Euweuh bewarana ka dieu.
Nyaho kitu mah, lamun keur salse rek kuring miluan.
ayeuna mah geus kaliwat he..he..he..
ke sugan kahareup lah.
On 02/01/2012 09:03 AM, Dudi Herlianto wrote:
http://majalah-balebat.blogspot.com/2012/01/gotongroyong-di-situs-cibalay.html
Teu kurang ti 200 urang milu aub dina acara gotongroyong di
sabudeureun situs Cibalay nu aya di Kampung Cibalay, Désa Tapos I,
Kecamatan Ténjolaya, Kabupatén Bogor poé Saptu (28/1) jeung Ahad
(29/1) kamari. Lolobana nu milu gotongroyong téh warga anu dumuk di
Désa Tapos I.
Dina kagiatan ieu, warga nu dibantu ku para /juru pelihara/ (jupel)
situs Cibalay, anggota pulisi, tangtara, katut hansip ngalébaran jalan
asup ka kawasan situs katut saluran drainasena sapanjang sakilométer.
Ogé ngababadan jukut jeung eurih nu geus jarangkung ngahalangan jalan.
Teu anéh mun dina acara beberesih ieu, katéwak ku warga sababaraha
oray. Oray pangbadagna nu beunang katéwak panjangna dua meter jeung
awakna sagedé bitis jalma sawawa. Oray-oray ieu teu dipaéhan, tatapi
dileupaskeun deui ka alam liar.
Situs Cibalay mangrupa salasahiji situs ti zaman megalitikum nu aya di
Kabupatén Bogor. Ayana di suku gunung Salak, tapina geus kaasup
kawasan Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS). Situs ieu legana
kurang leuwih sahéktar, jeung diperkirakeun titinggal ti mangsa 4.000
taun ka tukang.
Ahad pabeubeurang, saréngséna acara gotongroyong, diayakeun sawala
ngeunaan situs mégalitik Cibalay ieu. Sawala dieusi pedaran atawa
kamandang ti sesepuh urang Cibalay, ogé ti sababaraha urang budayawan
Bogor sarta pajabat nu pakait kana budaya jeung titinggal karuhun.
Wakil Bupati Bogor Karyawan Fathurahman salaku kokojo di acara ieu
dina pangjajapna ngajéntrékeun, kagiatan gotongroyong téh warisan
karuhun urang, kitu ogé situs Cibalay ieu, duanana geus sapantesna ku
urang kudu dijaga jeung dipiara. “Ngan omat, ulah pépénta ka batu!”
tandesna. (HMA/HD)
--
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com <http://paciringan.wordpress.com>
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk