Ngadepong...ngantosan hanca cersil ki AA hehhee Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 23 Mar 2012 06:35:27 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 132 “wah kumaha nu perang di luhur teh can anggeus wae kituh ? cek nu hiji. “Enya sigana, cenah mah nu ngagempur ka dieu teh ti Maung Hideung.” “Maung Hideung ? Jauh2 nanaonan ngamusuhan ka urang nya ?” “Nyao teuing atuh, ah asa ku tarunduh pisan nya?” “Enya, baturna ngabenerkeun.” Duanana ting kerelek heuay. Ati2 pisan Jalma nyampeurkeun eta nu duaan, ngan sakilat Jalma geus aya tukangeun maranehna , bari teu karasa pisan; atuh barang duanana digitik; teu loba rebut, bru we duanaana sarare siga tibra pisan. Terus Jalma mukaan kamar laleutik di dinya; aya opat kamar; tapi kabeh ge karosong. “Naha geuning euweuh nya ? Nyi Ipah jeung Nyi Epon teh ? Dikamanakeun atawa ditawan dimana ? Da asa euweuh deui tempat sejenna ? Tapi kacirina memang ieu Rajawali Bodas teh geus nyulik eta budak awewe dua; tapi sanggeus kitu, teu nyaho kumaha, tah ieu kudu ditanyakeun ka Ki Tanu; nu penting ayeuna kudu nalukkeun Ki Tanu. Lamun eta Nyi Ipah jeung Nyi Epon henteu nyampak di dieu ; aya alusna ayeuna urang duruk sakalian; ieu markas teh; da geus puguh eta dua sobat Jalma suwung euweuh di mana mana. Samemeh indit Jalma ti kajauhaan maledogkeun batu leutik pikeun ngabebaskeun nu duaan; mun henteu, engkena bakal paeh kapanggang bari teu daya teu upaya. Leos we kaluhur ka umpaak dua; terus neneangan bahan2 nu gampang kahuru ; der wae umpak tengah atawa umpak dua, ku manehna diduruk; sakeudeung ge seuneu ngabebela; nu dikuhur ribut; cenah seuneu geus gede pisan ayana ditingkat dua; atuh ribut hayang mareuman; ari Jalmaa gancang muka panto utama bari terus nyundutan ku seuneu. Atuh ayeuna mah anggota2 Rajawali Bodas panurisat, bari sasenjata senjatana; tarurun; ari Jalma gancaang mere komando serbu ! Ka Pasukan Maung Hideung; teu kudu ngaduakalian. Ki Darga saparakanca gancang nyerbu ngagempur para Anggota Rajawali Bodas nu kacida “panikna”/geumpeurna ku sabab seuneu di mana2 geus ngabebela; maranehna tarurun bari jeung nekad; atuh sakeudeung ge loba pisan pasukan Rajawali Bodas nu paragat disabetan ku bedog2 pasukan Maung Hideung. Encan deui aya nu moncrot polona ditinggang ku Ki Joyo Sembodo. Ki Tanu bari marehong, kaciri ambek pisan, laju nyentak :”Eh Ki Darga, hayu ayeuna mah urang tangtukeun saha antara urang nu leuwih jago ! naha Kaula atawa sampeyan ! Sok ulah wanina ngan ukur koroyokan.”HANCA
