Tah ieu bewara alus. Ah uing rek diajar nuli dina basa uing ah.
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> tadi enjing teh pendak sareng kang Agus Aris Munandar, Prof.Dr. waktos acara
> rapat Senat Akademik Universitas.
> Ngobrol perkara seminar di Bali Minggu kalangkung anu dihadiran ku
> Openheimer, anu nalungtik Atlantis/Sundaland. Ceuk cenah juragan Heimer teh
> nuju milarian rekanan paguron di Indonesia pikeun gawe bareng nalungtik
> Atlantis. Eta oge tos ngajak salah sahiji paguron luhur di Kedah Malaysia.
> Tapi asa teu afdol upama teu aya paguron luhur di Indonesia anu dilibetkeun.
>
> Perkara gunung Sadahurip sareng Gunung Padang, para ahli arkeologi tos
> mufakat perkara Gunung Padang. Di dinya mah mung aya punden berundak.
> Kapungkur mah aya opatwelas, tapi ayeuna mung kantun genep. Di Sadahurip,
> teu aya pendapat ti para arkeolog naha aya piramid atanapai heunteu. Sapertos
> anu tos dijentrekeun ku Mang Jamal, jaman masih aya Juragan K.F. Hoelle
> keneh, teu aya raratan piramid di Gunung Sadahurip. Kang Agus oge malihan mah
> diajak ku rektor UI, jalan-jalan ka Sadahurip Garut. Kuring diajak kang Agus,
> sangkan tiasa ngadokumentasikeun kaayaan di Sadahurip. Duka iraha tah, Rektor
> UI na oge masih paciweuh ku padamelan.
>
> Tina obrolan eta, bras ngobrolkeun kang Adit ti perpustkaan Pusat anu
> laporan perkara Prasasti Kawali. aya sababaraha vesi terjemahan prasasti
> Kawali. Tapi ari Saur Kang Agus mah, terjemahan mang Hasan Djafar anu paling
> valid mah. Margi anjeunna kaetang senior sareng "mumpuni" dina perkara maca
> prasasti.
> Teras obrolan teh bras ka Cupumanik (kang Atep). Kang Agus gaduh ide
> ngayakeun seminar perkara Prabu Siliwangi anu engkena diserat di majalah
> Cupumanik.
> Kang Agus Nitenan kunaon para ahli kasundaan "males" nyerat di media anu
> "berbahasa" daerah, margi pihak Depdikbud heunteu ngalebetkeun artikel dina
> basa daerah janten "kum" pikeun penilaian kaaktifan hiji dosen. Tapi ku
> ayana aturan ti Depdikbud, skripsi/tesis/disertasi kedah dipublikasikeun di
> jurnal ilmiah taun ieu oge, sigana ieu teh hiji kasempetan pikeun media anu
> berbahasa daerah janten tempat pikeun ngapublikasikeun
> skripsi/tesis/disertasi. Margi jurnal ilmiah dina basa Indonesia oge masih
> terbatas. kabayang ngantrina para calon Sarjana/pascasarjana anu hoyong
> artikelna dimuat di jurnal ilmiah. Ku kituna, ieu teh hiji kasempetan pikeun
> media anu berbahasa daerah pikeun nampung tulisan skripsi/tesis. Media basa
> daerah eta kantun diaudit atanapi diakreditasi supaya tiasa lebet kategori
> jurnal ilmiah.
> Bayangkeun wae, aya sabaraha rebu mahasiswa sa Indonesia, anu ngantri supaya
> skripsina tiasa dimuat di jurnal ilmiah. Malihan mah aya nu ngusulkeun
> sangkan media online siga kisunda/urangsunda janten tempat dimuatna hasil
> karya ilmiah mahasiswa. Paling heunteu pan, publikasi di media online dibaca
> sareng terjangkau ku khalayak pembaca anu luas. Masalahna media basa daerah
> atawa media online, aya heunteu editor khusus anu nyeleksi dina widang
> kailmiahanana?
>
> baktos,
>
> mrachamtrawyani
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/