Enya we
musuh karaget; areureun; ngan sakeudeung eta kajadian teh; tapi sakeudeung eta
cukup keur Jalma ngagebug Ki Seca nepi ka ngaJungkiringna.
Geus kitu
Jalma najong Ki Garniwa satakerna nepi ka totolonjongan; abd Rauf jeung Abd
Gofar
harita keneh nyerang ka Jalma; Jalma ngahaja luncat ka hareup nurutkeun eta
gebugan; nya atuh Jalma ge kabanting ti gugulitik. Tapi gancang hudang deui
terus nyerang deui ka Abd Gofar nepi ka manehna oge tigugulitik; terus wae diuk
lantaran ti na sungutna kaluar getih.
Nempo kitu
Abd Rauf mani hookeun; tapi terus we brek deku :”Duh Pendekar; Kaula limaan
nyerah, moal wani deui ngalawan; nyata sampeyan teh hebat pisan; teu disangka
ku Kaula. Hampura Kula geus wani2 ka Andika; nu nyata Pendekar hebat. Mun
diidinan Kula rek balik ayeuna keneh ka Cirebon.”
Jalma melong
we ka Abd Rauf, unggeuk saeutik; atuh biur wae limaanana kalabur naek kuda;
kaldena mah cul wae ditinggalkeun. Maranehna gesat gesut lantaran rek ngubaran
“luka dalam”.
Hanca