Hahahaha, rada sae oge tah prediksi teh.
Ngan masalah Nyi Epon kumaha bisa ngabantuna ? Kapan nuju masantren; teu hir 
teu walahir ka na urusan Jalma; sarengna deui; atah keneh atuh teu acan sataun2 
acan kapan. Paling 10 sasihan tah Nyi Epon mah.




--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> Upami carios dihandap siga kitu, eleh sadaya tah urang Cirebon teh. Duka 
> upama dikoroyok mah, naha Jalma masih sanggup ngelehkeun? Kedah aya bantuan 
> ti Nyi Epon., atawa ti Ki Nurustunjung.
> 
> Upama urang Cirebon eta eleh, sigana sadaya barang cacandakan urang Cirebon 
> teh kedah jadi harta "rampasan perang" pikeun Jalma. Ki Gofar kedah ngawangun 
> masigit sakumaha jangjina.
> 
> Jalma nyandak "harta rampasan" eta keur Nyi Ipah, atawa dibagi-bagikeun keur 
> urang Wanayasa.
> 
> Upami nyandak katerangan Bah AA jalan caritana panjang, prediksi kuring di 
> luhur moal kabuktian. 
> 
> Bisa jadi Jalma tatu parah pisan sabada ngalawan jagoan ti Cirebon. Ngan bisa 
> diubaran ku dokter urang Walanda. Berarti Jalma bakal jauh ti urang Wanayasa 
> jeung Nyi Ipah.
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Sent: Wednesday, March 14, 2012 6:36 PM
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 105
>  
> 
>   
> Ki abd Rauf,
> nempo sikep Jalma kitu lain atoh, jeung buru2 nyerang, malah nyureng; Wah ieu
> si Jalma enya lain sisiwo; manehna teu masang kuda2 lain hartina 
> “kosong”;  manehna siga cicing, ieu teh “perangkap/pitapak”
> keur aing; deuh mun aing gagabah cara Ki Garniwa jeung Ki Seca, moal teu 
> ngajungkel
> oge; ayeuna aing geus maju, jeung Kang Mas Gofar percaya pisan; aduh kumaha
> yeuh; hese neangan kalemahanana; mun aing deukeut teuing; aing teu nyaho ka
> mana eta si Jalma bakal nyerangna ? Mangkaning manehna sakitu kesitna ? Can
> puguh aing bisa nakis serangan dadakanana. KITU PIKIRAN Abd Rauf sajeroning
> lalaunan maju ka hareupeun Jalma.
> 
> Sanggeus aya
> 2 meter deui antarana; Ki Rauf teu maju deui; malah terus ngomong ka 
> Jalma:”Eh
> Jalma………… Aduh !”
> Ki Abd Rauf
> nyangka, yen Jalma bakal leungit konsentrasina lamun diajak ngobrol; tapi 
> Jalma
> nu memang cerdas geus miheulaan manten; ngan sakilat geus nyerang waktu Ki 
> abdul
> Rauf mangap rek ngomong; tapi Jalma ge teu bisa sakali serang hasil; nepi ka
> tilu kali; ahirna Ki Rauf ka keunaan cangkengna, manehna kokoloyongan. Tapi
> kabeh gerakanana nu dicaritakeun, dilaksanakeunana mah ngan sakilat sakilat.
> 
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke