> [email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Cersil Sunda ka 49
>
>
>
> *Episode ka 24 Lalajo Wayang di Cihuni*
>
>
>
> Enya we geuning jauh pisan Kota Batavia teh; geus tilu poe perjalanan can
> nepi keneh wae; lamun kabeneran panggih jeung jelema di Lembur mana bae;
> mun nanya jauh keneh Batavia teh ? tangtu Jalma bakal meunang jawaban nu
> bari seuri atuh puguh we Jang; ti mana Ujang teh ? nyorangan ka Batavia ?
> wanian pisan ? Jalma hayang pisan ka Batavia, lantaran nurutkeun Ki
> Nurustunjung, tah nya Batavia eta, nu sagala aya mah; lain wae kadaharan,
> atawa barang nu araheng; dalah jelemana oge cenah loba nu araheng; lain
> wungkul urang Sunda atawa urang Wetan wungkul, atawa Bangsa Sebrang; malah
> nu jarauh pisan, ti SISI LANGIT araya di Batavia mah; nu matak Jalma hayang
> pisan nempo DUNYA teh. Bari jeung sakalian neangan raratan, sugan jeung
> sugan di perjalanan, atawa di Batavia sakalian;  panggih jeung Ma Emeh;
> eta teh kamungkinan gede indung aing; kitu Jalma mikirna. Cek urang lembur,
> boroning ka Batavia, dalah ka Sukabumi oge Kota nu pangdeukeutna, masih
> jauh keneh.
>
>
>
> Di na perjalanan ieu Jalma teu make deui rompi jeung sapuratina; malah
> kantong Maung na ge diasupkeun ka na buntelan nu biasa; lantaran Jalma
> sieun loba kahalangan perjalananana ku sabab ngaran Pendekar Maung Sancang
> geus sohor pisan; manehna inget saat2 dimana Ipah mere Bros ka manehna, ku
> sabab rusuh jeung harita Maghrib, “tanda mata” ti manehna mah sabenerna mah
> nu teu pantes pisan, nya eta hiji peso nu seukeut kabeh; eta ge dibungkus
> ku kulit Maung, nu masih nyesa na kantongna. Mun dipikir ayeuna, Jalma rada
> ngagebeg, sabab sieun ngabahayakeun Ipah; lantaran eta peso leutik teh
> seukeut kabeh; mudah2an we tong dibuka2 ku Ipah, lantaran mun henteu bisa
> raheut. Wah nanaonan aing mere nu kitu ka Ipah ? Enyaan BODO sia mah Jalma;
> cek hatena nyalahkeun dirina. Padahal kaciri Ipahna mah ngadaregdeg
> narimana ge, lantaran boga “tanda mata” ti KANG JALMA.
>
>
>
> Sanggeus sababaraha poe lilana Jalma leumpang, bari dahar saaya aya; jeung
> sare sadugna; ahirna Jalma nepi ka hiji lembur nu rada gegek oge, disebutna
> cenah Cihuni, harita waktu asup ka eta lembur, Jalma nempo di Hiji imah nu
> rada gede keur pakepuk nyieun papanggungan; manehna rada heran aya naon
> nyieun panggung ? naha aya adu jago, atawa sabangsana, ku sabab hayang
> nyaho, bari sakalian dahar, da geus sababaraha poe teu nimu kejo, nya Jalma
> nyimpang ka hiji warung, nu kabeneran aya , hiji warung gowengan, tapi
> lamun aya nu hayang dahar, bisa oge sakalian ngajual sangu. Nya ti tukang
> warung, Jalma meunang katerangan yen eta teh Ki Sueb , rek ngayakeun
> kariyaan nyunatan anakna; nya rek nanggap wayang, sabab anakna teh meunang
> hayang; geus lima taun kawin can boga wae anak; nu matak teu kapalang
> sanggeus si budak rada gede disunatan, make nanggap wayang sagala. Cenah
> wayang teh dalangna ngahaja ti Cikatomas, Bogor; mayarna ge cenah mahal 30
> duit Emas ( Gulden ); tapi da Ki Sueb jegud, nya ditebak we. Ujang ka dieu
> ngahaja rek lalajo Wayang ? si tukang warung nanya. Ah henteu, kuring mah
> kabeneran ngaliwat. Euh Ujang teh ti nu jauh? Rek kamana Jang? Kuring rek
> ka Batavia . Naon ? Batavia ? Wah atuh ku leumpang mah meureun sabulaneun,
> jauh kota teh Jang. Muhun, keun we lah bari nempoan pamandangan. Rek naon
> ka kota ? neangan pacabakan ? Naha di lembur Ujang ngaligeuh ? Wah ieu
> tukang warung teh beuki ngomong, jeung sagala hayang nyaho, kitu pikiran
> Jalma.
