Ki abd Rauf,
nempo sikep Jalma kitu lain atoh, jeung buru2 nyerang, malah nyureng; Wah ieu
si Jalma enya lain sisiwo; manehna teu masang kuda2 lain hartina “kosong”;  
manehna siga cicing, ieu teh “perangkap/pitapak”
keur aing; deuh mun aing gagabah cara Ki Garniwa jeung Ki Seca, moal teu 
ngajungkel
oge; ayeuna aing geus maju, jeung Kang Mas Gofar percaya pisan; aduh kumaha
yeuh; hese neangan kalemahanana; mun aing deukeut teuing; aing teu nyaho ka
mana eta si Jalma bakal nyerangna ? Mangkaning manehna sakitu kesitna ? Can
puguh aing bisa nakis serangan dadakanana. KITU PIKIRAN Abd Rauf sajeroning
lalaunan maju ka hareupeun Jalma. 


Sanggeus aya
2 meter deui antarana; Ki Rauf teu maju deui; malah terus ngomong ka Jalma:”Eh
Jalma………… Aduh !” 

Ki Abd Rauf
nyangka, yen Jalma bakal leungit konsentrasina lamun diajak ngobrol; tapi Jalma
nu memang cerdas geus miheulaan manten; ngan sakilat geus nyerang waktu Ki abdul
Rauf mangap rek ngomong; tapi Jalma ge teu bisa sakali serang hasil; nepi ka
tilu kali; ahirna Ki Rauf ka keunaan cangkengna, manehna kokoloyongan. Tapi
kabeh gerakanana nu dicaritakeun, dilaksanakeunana mah ngan sakilat sakilat.
HANCA
 

Kirim email ke