Tah rada koloteun yeuh ayeuna mah. Hahaha

2012/3/6 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Di na masalah nu "bener" ieu; kabeh sekte bakaal nganggap sektena nu
> paling bener.
> Ku sabaab kitu, tiap sekte hayang ngangajak batur supaya milu jadi anggota
> sektena;
> itu ieu teu boga rasa rumasa salah; sabab memang kabehanana oge bogal
> dalil sewang2an, nu hese dibere kasimpulanana.
>
> Samodel syi'ah jeung Sunnah, sigana mun diadu renyomkeun nepi ka maraot
> oge nu debatna, moal kapanggih, paling ge perang tea ! Bari jeung keukeuh
> kabeneranana teu kapanggih.
>
> Saenyana "bener" teu bisa ditangtukeun ku lobana nu nganut, teu bisa
> ditangtukeun kitu wae; da ari bener hakiki mah anging Allah tea. Komo atuh
> lamun ieu atawa eta "bener" teh dipakuat kaitkeun jeung politik. Wah tangtu
> beuki jauhna ti na bebeneran.
>
> Bener teh mun milu ka na falsafah Einstein mah kacida relativena.
> Ku sabab kitu, ulah boga rasa pangbenerna. Kudu boga rasa TOLERANSI, yen
> mungkin wae batur nu bener; ngan urang ayeuna yakin ka na sekte anu. Tah
> mun urang boga pikiran kitu, tangtu aman, Lantaran sakabeh jelema boga
> kayakinan sorangan2.
>
> Da aatuh jero2na mah ahirnaa masalah haliah dunya; masalah hayang boga nu
> implut pa loba2; ngarah reugreug yen nu dicekel teh "bener". Padahal maah
> sanajan mayoritas ge, ari masalah bener hakiki mah, can tangtu.
>
> Tapi ari cedk kuring maah, di sekte mana wae pek jalankeun kalawan ihlas;
> piceun atawa tinggalkeun hiji kalakuan nu teu pati jelas; jalankeun nu
> yakin sacaaraa UMUM ISLAM geus nangtukeun yen eta kalakuan nu BENER. Tah
> prak we jalankeun kalawan khusyu jeung IHLAS.
>
> Kumaha soal diskusi ? Ari eta  mah BEBAS, samangsa teu ngajadikeun
> pagetreng nepi ka mumusuhan.
>
> Da ari masalah beda paham, nepi ka paagetreng mah, tong boro masalah
> agama; sedeng masalah nyiar rezeki oge kapan, bisa wae dulur jadi MUSUH.
>
> Tah mun bisa mah ieu nu kudu dijaga teh. Mun enya mah urang teh kaaasup
> jelema TAQWA.
>
> Abbas Amien, EOR, 6 Maret 2012
>
>
>
>  
>

Kirim email ke