Ustadz Jalal, guru simkuring oge kantos ngabahas perkawis bahaya na paguntreng 
nu henteu make elmu sabab lain elmu nu klauar kalah nyarekan jeung ngagogoreng. 
Kusaba kitu guru simkuring ngagadamel buku DAHULUKAN AKHLAQ DI ATAS FIKIH, 
mayunkeun akhlak sae batan ikhtilaf. Keun bae ikhtilaf nu gaduh dalil2 masing2 
mah. Asal kuat bae dalilna. Ustad Jalal dugi kiwari teras bae merjuangkan 
gagasan dahulukan akhlak di atas dugi ngadamel forum Majelis Ukhuwah Sunnah 
Syiah Indonesia (MUHSIN) ngan hanjakal ti pihak Sunni ngan Dewan Masjid 
Indonesia nu ngarespon. Dugi kiwari mun diteungeutan ceramah atanapi kajian di 
masigit cakeut bumi Ustadz Jalal masih seputar ukuhwah. Malihan mah nuju dina 
seminar Maulid Nabi Saw nu dibahas teh persaudaraan Islam (ukhuwah 
islmiyah)--kira2 aya teu basa Sunda nu pantes keur istilah ukhuwah.
 

=>http://albanduni.wordpress.com =>http://ahmadsahidin.wordpress.com


________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 6 Maret 2012 19:13
Judul: [kisunda] Sekte Islam ngan hiji nu bener
 

  
Di na masalah nu "bener" ieu; kabeh sekte bakaal nganggap sektena nu paling 
bener.
Ku sabaab kitu, tiap sekte hayang ngangajak batur supaya milu jadi anggota 
sektena;
itu ieu teu boga rasa rumasa salah; sabab memang kabehanana oge bogal dalil 
sewang2an, nu hese dibere kasimpulanana.
 
Samodel syi'ah jeung Sunnah, sigana mun diadu renyomkeun nepi ka maraot oge nu 
debatna, moal kapanggih, paling ge perang tea ! Bari jeung keukeuh kabeneranana 
teu kapanggih.
 
Saenyana "bener" teu bisa ditangtukeun ku lobana nu nganut, teu bisa 
ditangtukeun kitu wae; da ari bener hakiki mah anging Allah tea. Komo atuh 
lamun ieu atawa eta "bener" teh dipakuat kaitkeun jeung politik. Wah tangtu 
beuki jauhna ti na bebeneran.
 
Bener teh mun milu ka na falsafah Einstein mah kacida relativena.
Ku sabab kitu, ulah boga rasa pangbenerna. Kudu boga rasa TOLERANSI, yen 
mungkin wae batur nu bener; ngan urang ayeuna yakin ka na sekte anu. Tah mun 
urang boga pikiran kitu, tangtu aman, Lantaran sakabeh jelema boga kayakinan 
sorangan2.
 
Da aatuh jero2na mah ahirnaa masalah haliah dunya; masalah hayang boga nu 
implut pa loba2; ngarah reugreug yen nu dicekel teh "bener". Padahal maah 
sanajan mayoritas ge, ari masalah bener hakiki mah, can tangtu.
 
Tapi ari cedk kuring maah, di sekte mana wae pek jalankeun kalawan ihlas; 
piceun atawa tinggalkeun hiji kalakuan nu teu pati jelas; jalankeun nu yakin 
sacaaraa UMUM ISLAM geus nangtukeun yen eta kalakuan nu BENER. Tah prak we 
jalankeun kalawan khusyu jeung IHLAS.
 
Kumaha soal diskusi ? Ari eta  mah BEBAS, samangsa teu ngajadikeun pagetreng 
nepi ka mumusuhan.
 
Da ari masalah beda paham, nepi ka paagetreng mah, tong boro masalah agama; 
sedeng masalah nyiar rezeki oge kapan, bisa wae dulur jadi MUSUH.
 
Tah mun bisa mah ieu nu kudu dijaga teh. Mun enya mah urang teh kaaasup jelema 
TAQWA.
 
Abbas Amien, EOR, 6 Maret 2012
 
  
 

Kirim email ke