Ti kamari tos hoyong ngaresensi  carpon “Lalakon Awon” anu dialungkeun di
milis urangsunda/kisunda. Kataji ku eusi carpon anu pinuh ku simbolisme/bahasa 
symbol.
Ari simbol tea pan salah sahiji pakakas komunikasi. Ayeuna di milis 
kisunda/urangsunda
aya deui carpon kang godi anu sejenna. Wah jadi numpuk yeuh bahan tuliskeuneun.
Tadina teu pati pirajeunan kana hasil karya Godi teh. Tapi
barang pendak di acara KIBS II, dimana macakeun hiji sajak karyana, “atas
permintaan” kang Mikihiro Moriyama, anu jadi salah sahiji “pembicara utama”
dina KIBS II, cih, geuning hebat oge, cara maca sajakna. “mengingatkan” atawa
memper-memper siga Sutardji Calzoum Bachri upama maca sajak. Atraktif, Irama 
jeung
intonasi macana naik turun, kadang-kadang nanjak terus, kadang aya idiom-idiom
anu unik, anu teu kagambarkeun dina tulisan. Hanjakalna, waktu KIBS II teh teu
aya kasempetan ngobrol.
 
Lalakon Awon, ceuk kuring mah hiji carpon anu pinuh ku simbol-simbol
anu sifatna universal. Awon, hiji kecap anu ngagambarkeun kagorengan, tapi
tokoh dina carpon eta,  Awon teh hiji
lalaki amu kurang saeundan (sakit jiwa) tapi lugu. Bakating ku luguna, nepi ka
daek “diperalat” ku jalma-jalam anu bejat/awon moralna. Dina carpon eta oge
digambarkeun/disombolkeun sora entog anu hos-hosan jeung oray anu sok “luar
leor” teu pararuguh. Dina ahir carita,  aya
tokoh orok, anak nyi Nenih, duka saha anu jadi bapana. Da aya tiluan atuh anu 
sok
ngaheroyan nyi Nenih. Naha make aya tokoh orok sagala, padahal pan sacara
teoritis, upama hiji awewe “dicampuran” ku sababaraha lalaki, moal jadi “anak”.
Sigana wae pangarang ngahaja “munculkeun” tokoh anak, simbol di tengah-tengah 
generasi
anu moralna bejad, aya generasi penerus anu masih suci bersih anu perlu diaping
dibimbing ku jalma anu lugu/lurus dina ningali kajembaran dunya ieu siga anu
disimbolkeun ku tokoh Awon.

Kumaha kaitanana Lalakon Awon ieu jeung kaayaan ayeuna?
Setingna lalakon Awon di hiji tempat desa anu jauh ti pakotaan. Tapi pan
kalakuan para tokohna bisa kajadian dimana wae. Baheula pan kungsi geunjleung
aya saurang Da’I anu ngalajur nafsu ka saurang pedangdut. Sok sanajan sang Da’I
“kekepehan” teu ngaku, tapi pan moal mungkin pedangdut eta ngobral kabohongan
sambarangan. Nya kitu deui minggu kamari diramekeun ku beja aya salah sahiji  
gegeden pulisi, anu ngancem ka kurut “cemcemanana”
pedah eta sang cemceman (pedangdut oge) anu “nyanyi” ngabeberkeun pangalamana
ka para wartawan. Di tingkat dunya, ayeuna diramekeun ku beja, ceuk cenah salah
sahiji Presiden Adidaya anu kasohor di jaman taun 1960 an, “orayna” sok luar
leor ka salah sahiji staf pagawena. Hiji deui “lalakon Awon” anu kabuki.
Padahal tadina mangpuluh-puluh taun ditutupan. Teuing, engke saha deui anu rek
jadi “lalakon Awon”.
 
mrachmatrawyani

Kirim email ke