Upami carios dihandap siga kitu, eleh sadaya tah urang Cirebon teh. Duka upama dikoroyok mah, naha Jalma masih sanggup ngelehkeun? Kedah aya bantuan ti Nyi Epon., atawa ti Ki Nurustunjung.
Upama urang Cirebon eta eleh, sigana sadaya barang cacandakan urang Cirebon teh kedah jadi harta "rampasan perang" pikeun Jalma. Ki Gofar kedah ngawangun masigit sakumaha jangjina. Jalma nyandak "harta rampasan" eta keur Nyi Ipah, atawa dibagi-bagikeun keur urang Wanayasa. Upami nyandak katerangan Bah AA jalan caritana panjang, prediksi kuring di luhur moal kabuktian. Bisa jadi Jalma tatu parah pisan sabada ngalawan jagoan ti Cirebon. Ngan bisa diubaran ku dokter urang Walanda. Berarti Jalma bakal jauh ti urang Wanayasa jeung Nyi Ipah. mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Wednesday, March 14, 2012 6:36 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 105 Ki abd Rauf, nempo sikep Jalma kitu lain atoh, jeung buru2 nyerang, malah nyureng; Wah ieu si Jalma enya lain sisiwo; manehna teu masang kuda2 lain hartina “kosong”; manehna siga cicing, ieu teh “perangkap/pitapak” keur aing; deuh mun aing gagabah cara Ki Garniwa jeung Ki Seca, moal teu ngajungkel oge; ayeuna aing geus maju, jeung Kang Mas Gofar percaya pisan; aduh kumaha yeuh; hese neangan kalemahanana; mun aing deukeut teuing; aing teu nyaho ka mana eta si Jalma bakal nyerangna ? Mangkaning manehna sakitu kesitna ? Can puguh aing bisa nakis serangan dadakanana. KITU PIKIRAN Abd Rauf sajeroning lalaunan maju ka hareupeun Jalma. Sanggeus aya 2 meter deui antarana; Ki Rauf teu maju deui; malah terus ngomong ka Jalma:”Eh Jalma………… Aduh !” Ki Abd Rauf nyangka, yen Jalma bakal leungit konsentrasina lamun diajak ngobrol; tapi Jalma nu memang cerdas geus miheulaan manten; ngan sakilat geus nyerang waktu Ki abdul Rauf mangap rek ngomong; tapi Jalma ge teu bisa sakali serang hasil; nepi ka tilu kali; ahirna Ki Rauf ka keunaan cangkengna, manehna kokoloyongan. Tapi kabeh gerakanana nu dicaritakeun, dilaksanakeunana mah ngan sakilat sakilat. HANCA
