H. Syarif
sababaraha kali istighfar, wah lamun ieu teh memang lakuna jelema jarahat, aya
naon nya ? Naon maksudna ? Naon hargana Nyi Ipah diculik ? Piraku ari ngan ukur
rek ngarogahala wungkul mah ? Asa pamohalan. 

Terus we Aj.
Salim ngutus Ki Somad naek Delman nuju ka Leuwiseeng, ngabejaan Jalma. 

Urang catur
deui Nyi Epon, barang geus carangcang tihang, kaciri di hareup aya opat kuda
jeung hiji padati nu eureun; wah moal salah eta tah nu nyulik teh; pakean opat
jelema jeung kusir padati sarua harideung, tapi ayeuna mah teu marake berego;
terus we Nyi Epon gagancangan nuju ka na tempat eta. Barang nepi manehna nanya
padati teh naon eusina. 

Nu limaan
nempo Nyi Epon ngora keneh pisan karageteun; sakieu ngorana geus wani nyusul
jeung nyusud padati jeung opat kuda; terus nu saurang ngajawab :”Biasa jarami.” 

Nyi Epon
nanya deui :”Meunang kuring nempo ?” 

“Nya pek
wae.” Bari ketus. 

Tapi barang
ditempoan, teu kaciri aya jelemaan, atawa aya urut diuk jelema; terus we Nyi
Epon nyentak:”Heh, maraneh dikamanakeun Nyi Ipah ku arilaing ?” 

“Hahaha !
Nyi Ipah ? Saha Nyi Ipah teh ?” tembal nu limaan. 

“Ah tong
api2 ! arilaing pan anu geus mawa Nyi Ipah ? Kamana ayeuna ?” 

Nyi Epon
ngadesek. 

“Hahahaha;
heh budak awewe ! Geus bosen hirup nya maneh ? Teu puguh2 nuduh ka kami ! Kami
mah jelema biasa lain culik ? Maneh boga bukti henteu ?” 

Rada
ngahuleng, Nyi Epon, manehna bingung , naha ieu padati nu dituturkeun tadi lain
? Naha ayeuna geus euweuh eusian deui ? Bari mikir manehna ulak ilik ka
jajalanan; katempo jalan anu terus ka kalerkeun aya oge tapak roda padati; wah
sigana ieu para culik teh, ngahaja nyieun pitapak di dieu , ku pakean jeung
padati nu sarua; sedeng nu aya Nyi Ipahan terus dibawa. Lamun kitu aing kudu
buru2 ngudag nu itu. Kitu pikir Nyi Epon nu memang bisa mikir jauh. Terus we
Nyi Epon rek indit deui nyusul tapak roda padati. Tapi teu kanyahoan nu limaan
geus mesat peso mani sareukeut ngancam jeung ngahalang jalan Nyi Epon. 

Nyi Epon
enya ge masih ngora keneh pisan, jeung can loba pangalaman, tapi boga kawani
jeung “nekad” tea; katurug turug geus diajar silat; atuh lain sieun malah
ayeuna mah kaciri galak. 

“Eh arilaing
rek nyoba ngahalangan ? Lamun kitu rasakeun !” 

Ngan sakilat
sakilat Nyi Epon narajang ka nu limaan; nu limaan ngubat ngabit pesona ; tapi
memang gerakan Nyi Epon kesit pisan; tonjokan jeung tingganganana oge geus
mantep pisan; atuh nu limaan ting araduh keuna kagebug ku Nyi Epon; ahirna nu
limaan ngajurahroh , terus wae Nyi Epon lumpat deui nuturkeun tapak padati nu
ka kalerkeun. 

Waktu Carangcang
tihang, Nyi Epon nepi ka na hiji jalan cagak; nu ka kenca jeung ka katuhu;
duanana kacirina aya tapak roda padati; kamana yeuh aing nuturkeun? 

Pipikiran
Nyi Epon baluweng, lantaran teu nyaho kudu ka mana nuturkeun, sedeng ayeuna
bakal beurang; beuteung kukurubukan, ari nu dituturkeun teu jelas; tapi manehna
nyaho yen Nyi Ipah teh papacangan Jalma; jadi manehna kudu usaha supaya Jalma
ulah susah; dirina sorangan geus teu dipikirkeun, nu penting kumaha bisa
nyalametkeun NYi Ipah. 

Manehna
ahirna nuturkeun tapak nu ka katuhu; manehna nekad, mun tea mah salah; engke
balik deui rek nyusud nu ka kenca; manehna lumpat teu mikirkeun kacape; terus
we ngudag2 tapak padati; ahirna di hareupeun kaciri siga aya lembur, manehna
rada teger sahenteuna aya nu bisa ditanya. 

Tapi barang
nepi ka hiji pengkolan sisi leuweung manehna ngarandeg, lantaran nempo di
hareup aya welasan jelema marawa tongkat jeung tali; manehna waspada lantaran
bisa wae balad “culik” megat di dinya supaya manehna buntu laku. Tapi Nyi Epon
geus nekad kajeun teuing paeh di na bajoang, ti batan hirup bari mikirkeun
kasusah; nya terus we maju.HANCA
 

Kirim email ke