Pedoman Umum EYD: === H. Tanda Tanya (?) 1. Tanda tanya dipakai pada akhir kalimat tanya.
Misalnya: Kapan ia berangkat? Saudara tahu, bukan? 2. Tanda taya dipakai dalam tanda kurung untuk menyatakan bagian kalimat yang disangsikan atau yang kurang dapat membuktikan kebenarannya. Misalnya: Ia dilahirkan pada tahun 1983 (?). Uangnya sebanyak 10 jta rupiah (?) hilang. === 2012/1/7 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]> > ** > > > ** Dina bagian, "mun nanya jauh keneh Batavia teh ?" > > Ari abdi mah sok tara pake spasi deui mun aya tanda "?".. Janten > ditulisna, "mun nanya jauh keneh Batavia teh?" > > Upami saena kumaha..? > Baktos, > ::zya > > Rampes™ > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Abbas Amin <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sat, 7 Jan 2012 12:41:44 +0800 (SGT) > *To: *kisunda<[email protected]>; urangsunda< > [email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] Cersil Sunda ka 49 > > > > *Episode ka 24 Lalajo Wayang di Cihuni* > > > > Enya we geuning jauh pisan Kota Batavia teh; geus tilu poe perjalanan can > nepi keneh wae; lamun kabeneran panggih jeung jelema di Lembur mana bae; > mun nanya jauh keneh Batavia teh ? tangtu Jalma bakal meunang jawaban nu > bari seuri atuh puguh we Jang; ti mana Ujang teh ? nyorangan ka Batavia ? > wanian pisan ? Jalma hayang pisan ka Batavia, lantaran nurutkeun Ki > Nurustunjung, tah nya Batavia eta, nu sagala aya mah; lain wae kadaharan, > atawa barang nu araheng; dalah jelemana oge cenah loba nu araheng; lain > wungkul urang Sunda atawa urang Wetan wungkul, atawa Bangsa Sebrang; malah > nu jarauh pisan, ti SISI LANGIT araya di Batavia mah; nu matak Jalma hayang > pisan nempo DUNYA teh. Bari jeung sakalian neangan raratan, sugan jeung > sugan di perjalanan, atawa di Batavia sakalian; panggih jeung Ma Emeh; > eta teh kamungkinan gede indung aing; kitu Jalma mikirna. Cek urang lembur, > boroning ka Batavia, dalah ka Sukabumi oge Kota nu pangdeukeutna, masih > jauh keneh. > > > > Di na perjalanan ieu Jalma teu make deui rompi jeung sapuratina; malah > kantong Maung na ge diasupkeun ka na buntelan nu biasa; lantaran Jalma > sieun loba kahalangan perjalananana ku sabab ngaran Pendekar Maung Sancang > geus sohor pisan; manehna inget saat2 dimana Ipah mere Bros ka manehna, ku > sabab rusuh jeung harita Maghrib, “tanda mata” ti manehna mah sabenerna mah > nu teu pantes pisan, nya eta hiji peso nu seukeut kabeh; eta ge dibungkus > ku kulit Maung, nu masih nyesa na kantongna. Mun dipikir ayeuna, Jalma rada > ngagebeg, sabab sieun ngabahayakeun Ipah; lantaran eta peso leutik teh > seukeut kabeh; mudah2an we tong dibuka2 ku Ipah, lantaran mun henteu bisa > raheut. Wah nanaonan aing mere nu kitu ka Ipah ? Enyaan BODO sia mah Jalma; > cek hatena nyalahkeun dirina. Padahal kaciri Ipahna mah ngadaregdeg > narimana ge, lantaran boga “tanda mata” ti KANG JALMA. > > > > Sanggeus sababaraha poe lilana Jalma leumpang, bari dahar saaya aya; jeung > sare sadugna; ahirna Jalma nepi ka hiji lembur nu rada gegek oge, disebutna > cenah Cihuni, harita waktu asup ka eta lembur, Jalma nempo di Hiji imah nu > rada gede keur pakepuk nyieun papanggungan; manehna rada heran aya naon > nyieun panggung ? naha aya adu jago, atawa sabangsana, ku sabab hayang > nyaho, bari sakalian dahar, da geus sababaraha poe teu nimu kejo, nya Jalma > nyimpang ka hiji warung, nu kabeneran aya , hiji warung gowengan, tapi > lamun aya nu hayang dahar, bisa oge sakalian ngajual sangu. Nya ti tukang > warung, Jalma meunang katerangan yen eta teh Ki Sueb , rek ngayakeun > kariyaan nyunatan anakna; nya rek nanggap wayang, sabab anakna teh meunang > hayang; geus lima taun kawin can boga wae anak; nu matak teu kapalang > sanggeus si budak rada gede disunatan, make nanggap wayang sagala. Cenah > wayang teh dalangna ngahaja ti Cikatomas, Bogor; mayarna ge cenah mahal 30 > duit Emas ( Gulden ); tapi da Ki Sueb jegud, nya ditebak we. Ujang ka dieu > ngahaja rek lalajo Wayang ? si tukang warung nanya. Ah henteu, kuring mah > kabeneran ngaliwat. Euh Ujang teh ti nu jauh? Rek kamana Jang? Kuring rek > ka Batavia . Naon ? Batavia ? Wah atuh ku leumpang mah meureun sabulaneun, > jauh kota teh Jang. Muhun, keun we lah bari nempoan pamandangan. Rek naon > ka kota ? neangan pacabakan ? Naha di lembur Ujang ngaligeuh ? Wah ieu > tukang warung teh beuki ngomong, jeung sagala hayang nyaho, kitu pikiran > Jalma. > > Sanggeus ngahuleng sakeudeung, tukang warung bari seuri nanya :”Ari sare > sok dimana Jang ?” > > Jalma:”Nya dimana we sa dugna.” > > Tukang warung:”Jang eta sangu teh sataleneun, sok we bayar ayeuna, > lantaran ieu warung rek gancang tutup; bapa rek lalajo wayang.” > > > “Wah ieu tukang warung teu percayaeun ka aing, lantaran uing ngajawab sare > sadugna; nya pantes we.”Jalma mikir, bari nya terus we babayar. Sanggeus > kitu terus pamit; ah hayang lalajo oge, nu kumaha ari wayang teh ? Jalma > niat rek di dinya sapeuting mah; hayang nyaho nu disebut Wayang tea. > > Sabada shalat isa, jung we Jalma nuju ka imah Ki Sueb tea, geus loba > jelema nu daratang ngadon lalajo tanggapan wayang, di panggung geus kaciri > hempak panayagan jeung para sinden; dalangna mah teu kaciri, meureun keur > dijamu keneh ku nu boga imah; disatukangeun tempat Ki Dalang rempeg wayang > tea; tapi can dimimitian. Lampu kompa nu gede pisan aya satukangeun > tempat Dalang; dihareupeun tempaat Dalang aya layar bodas lumayan badag, > jadi pantes aya lampu kompa meureun supaya nyorot wayang, engke ari > dimaenkeun, jadi kaciri kalangkang na layar. Jadi Wayang teh kalangkang, > bayangan. > > Nu lalajo beuki nakleuk, jigana mah lain urang di nya wungkul; tukang > dagang oge nakleuk, aya tukang sate, tukang soto; tukang pecel; nu ngajual > gorengan ge aya. Jalma resep pisan nempo tukang dagang nu ngajual rupa2 > kadaharan. Manehna meuli suuk asin jeung suuk kulub; hargana sapeser. > > > Teu lila, Dalang geus datang, diuk terus toroktoktok............... Nang > neng Nong, mimiti tukang saron ti nayaga nu ngamimitian, geeeerrrr, atuh nu > lalajo sarurak ayeuh2an; disambung ku tukang kendang, jeung rebab; ngong we > neng sinden manyanyi. Enya ngeunah pisan ka na ceuli teh, Jalma mani peler2 > we ngadenge sora sinden ngalagu ; sorana sakitu halimpuna. Sanggeus GOONG > disada, nya kompak ayeuna mah kabeh gamelan ditabeuh; beuki rame we bonang > jeung kondang oge siga nu silih udag. Beuki rame nu lalajo salusurakan. > > > Enyaan resep oge Jalma lalajo; ayeuna Jalma jadi apal ka na sakabeh > gamelan; lantaran loba nu lalajo komentar :”Kendangna euy ! sok atuh Goong > gancang takol ulat elat ! Ulah nundutan siah tukang saron. Ku kituna Jalma > jadi apal ka na gamelan nu keur ditarabeuh teh; da teu eureun2 nu lalajo > cocorowokan. > > > Toroktok tok; torok tok, toroktok................ gamelan mimiti > ngambreng; sinden ge milu; lantaran ieu tanda sakeudeung deui kudu eureun, > bagean dalang rek ngabuka Kakawen. ( baheula mah nu disebut WAYANG teh ngan > UKUR wayang kulit wungkul ). > > > Ahirna gamelan eureun kabeh; Dalang mimiti ngahaleuang oge; terus > toroktoktok................. Swuh rep data pitana; anenggih nagari pundi > hingkang ka eka adi dasa purwa. > > Cek tukang kendang rada tarik: Eka; dalang nerangkeun : sahiji; Adi ! cek > tukang kendang deui. Dalang ngajelaskeun deui leuwih atawa lineuwih. Dasa !? > > Dalang:”Sapuluh.” Tukang kendang:”Purwa!?” > > Dalang:”Wiwitan.” > > Dalang nuluykeun deui kakawenna:”Najan katah titahing bathara kasongan ing > akasa katah ing samya anggana raras, namung boten kadi Nagara Astinapura; > ya hing Gajahoya...................nong nong nong............. kadenge > tukang gondang nakolan keur mamanis eta kakawen............. > > > Jalma enyaan teu ngarasa tunduh sama sakali lalajo wayang teh; ngan > beuteung karasa lapar. Ah da duit ti H. Syarif baheula aya keneh; bari > ayeuna yeuh nyacapkeun kasono ka na kadaharan nu ngareunah. Jalma indit ka > tukang sate dibere jojodog deker we Jalma dahar sate 10 tusuk; daharna > jeung kupat sagede peureup. Tambah ku gorengan. Jalma pesen bajigur nu > dikopian. Karasa nimatna. > > > Jang, cek tukang sate; sok geura peuting kieu mah, nikmat udud geura; tah > dibere hiji ku bapa; mangkaning bako molena ge pelem pisan Cap H. Sanoesi > ti Bandung. > > Sanggeus kitu Jalma mayar ku duit saringgit tea, nu aya tulisan 2 satengah > Gulden; aduh cek tukang sate atuh tong ageung teuing artosna, aya artos > alit teu ? Kusiwel we Jalma neneangan duit kabeneran masih aya 3 kelipan > wungkul; tah sakelip ge cekap atuh jang. Angsulna ku Jalma dibeulikeun kana > roko kawung 4 siki. Tukang sate atoheun pisan. > > > Sok geura cobaan, cek tukang sate. Nya atuh sanggeus dahar bari nginum > bajigur, Jalma ngajaran udud daun kawung; bakona mole tea; enya we ngeunah; > bari ngadedenge sinden nu nyanyi jeung Dalang ngigelkeun wayang, bari > sakapeung dialokan ku para nayaga. > > > Nu resep ngadengekeunana mah eta lamun para nayaga geus alok kieu : Laguna > anu rame, senggakna u eu u eu ! Terus ngong Sinden :”laguna anu rame > senggakna ura erong, kawih di aleu aleu senggot julat jalitrong; silih > rerbut paisan kosong.” > > > Geus kitu kaluar we para panakawan : Semar, Cepot, Udel, Gareng. Nu Lalajo > kaleprok mani rame. Nya waktu harita, loba nu sok ngalungan duit ku > sapungan ka para sinden, menta lagu. Harita sindenna Nyi Icih jeung Nyi > Anah; kapake pisan; mani lung deui lung deui nu ngaralungan. > > > Waktu Gatotkacha kaluar; dorogdog kendang ngadorogdog; geeer nu keprok > jeung suit matak kaindit. Lagu pencana Pleredan, atuh teu eureun2 nu surak; > mani ting jarerit. Nu Jalma rada kaget, aya oge pamudana nu garelut; alatan > ti na pasesedek hayang nempo sinden pangdeukeutna; untung teu lila da > Kulisi Cihuni gancang datang jeung pasukanana, nu garelut dipisah; dibawa > ka sisi. > > > Lalakonna harita teh Parta Krama; kawinan Arjuna ka Sumbadra; atuh memang > rame pisan ieu carita teh; nepi ka subuh Jalma teu sare sakerejep2 acan. > Sanggeus waktuna shubuh, wayang can tamat, Jalma indit we sorangan shalat > shubuh. > > > Geus kitu mah teu balik deui, dug sek we sare. > > Hudang2 karasa geus beurang , terus we Jalma ka susukan, ngadon mandi; > geus tarapti, bius we neruskeun lalampahan. Teu sabaraha lila, Jalma geus > nepi ka Sukabumi. Jalan teh nanjak mudun, Jalma resep pisan nempo > pamandangan; ka ditu ka dieu awas. Sukabumi teh hiji dayeuh leutik, nu > lumayan gegek oge imahna; jeung kaciri aralus. Aya hiji dua, nu imahna > dijieun ti na beton; moal salah pasti jelema beunghar. > > > HANCA > > >
