Hatur nuhun Bah AA. Mangga dilajengkeun deui. Baktos maman sms Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 16 Mar 2012 22:29:35 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 114 H. Syarif sababaraha kali istighfar, wah lamun ieu teh memang lakuna jelema jarahat, aya naon nya ? Naon maksudna ? Naon hargana Nyi Ipah diculik ? Piraku ari ngan ukur rek ngarogahala wungkul mah ? Asa pamohalan. Terus we Aj. Salim ngutus Ki Somad naek Delman nuju ka Leuwiseeng, ngabejaan Jalma. Urang catur deui Nyi Epon, barang geus carangcang tihang, kaciri di hareup aya opat kuda jeung hiji padati nu eureun; wah moal salah eta tah nu nyulik teh; pakean opat jelema jeung kusir padati sarua harideung, tapi ayeuna mah teu marake berego; terus we Nyi Epon gagancangan nuju ka na tempat eta. Barang nepi manehna nanya padati teh naon eusina. Nu limaan nempo Nyi Epon ngora keneh pisan karageteun; sakieu ngorana geus wani nyusul jeung nyusud padati jeung opat kuda; terus nu saurang ngajawab :”Biasa jarami.” Nyi Epon nanya deui :”Meunang kuring nempo ?” “Nya pek wae.” Bari ketus. Tapi barang ditempoan, teu kaciri aya jelemaan, atawa aya urut diuk jelema; terus we Nyi Epon nyentak:”Heh, maraneh dikamanakeun Nyi Ipah ku arilaing ?” “Hahaha ! Nyi Ipah ? Saha Nyi Ipah teh ?” tembal nu limaan. “Ah tong api2 ! arilaing pan anu geus mawa Nyi Ipah ? Kamana ayeuna ?” Nyi Epon ngadesek. “Hahahaha; heh budak awewe ! Geus bosen hirup nya maneh ? Teu puguh2 nuduh ka kami ! Kami mah jelema biasa lain culik ? Maneh boga bukti henteu ?” Rada ngahuleng, Nyi Epon, manehna bingung , naha ieu padati nu dituturkeun tadi lain ? Naha ayeuna geus euweuh eusian deui ? Bari mikir manehna ulak ilik ka jajalanan; katempo jalan anu terus ka kalerkeun aya oge tapak roda padati; wah sigana ieu para culik teh, ngahaja nyieun pitapak di dieu , ku pakean jeung padati nu sarua; sedeng nu aya Nyi Ipahan terus dibawa. Lamun kitu aing kudu buru2 ngudag nu itu. Kitu pikir Nyi Epon nu memang bisa mikir jauh. Terus we Nyi Epon rek indit deui nyusul tapak roda padati. Tapi teu kanyahoan nu limaan geus mesat peso mani sareukeut ngancam jeung ngahalang jalan Nyi Epon. Nyi Epon enya ge masih ngora keneh pisan, jeung can loba pangalaman, tapi boga kawani jeung “nekad” tea; katurug turug geus diajar silat; atuh lain sieun malah ayeuna mah kaciri galak. “Eh arilaing rek nyoba ngahalangan ? Lamun kitu rasakeun !” Ngan sakilat sakilat Nyi Epon narajang ka nu limaan; nu limaan ngubat ngabit pesona ; tapi memang gerakan Nyi Epon kesit pisan; tonjokan jeung tingganganana oge geus mantep pisan; atuh nu limaan ting araduh keuna kagebug ku Nyi Epon; ahirna nu limaan ngajurahroh , terus wae Nyi Epon lumpat deui nuturkeun tapak padati nu ka kalerkeun. Waktu Carangcang tihang, Nyi Epon nepi ka na hiji jalan cagak; nu ka kenca jeung ka katuhu; duanana kacirina aya tapak roda padati; kamana yeuh aing nuturkeun? Pipikiran Nyi Epon baluweng, lantaran teu nyaho kudu ka mana nuturkeun, sedeng ayeuna bakal beurang; beuteung kukurubukan, ari nu dituturkeun teu jelas; tapi manehna nyaho yen Nyi Ipah teh papacangan Jalma; jadi manehna kudu usaha supaya Jalma ulah susah; dirina sorangan geus teu dipikirkeun, nu penting kumaha bisa nyalametkeun NYi Ipah. Manehna ahirna nuturkeun tapak nu ka katuhu; manehna nekad, mun tea mah salah; engke balik deui rek nyusud nu ka kenca; manehna lumpat teu mikirkeun kacape; terus we ngudag2 tapak padati; ahirna di hareupeun kaciri siga aya lembur, manehna rada teger sahenteuna aya nu bisa ditanya. Tapi barang nepi ka hiji pengkolan sisi leuweung manehna ngarandeg, lantaran nempo di hareup aya welasan jelema marawa tongkat jeung tali; manehna waspada lantaran bisa wae balad “culik” megat di dinya supaya manehna buntu laku. Tapi Nyi Epon geus nekad kajeun teuing paeh di na bajoang, ti batan hirup bari mikirkeun kasusah; nya terus we maju.HANCA
