Punten ngiring "ngalangkung" bilih aya nu peryogi.

Teman-teman;
Mencari kerja dewasa ini tidaklah mudah, meskipun demikian mungkin ada saudara, 
teman, sahabat, yang dapat Anda berikan rekomendasi atau di referensikan kepada 
saya untuk kesempatan:
1. Area Sas Manager di Palembang, Jakarta,Bandung, Semarang dan Surabaya
    (Min. S.1, 28-38 th, pengalaman di Cons.Goods min. 2 th
2. Area Sales Supervisor di Medan, Pekanbaru, Padang, Bandarlampung, Jakarta, 
    Tasikmalaya, Cirebon, Tegal, Yogyakarta, Malang, Kediri, Jember, Denpasar, 
    Pontianak, Banjarmasin, Makasar
    (Min. D.3 - S.1, 25-35th, pengalaman di Cons. Goods min. 2 th).
Kirim saja ke [email protected].
Terima kasih atas bantuannya 


Baktos,

Mrachmatrawyani
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 7 Feb 2012 18:09:34 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: Ki Sunda<[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Simbolisme Lalakon Awon

Tah hade Kang Yani, diresensi, ngarah aya alternatif padungdengan.
Disagigireun diskusi teologi nu teu rampung-rampung, urang euyeuban ku
bahan bacaan sejen. Ke sacara bertahap ku uing diposting hiji-hiji. Da uing
geus menta idin ka pangarangna.

2012/2/7 MRachmat Rawyani <[email protected]>

> **
>
>
> Ti kamari tos hoyong ngaresensi  carpon “Lalakon Awon” anu dialungkeun di
> milis urangsunda/kisunda. Kataji ku eusi carpon anu pinuh ku
> simbolisme/bahasa symbol. Ari simbol tea pan salah sahiji pakakas
> komunikasi. Ayeuna di milis kisunda/urangsunda aya deui carpon kang godi
> anu sejenna. Wah jadi numpuk yeuh bahan tuliskeuneun.
> Tadina teu pati pirajeunan kana hasil karya Godi teh. Tapi barang pendak
> di acara KIBS II, dimana macakeun hiji sajak karyana, “atas permintaan”
> kang Mikihiro Moriyama, anu jadi salah sahiji “pembicara utama” dina KIBS
> II, cih, geuning hebat oge, cara maca sajakna. “mengingatkan” atawa
> memper-memper siga Sutardji Calzoum Bachri upama maca sajak. Atraktif,
> Irama jeung intonasi macana naik turun, kadang-kadang nanjak terus, kadang
> aya idiom-idiom anu unik, anu teu kagambarkeun dina tulisan. Hanjakalna,
> waktu KIBS II teh teu aya kasempetan ngobrol.
>
> Lalakon Awon, ceuk kuring mah hiji carpon anu pinuh ku simbol-simbol anu
> sifatna universal. Awon, hiji kecap anu ngagambarkeun kagorengan, tapi
> tokoh dina carpon eta,  Awon teh hiji lalaki amu kurang saeundan (sakit
> jiwa) tapi lugu. Bakating ku luguna, nepi ka daek “diperalat” ku
> jalma-jalam anu bejat/awon moralna. Dina carpon eta oge
> digambarkeun/disombolkeun sora entog anu hos-hosan jeung oray anu sok “luar
> leor” teu pararuguh. Dina ahir carita,  aya tokoh orok, anak nyi Nenih,
> duka saha anu jadi bapana. Da aya tiluan atuh anu sok ngaheroyan nyi Nenih.
> Naha make aya tokoh orok sagala, padahal pan sacara teoritis, upama hiji
> awewe “dicampuran” ku sababaraha lalaki, moal jadi “anak”. Sigana wae
> pangarang ngahaja “munculkeun” tokoh anak, simbol di tengah-tengah generasi
> anu moralna bejad, aya generasi penerus anu masih suci bersih anu perlu
> diaping dibimbing ku jalma anu lugu/lurus dina ningali kajembaran dunya ieu
> siga anu disimbolkeun ku tokoh Awon.
>
> Kumaha kaitanana Lalakon Awon ieu jeung kaayaan ayeuna? Setingna lalakon
> Awon di hiji tempat desa anu jauh ti pakotaan. Tapi pan kalakuan para
> tokohna bisa kajadian dimana wae. Baheula pan kungsi geunjleung aya saurang
> Da’I anu ngalajur nafsu ka saurang pedangdut. Sok sanajan sang Da’I
> “kekepehan” teu ngaku, tapi pan moal mungkin pedangdut eta ngobral
> kabohongan sambarangan. Nya kitu deui minggu kamari diramekeun ku beja aya
> salah sahiji  gegeden pulisi, anu ngancem ka kurut “cemcemanana” pedah
> eta sang cemceman (pedangdut oge) anu “nyanyi” ngabeberkeun pangalamana ka
> para wartawan. Di tingkat dunya, ayeuna diramekeun ku beja, ceuk cenah
> salah sahiji Presiden Adidaya anu kasohor di jaman taun 1960 an, “orayna”
> sok luar leor ka salah sahiji staf pagawena. Hiji deui “lalakon Awon” anu
> kabuki. Padahal tadina mangpuluh-puluh taun ditutupan. Teuing, engke saha
> deui anu rek jadi “lalakon Awon”.
>
> mrachmatrawyani
>
>  
>

Kirim email ke