Fiksimini - 'Office Boy'
Ku Ki Hasan

Hanjat ka Satun kana Ferry ti Langkawi. Sajam ngangkleung mapay basisir
Siam kidul. Can ge nyisi badarat, rabul nu nawarkeun Baht. Kalacat ka
darmaga. Rengse urusan imigrasi, reureuh sakeudeung. Mukaan peta, nyoreang
pilampaheun. Gidig muru tempat Informasi,  neangan angkutan.

Sapanjang jalan ka Hat-Yai dina Vans asa jadi buta tuli. Aksara, soara,
ngagebleg ngabegegan. Pituduh jalan rumingkel nyacing. Anjog ka lawang
kota, karek getihan deui. Bruh-breh, bisa maca, bisa nyoara. Ngung-ngeng
dedengean. Papan hideng nunuduh jalan. Nu  pireu alewoh deui.

Anjog ka Hat-Yai, tengah poe. Koloyong neangan restoran Malayu. Manggih di
peuntaseun jalan. Tatanya neangan hotel, keur reureuh meuting. Ret kana
erloji, sore keneh. Geuwat turun, rek ngalanglang puseur kota. Muter
mapayan pasar, mipiran sisi toko, ngarondaan super-market.

Wanci nyedek ka tengah peuting. Tuur leklok, balas ngaprak nguriling
dayeuh. Gidig balik. Anjog ka hotel, Office Boy ngudag kana panto lift.
"Pa, nyalira?" "Enya!" "Ludeung kitu, Pa?" "Kumaha?!" "Bilih peryogi
rencang keueung?!"

Kirim email ke