Hade abah, nu nganggit "pendekar" Epon, eta pamadegan teh. Toleransi, ceuk sakaol, eta tingkat iman anu pangluhurna.
manar 2012/3/6 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Tah rada koloteun yeuh ayeuna mah. Hahaha > > > 2012/3/6 Abbas Amin <[email protected]> > >> ** >> >> >> Di na masalah nu "bener" ieu; kabeh sekte bakaal nganggap sektena nu >> paling bener. >> Ku sabaab kitu, tiap sekte hayang ngangajak batur supaya milu jadi >> anggota sektena; >> itu ieu teu boga rasa rumasa salah; sabab memang kabehanana oge bogal >> dalil sewang2an, nu hese dibere kasimpulanana. >> >> Samodel syi'ah jeung Sunnah, sigana mun diadu renyomkeun nepi ka maraot >> oge nu debatna, moal kapanggih, paling ge perang tea ! Bari jeung keukeuh >> kabeneranana teu kapanggih. >> >> Saenyana "bener" teu bisa ditangtukeun ku lobana nu nganut, teu bisa >> ditangtukeun kitu wae; da ari bener hakiki mah anging Allah tea. Komo atuh >> lamun ieu atawa eta "bener" teh dipakuat kaitkeun jeung politik. Wah tangtu >> beuki jauhna ti na bebeneran. >> >> Bener teh mun milu ka na falsafah Einstein mah kacida relativena. >> Ku sabab kitu, ulah boga rasa pangbenerna. Kudu boga rasa TOLERANSI, yen >> mungkin wae batur nu bener; ngan urang ayeuna yakin ka na sekte anu. Tah >> mun urang boga pikiran kitu, tangtu aman, Lantaran sakabeh jelema boga >> kayakinan sorangan2. >> >> Da aatuh jero2na mah ahirnaa masalah haliah dunya; masalah hayang boga nu >> implut pa loba2; ngarah reugreug yen nu dicekel teh "bener". Padahal maah >> sanajan mayoritas ge, ari masalah bener hakiki mah, can tangtu. >> >> Tapi ari cedk kuring maah, di sekte mana wae pek jalankeun kalawan ihlas; >> piceun atawa tinggalkeun hiji kalakuan nu teu pati jelas; jalankeun nu >> yakin sacaaraa UMUM ISLAM geus nangtukeun yen eta kalakuan nu BENER. Tah >> prak we jalankeun kalawan khusyu jeung IHLAS. >> >> Kumaha soal diskusi ? Ari eta mah BEBAS, samangsa teu ngajadikeun >> pagetreng nepi ka mumusuhan. >> >> Da ari masalah beda paham, nepi ka paagetreng mah, tong boro masalah >> agama; sedeng masalah nyiar rezeki oge kapan, bisa wae dulur jadi MUSUH. >> >> Tah mun bisa mah ieu nu kudu dijaga teh. Mun enya mah urang teh kaaasup >> jelema TAQWA. >> >> Abbas Amien, EOR, 6 Maret 2012 >> >> >> >> > >
