Dina waktu harita ki Jumsa mimpin 7 anak buahna, di sisi leuweung antara Cisurili Wanayasa; datang laporan yen bakal aya rombongan Kalde nu mawa barang2 nu loba oge; gancang we Ki Jumsa nancepkeun bandera leutik Maung Hideung; terus maranehnaa asup ka leuweung; bari nyieun posisi pikeun ngayakeun sergapan ka rombongan nu bakal ngaliwat. Ki Jumsa mikir nya poe ieu bakal mucekil yeuh cek hatena; da salila ieu mah, Maung Hideung ampir teu pernah gagal. Paling gagal teh, ku sabab sudagarna geus apal; jadi maranehna neundeun we duit 20 Gulden di na deukeut bandera; nya atuh teu diganggu; tah eta teh minangka gagalna; da ukur saeutik beubeunanganana. Tah lamun nu ayeuna cenah mah ti Cirebon, nu langka pisan ngalunta ka ieu daerah. Jadi tangtu meunang dirampas kabeh hartana atawa barang nu dibawana. Sanggeus nungguan sawatara lilana kadenge tikajauhan kedeprok sora kuda kadieukeun; Ki Jumsa waspada taki2 terus mere parentah supaya megatan, ari manehna ngintip we teu waka kaluar; kabeh para begal mesat bedogna bari ngajarega ngahalangan jalan. Teu kungsi lila jol we rombongan nu naek kuda, dituturkeun ku iring2an Kalde; nyata eta teh rombongan urang Cirebon tea. Maranehna geus nempo di hareup aya nu megat, tapi maranehna tetep we tenang, teu kaciri reuwas atawa sieun; reg we maranehna areureun hareupeun para begal nu maregat, tapi teu turun ti na kudana; malah Ki Abd Rauf nyentak :”Eh minggir maraneh sakabeh ! Kula menta jalan !” HANCA
