“Hahahaha !
Ki Abd Gofar kadenge ngagakgak; hanjakal ieu budak ngora nu bakal jadi wadal 
tiheula;
padahal Kangjeng Romo wanti2 pisan kudu digunakeunana ka Musuh Bubuyutan Romo;
nya eta Ki Nurustunjung ! Tapi teu nanaon, ieu budak bisa dipake latihan. Alus
pisan. “ 


Ngadenge
omongan abd. Gofar kitu; nyel wae Jalma nafsu; ayeuna mah manehna geus teu
mikir deui; lantaran nyaho eta teh salah sahiji musuh gerot Guruna; jadi
manehna ayeuna mah aya sumanget pikeun tarung ulah nepi ka eleh. 


Bari
ngalawan, Jalma merhatikeun pisan posisi2 nu dicekel ku tiap2 lawanna; manehna
ayeuna sadar yen satiap nyerang nu hiji; nu sejen ngabantu ku tanaga jero; tapi
ku sabab make posisi bintang; maranehna meureun geus ngalatih kalawan padu
pisan; tanagana bakal gede pisan; paingan aing kadesek mundur terus; kitu
pikiran Jalma; Jalma bari ngalawan bari mikir yen lamun saurang we ngajungkel
tangtu ieu barisan bakal buyar ! Tapi kumaha da hese geuning; nu mana wae lamun
diserang; tangtu silih bela; wah enyaan ieu barisan teh hebat pisan. Tapi aing
lain ge murid KI Nurustunjung mun eleh ku nu kieu wae mah; entong eleh siah
Jalma. 


Ti guruna
Jalma geus diajar Ilmu gelap Ngampar; eta elmu teh can ngajaran digunakeun ka
saha wae oge; tah ayeuna aing rek ngagunakeun elmu eta. 


Gelap
Ngampar teh saenyana mah nyorowok atawa nyentak nu tarik; nepi ka musuh
konsentrasina buyar ! Mun geus buyar mah tinggal ninggang salah sahiji, tangtu
ieu barisan aneh teh bakal cambal; nya sanggeus gilig manehna konsentrasi; bari
nakisan pangambreg musuh; manehna terus luncat bari nyorowok :” Ciaaaat !”
HANCA
 

Kirim email ke