>
> Sanggeus ngahuleng sakeudeung, tukang warung bari seuri nanya :”Ari sare
> sok dimana Jang ?”
>
> Jalma:”Nya dimana we sa dugna.”
>
> Tukang warung:”Jang eta sangu teh sataleneun, sok we bayar ayeuna,
> lantaran ieu warung rek gancang tutup; bapa rek lalajo wayang.”
>
>
> “Wah ieu tukang warung teu percayaeun ka aing, lantaran uing ngajawab sare
> sadugna; nya pantes we.”Jalma mikir, bari nya terus we babayar. Sanggeus
> kitu terus pamit; ah hayang lalajo oge, nu kumaha ari wayang teh ? Jalma
> niat rek di dinya sapeuting mah; hayang nyaho nu disebut Wayang tea.
>
> Sabada shalat isa, jung we Jalma nuju ka imah Ki Sueb tea, geus loba
> jelema nu daratang ngadon lalajo tanggapan wayang, di panggung geus kaciri
> hempak panayagan jeung para sinden; dalangna mah teu kaciri, meureun keur
> dijamu keneh ku nu boga imah; disatukangeun tempat Ki Dalang rempeg wayang
> tea; tapi can dimimitian. Lampu kompa nu  gede pisan aya satukangeun
> tempat Dalang; dihareupeun tempaat Dalang aya layar bodas lumayan badag,
> jadi pantes aya lampu kompa meureun supaya nyorot wayang, engke ari
> dimaenkeun, jadi kaciri kalangkang na layar. Jadi Wayang teh kalangkang,
> bayangan.
>
> Nu lalajo beuki nakleuk, jigana mah lain urang di nya wungkul; tukang
> dagang oge nakleuk, aya tukang sate, tukang soto; tukang pecel; nu ngajual
> gorengan ge aya. Jalma resep pisan nempo tukang dagang nu ngajual rupa2
> kadaharan. Manehna meuli suuk asin jeung suuk kulub; hargana sapeser.
>
>
> Teu lila, Dalang geus datang, diuk terus toroktoktok............... Nang
> neng Nong, mimiti tukang saron ti nayaga nu ngamimitian, geeeerrrr, atuh nu
> lalajo sarurak ayeuh2an; disambung ku tukang kendang, jeung rebab; ngong we
> neng sinden manyanyi. Enya ngeunah pisan ka na ceuli teh, Jalma mani peler2
> we ngadenge sora sinden ngalagu ; sorana sakitu halimpuna. Sanggeus GOONG
> disada, nya kompak ayeuna mah kabeh gamelan ditabeuh; beuki rame we bonang
> jeung kondang oge siga nu silih udag. Beuki rame nu lalajo salusurakan.
>
>
> Enyaan resep oge Jalma lalajo; ayeuna Jalma jadi apal ka na sakabeh
> gamelan; lantaran loba nu lalajo komentar :”Kendangna euy ! sok atuh Goong
> gancang takol ulat elat ! Ulah nundutan siah tukang saron. Ku kituna Jalma
> jadi apal ka na gamelan nu keur ditarabeuh teh; da teu eureun2 nu lalajo
> cocorowokan.
>
>
> Toroktok  tok; torok tok, toroktok................ gamelan mimiti
> ngambreng; sinden ge milu; lantaran ieu tanda sakeudeung deui kudu eureun,
> bagean dalang rek ngabuka Kakawen. ( baheula mah nu disebut WAYANG teh ngan
> UKUR wayang kulit wungkul ).
>
>
> Ahirna gamelan eureun kabeh; Dalang mimiti ngahaleuang oge; terus
> toroktoktok................. Swuh rep data pitana; anenggih nagari pundi
> hingkang ka eka adi dasa purwa.
>
> Cek tukang kendang rada tarik: Eka; dalang nerangkeun : sahiji; Adi ! cek
> tukang kendang deui. Dalang ngajelaskeun deui leuwih atawa lineuwih. Dasa !?
>
> Dalang:”Sapuluh.” Tukang kendang:”Purwa!?”
>
> Dalang:”Wiwitan.”
>
> Dalang nuluykeun deui kakawenna:”Najan katah titahing bathara kasongan ing
> akasa katah ing samya anggana raras, namung boten kadi Nagara Astinapura;
> ya hing Gajahoya...................nong nong nong............. kadenge
> tukang gondang nakolan keur mamanis eta kakawen.............
>
>
> Jalma enyaan teu ngarasa tunduh sama sakali lalajo wayang teh; ngan
> beuteung karasa lapar. Ah da duit ti H. Syarif baheula aya keneh; bari
> ayeuna yeuh nyacapkeun kasono ka na kadaharan nu ngareunah. Jalma indit ka
> tukang sate dibere jojodog deker we Jalma dahar sate 10 tusuk; daharna
> jeung kupat sagede peureup. Tambah ku gorengan. Jalma pesen bajigur nu
> dikopian. Karasa nimatna.
>
>
> Jang, cek tukang sate; sok geura peuting kieu mah, nikmat udud geura; tah
> dibere hiji ku bapa; mangkaning bako molena ge pelem pisan Cap H. Sanoesi
> ti Bandung.
>
> Sanggeus kitu Jalma mayar ku duit saringgit tea, nu aya tulisan 2 satengah
> Gulden; aduh cek tukang sate atuh tong ageung teuing artosna, aya artos
> alit teu ? Kusiwel we Jalma neneangan duit kabeneran masih aya 3 kelipan
> wungkul; tah sakelip ge cekap atuh jang. Angsulna ku Jalma dibeulikeun kana
> roko kawung 4 siki. Tukang sate atoheun pisan.
>
>
> Sok geura cobaan, cek tukang sate. Nya atuh sanggeus dahar bari nginum
> bajigur, Jalma ngajaran udud daun kawung; bakona mole tea; enya we ngeunah;
> bari ngadedenge sinden nu nyanyi jeung Dalang ngigelkeun wayang, bari
> sakapeung dialokan ku para nayaga.
>
>
> Nu resep ngadengekeunana mah eta lamun para nayaga geus alok kieu : Laguna
> anu rame, senggakna u eu u eu ! Terus ngong Sinden :”laguna anu rame
> senggakna ura erong, kawih di aleu aleu senggot julat jalitrong; silih
> rerbut paisan kosong.”
>
>
> Geus kitu kaluar we para panakawan : Semar, Cepot, Udel, Gareng. Nu Lalajo
> kaleprok mani rame. Nya waktu harita, loba nu sok ngalungan duit ku
> sapungan ka para sinden, menta lagu. Harita sindenna Nyi Icih jeung Nyi
> Anah; kapake pisan; mani lung deui lung deui nu ngaralungan.
>
>
> Waktu Gatotkacha kaluar; dorogdog kendang ngadorogdog; geeer nu keprok
> jeung suit matak kaindit. Lagu pencana Pleredan, atuh teu eureun2 nu surak;
> mani ting jarerit. Nu Jalma rada kaget, aya oge pamudana nu garelut; alatan
> ti na pasesedek hayang nempo sinden pangdeukeutna; untung teu lila da
> Kulisi Cihuni gancang datang jeung pasukanana, nu garelut dipisah; dibawa
> ka sisi.
>
>
> Lalakonna harita teh Parta Krama; kawinan Arjuna ka Sumbadra; atuh memang
> rame pisan ieu carita teh; nepi ka subuh Jalma teu sare sakerejep2 acan.
> Sanggeus waktuna shubuh, wayang can tamat, Jalma indit we sorangan shalat
> shubuh.
>
>
> Geus kitu mah teu balik deui, dug sek we sare.
>
> Hudang2 karasa geus beurang , terus we Jalma ka susukan, ngadon mandi;
> geus tarapti, bius we neruskeun lalampahan. Teu sabaraha lila, Jalma geus
> nepi ka Sukabumi. Jalan teh nanjak mudun, Jalma resep pisan nempo
> pamandangan; ka ditu ka dieu awas. Sukabumi teh hiji dayeuh leutik, nu
> lumayan gegek oge imahna; jeung kaciri aralus. Aya hiji dua, nu imahna
> dijieun ti na beton; moal salah pasti jelema beunghar.
>
>
> HANCA
>
>   
>

Kirim email ke