Tah ieu bewara alus. Ah uing rek diajar nulis dina basa Sunda ah.
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > > tadi enjing teh pendak sareng kang Agus Aris Munandar, Prof.Dr. waktos acara > rapat Senat Akademik Universitas. > Ngobrol perkara seminar di Bali Minggu kalangkung anu dihadiran ku > Openheimer, anu nalungtik Atlantis/Sundaland. Ceuk cenah juragan Heimer teh > nuju milarian rekanan paguron di Indonesia pikeun gawe bareng nalungtik > Atlantis. Eta oge tos ngajak salah sahiji paguron luhur di Kedah Malaysia. > Tapi asa teu afdol upama teu aya paguron luhur di Indonesia anu dilibetkeun. > > Perkara gunung Sadahurip sareng Gunung Padang, para ahli arkeologi tos > mufakat perkara Gunung Padang. Di dinya mah mung aya punden berundak. > Kapungkur mah aya opatwelas, tapi ayeuna mung kantun genep. Di Sadahurip, > teu aya pendapat ti para arkeolog naha aya piramid atanapai heunteu. Sapertos > anu tos dijentrekeun ku Mang Jamal, jaman masih aya Juragan K.F. Hoelle > keneh, teu aya raratan piramid di Gunung Sadahurip. Kang Agus oge malihan mah > diajak ku rektor UI, jalan-jalan ka Sadahurip Garut. Kuring diajak kang Agus, > sangkan tiasa ngadokumentasikeun kaayaan di Sadahurip. Duka iraha tah, Rektor > UI na oge masih paciweuh ku padamelan. > > Tina obrolan eta, bras ngobrolkeun kang Adit ti perpustkaan Pusat anu > laporan perkara Prasasti Kawali. aya sababaraha vesi terjemahan prasasti > Kawali. Tapi ari Saur Kang Agus mah, terjemahan mang Hasan Djafar anu paling > valid mah. Margi anjeunna kaetang senior sareng "mumpuni" dina perkara maca > prasasti. > Teras obrolan teh bras ka Cupumanik (kang Atep). Kang Agus gaduh ide > ngayakeun seminar perkara Prabu Siliwangi anu engkena diserat di majalah > Cupumanik. > Kang Agus Nitenan kunaon para ahli kasundaan "males" nyerat di media anu > "berbahasa" daerah, margi pihak Depdikbud heunteu ngalebetkeun artikel dina > basa daerah janten "kum" pikeun penilaian kaaktifan hiji dosen. Tapi ku > ayana aturan ti Depdikbud, skripsi/tesis/disertasi kedah dipublikasikeun di > jurnal ilmiah taun ieu oge, sigana ieu teh hiji kasempetan pikeun media anu > berbahasa daerah janten tempat pikeun ngapublikasikeun > skripsi/tesis/disertasi. Margi jurnal ilmiah dina basa Indonesia oge masih > terbatas. kabayang ngantrina para calon Sarjana/pascasarjana anu hoyong > artikelna dimuat di jurnal ilmiah. Ku kituna, ieu teh hiji kasempetan pikeun > media anu berbahasa daerah pikeun nampung tulisan skripsi/tesis. Media basa > daerah eta kantun diaudit atanapi diakreditasi supaya tiasa lebet kategori > jurnal ilmiah. > Bayangkeun wae, aya sabaraha rebu mahasiswa sa Indonesia, anu ngantri supaya > skripsina tiasa dimuat di jurnal ilmiah. Malihan mah aya nu ngusulkeun > sangkan media online siga kisunda/urangsunda janten tempat dimuatna hasil > karya ilmiah mahasiswa. Paling heunteu pan, publikasi di media online dibaca > sareng terjangkau ku khalayak pembaca anu luas. Masalahna media basa daerah > atawa media online, aya heunteu editor khusus anu nyeleksi dina widang > kailmiahanana? > > baktos, > > mrachamtrawyani > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
